PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwyp artikel 69
  • Naon Mangpaatna Ngadoa?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naon Mangpaatna Ngadoa?
  • Pananya Budak Ngora
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Naon doa téh?
  • Na Allah ngadangukeun doa urang?
  • Naon waé nu bisa urang doakeun?
  • Beuki Deukeut jeung Allah ku Cara Ngadoa
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Kurnia Mangrupa Doa
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
  • Hargaan Kurnia pikeun Ngadoa
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2022
Pananya Budak Ngora
ijwyp artikel 69
Saurang rumaja awéwé keur diuk di gigireun situ

PANANYA BUDAK NGORA

Naon Mangpaatna Ngadoa?

Ceuk hiji survéi, 80 persén budak ngora di Amerika osok ngadoa. Tapi ngan satengahna anu rutin ngadoa unggal poé. Sababaraha ti maranéhna mikir, ’Na doa téh ngan keur nenangkeun haté urang hungkul, atawa naon deui?’

  • Naon doa téh?

  • Na Allah ngadangukeun doa urang?

  • Naon waé nu bisa urang doakeun?

  • Ceuk babaturan anjeun

Naon doa téh?

Hiji-hijina cara komunikasi jeung Nu Nyipta téh nyaéta ku ngadoa. Pék bayangkeun! Yéhuwa téh jauh leuwih unggul tibatan manusa dina sagala hal. Najan kitu, ”Allah teh sayaktosna henteu jauh ti diri urang masing-masing.” (Rasul 17:27) Malah Alkitab méré ondangan nu luar biasa, ”Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui.”​—Yakobus 4:8.

Kumaha carana ngaraket ka Allah?

  • Anjeun bisa nyarita ka Allah ku cara ngadoa.

  • Anjeun ngadéngékeun Yéhuwa ”nyarita” ka anjeun ku cara diajar Alkitab.

Ngadoa jeung diajar Alkitab mangrupakeun cara pikeun ngajalin sarta nguatkeun sosobatan jeung Allah.

”Bisa nyarita ka Yéhuwa, Pribadi nu Mahakawasa, ieu téh hak istiméwa nu luar biasa keur manusa.”​—Jeremy.

”Nyaritakeun parasaan abdi nu pangjerona ka Yéhuwa liwat doa téh nyieun abdi leuwih raket ka Mantenna.”​—Miranda.

Na Allah ngadangukeun doa urang?

Sanajan anjeun percaya jeung ngadoa ka Allah, bisa jadi anjeun rada cangcaya mun Allah bakal ngadéngékeun doa anjeun. Tapi sabenerna, Alkitab méré nyaho yén Yéhuwa téh ”ngamakbul kana paneda.” (Jabur 65:3) Malah, Allah miharep supaya ’Sagala kasusah [urang] diunjukkeun ka Mantenna’. Ku naon? ”Sabab Mantenna anu ngurus aranjeun.”​—1 Petrus 5:7.

Pikeun dipikirkeun: Na anjeun rutin ngobrol jeung sobat anjeun? Anjeun gé perlu rutin ngobrol jeung Yéhuwa. Pék gunakeun nami-Na waktu ngadoa. (Jabur 86:​5-7; 88:10) Malah, Alkitab gé miharep anjeun ngadoa ”saban waktu.”​—1 Tésalonika 5:​17.

”Waktu ngadoa, asana téh abdi ngobrol duaan jeung Yéhuwa, Bapa abdi. Abdi jadi bisa ngabudalkeun sakabéh eusi haté.”​—Moises.

”Abdi bisa nyaritakeun hal-hal pribadi ka Yéhuwa, cara abdi nyarita ka indung atawa sobat dalit.”​—Karen.

Naon waé nu bisa urang doakeun?

Ceuk Alkitab, ”Naon bae pangabutuh, unjukkeun ka Allah saban neneda, suhunkeun bari hate tumarima.”​—Pilipi 4:6.

Na anjeun bisa nyaritakeun masalah dina doa? Bisa! Malah, ceuk Alkitab, ”Pasrahkeun kasusah maneh ka Allah, Mantenna tangtu ngaraksa.”​—Jabur 55:23.

Tapi waktu ngadoa, anjeun sakuduna teu ngan nyaritakeun masalah hungkul. Ceuk saurang budak ngora nu ngaranna Chantelle, ”Mun hayang nyobat jeung Yéhuwa, maenya abdi ngan ménta tulung hungkul waktu ngadoa. Abdi ngarasa nu sakuduna pangmimitina diucapkeun téh rasa sukur. Jaba aya loba pisan hal nu kudu disukurkeun.”

Pikeun dipikirkeun: Anjeun ngucap sukur kana naon waé? Dina poé ieu, anjeun bisa nganuhunkeun kana tilu hal naon waé ka Yéhuwa?

”Malah hal-hal saderhana, saperti éndahna kekembangan, bisa ngajurung urang pikeun ngucap sukur ka Yéhuwa.”​—Anita

”Pikirkeun ciciptaan nu éndah nu dipikaresep ku anjeun atawa ayat-ayat nu ngageuing haté, anjeun bisa nganuhunkeun kana hal-hal éta ka Yéhuwa.”​—Brian.

Ceuk babaturan anjeun

Moises

”Doa urang téh kudu siga lautan nu jero. Mémang, Yéhuwa téh hayang ngabantu urang. Malahan Mantenna nyaho naon nu dibutuhkeun ku urang saacan urang ménta. Tapi, urang gé kudu ngabuktikeun mun urang percaya ka Mantenna ku cara ngabudalkeun sakabéh eusi haté dina doa .”​—Moises.

Miranda

”Doa téh ibarat tali nu dicepeng ku abdi jeung Yéhuwa. Lamun abdi ngabudalkeun eusi haté, éta téh siga abdi beuki pageuh nyepeng éta tali, tuluy ku Yéhuwa talina ditarik. Waktu abdi ngarasakeun bantuan Yéhuwa, sosobatan abdi jeung Mantenna leuwih kuat.”​—Miranda.

Jeremy

“”Lamun teu ati-ati, bisa-bisa doa urang eusina ngan paménta hungkul. Tapi lamun rutin ngucap sukur ka Yéhuwa, urang jadi leuwih ngahargaan hal-hal nu geus ditarima jeung leuwih mikirkeun eusi doa urang, lainna mikirkeun diri sorangan wungkul.”​—Jeremy.

Shelby

”Beuki sering urang ngucap sukur ka Yéhuwa, beuki resep urang nganuhunkeun. Urang bakal leuwih mikirkeun berkah-berkah tibatan masalah urang.”​—Shelby.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun