Catetan Handap
a Mémang alus mun urang inget naon nu geus kajadian baheula. Tapi mun urang teterusan mikirkeun hal-hal nu geus liwat, palayanan urang ka Yéhuwa bisa kaganggu. Urang gé bisa mopohokeun jangji Yéhuwa ka hareupna. Artikel ieu bakal ngabahas tilu hal nu bisa jadi teterusan urang pikirkeun. Urang gé bakal ngabahas prinsip-prinsip Alkitab jeung pangalaman ti sadérék-sadérék. Éta bisa mantuan urang ngarah teu mikiran teuing hal-hal nu geus liwat.