Catetan Handap
a Na Sadérék pernah ngadéngé dulur saiman anu geus lila ngalayanan Yéhuwa ngomong, ’Asa teu nyangka, nepi ka abdi umur sakieu, dunya nu jahat ieu can diancurkeun kénéh waé’? Urang kabéh hayang Yéhuwa ngancurkeun dunya nu jahat ieu, komo deui ayeuna kaayaan téh beuki susah. Tapi, urang kudu sabar. Dina artikel ieu, urang bakal ningali sababaraha prinsip Alkitab nu bisa ngabantu urang sabar pikeun ngadagoan Yéhuwa nyieun tindakan. Urang gé bakal ngabahas dina dua kaayaan naon urang kudu sabar. Terus, urang bakal ngabahas berkah naon waé anu geus dijangjikeun ku Yéhuwa keur jalma-jalma anu daék ngadagoan Mantenna.