Catetan Handap
b KATERANGAN TAMBAHAN: Spiritisme téh maksudna kapercayaan atawa kabiasaan nu aya patalina jeung roh-roh jahat. Ieu kaasup kapercayaan yén roh hiji jalma masih hirup kénéh sanajan awakna geus maot. Tuluy, roh éta bisa ngobrol jeung nu hirup hususna liwat dukun. Spiritisme ogé kaasup élmu sihir jeung élmu ramal. Dina ieu artikel, nu disebut sihir téh nyaéta kabiasaan nu aya patalina jeung élmu gaib atawa kakuatan supernatural. Ieu kaasup jampé-jampé pikeun ngutuk atawa nyinglar tina kutukan.