Catetan Handap
a Urang téh hirup di dunya nu dikawasaan ku Sétan, si tukang bohong. Jadi, hésé pisan pikeun tetep aya dina jalan bebeneran. Urang Kristen nu hirup dina ahir abad kahiji M gé nyanghareupan tangtangan nu sarua. Pikeun mantuan maranéhna jeung urang, Yéhuwa ngilhamkeun Rasul Yohanes pikeun nulis tilu surat. Tina surat-surat éta, urang bakal ngarti naon waé tangtangan nu disanghareupan ku urang jeung cara nyanghareupanana.