Catetan Handap
a Kiwari, loba hamba Yéhuwa boga masalah lantaran umurna beuki ngolotan. Aya ogé nu gering ripuh. Urang kabéh gé sakapeung sok ngarasa laleuleus. Jadi, lamun ngadéngé yén urang kudu milu balap lumpat, urang bisa ngarasa teu sanggup. Artikel ieu bakal ngabahas kumaha carana sangkan urang kabéh bisa terus lumpat jeung meunangkeun hadiah saperti nu disebutkeun ku Rasul Paulus.