Yosua
6 Ari gerbang kota Yérikho ditutup rapet pisan lantaran jalma-jalma di dinya sarieuneun ka urang Israél. Euweuh nu bisa asup atawa kaluar ti dinya.+
2 Tuluy Yéhuwa ngucap kieu ka Yosua, ”Tuh, Kuring geus nyerahkeun Yérikho, rajana, jeung para prajuritna nu perkasa ka manéh.+ 3 Maranéh para prajurit kudu baris jeung ngurilingan éta kota sapoé sakuriling. Lampahkeun éta salila genep poé. 4 Tujuh imam kudu mawa tujuh tarompét tanduk* hareupeun peti perjangjian. Tapi dina poé katujuh, maranéh kudu baris sarta ngurilingan éta kota tujuh kali, jeung para imam kudu niup tarompétna.+ 5 Barang ngadéngé sora* tarompét, kabéh prajurit kudu ngagorowok sing tarik. Geus kitu, témbok éta kota bakal rugrug, rata jeung taneuh,+ terus para prajurit kudu asup nyerbu ka éta kota.”
6 Seug Yosua anak Nun ngageroan imam-imam jeung nitah kieu, ”Sok gotong peti perjangjian, tuluy tujuh imam kudu mawa masing-masing hiji tarompét tanduk hareupeun peti perjangjian Yéhuwa.”+ 7 Tuluy manéhna nitah para prajurit, ”Sok baris ngurilingan éta kota. Prajurit nu mawa senjata+ kudu leumpang hareupeun peti perjangjian Yéhuwa.” 8 Sakumaha paréntah Yosua, tujuh imam nu masing-masing mawa tarompét tanduk hareupeun Yéhuwa téh maju tuluy niup tarompétna, dituturkeun ku para imam nu ngagotong peti perjangjian Yéhuwa. 9 Pasukan nu mawa senjata leumpang hareupeun para imam nu niup tarompét tanduk, ari pasukan séjénna ngawal tukangeun peti perjangjian. Salila éta, tarompét terus ditiup.
10 Para prajurit gé geus diomat-omatan ku Yosua, ”Ulah aya nu ngagorowok. Maranéh kudu bener-bener jempé, ulah aya nu ngomong sakecap-kecap acan. Engké lamun ku urang dititah ngagorowok, kakara maranéh ngagorowok.” 11 Manéhna nitah supaya peti perjangjian Yéhuwa dibawa ngurilingan éta kota sakali. Geus kitu, maranéhna balik ka pakémahan jeung meuting di dinya.
12 Isukna, Yosua hudang isuk-isuk, tuluy para imam ngagotong peti perjangjian+ Yéhuwa. 13 Tujuh imam séjénna nu mawa tarompét tanduk leumpang hareupeun peti perjangjian Yéhuwa bari terus niup tarompétna. Pasukan nu mawa senjata leumpang panghareupna, ari pasukan séjénna mah ngawal tukangeun peti perjangjian Yéhuwa. Salila éta, tarompét terus ditiup. 14 Maranéhna baris jeung ngurilingan éta kota sakali dina poé nu kadua. Geus kitu, maranéhna balik ka pakémahan. Kitu baé terus nepi ka poé kagenep.+
15 Dina poé katujuh, maranéhna hudang isuk-isuk waktu panonpoé rék medal, tuluy maranéhna baris jeung ngurilingan éta kota tujuh kali ku cara nu sarua. Ngan dina poé éta maranéhna ngurilingan éta kota tujuh kali.+ 16 Waktu nguriling katujuh kalina, para imam niup tarompét tanduk. Geus kitu, Yosua nitah para prajurit, ”Sok ngagorowok,+ sabab Yéhuwa geus nyerahkeun ieu kota ka maranéh! 17 Ieu kota jeung sagala eusina kudu dimusnakeun.+ Éta kabéh milik Yéhuwa. Nu meunang hirup téh ngan Rahab+ palacur téa jeung saeusi imahna, lantaran manéhna geus nyumputkeun mata-mata urang.+ 18 Tapi, singkahan sagala nu kudu dimusnakeun,+ ngarah maranéh teu kabita tuluy nyokot.+ Lamun dicokot, musibat* bakal datang ka pakémahan Israél, tuluy maranéhna kudu dimusnakeun.+ 19 Ari sakabéh pérak, emas, sarta barang-barang tina tambaga jeung beusi mah suci keur Yéhuwa.+ Kabéhanana kudu dibawa ka tempat paranti nyimpen harta Yéhuwa.”+
20 Barang tarompét-tarompét tanduk ditiup, ger para prajurit ngagorowok tarik pisan.+ Bruk témbok kota téh rugrug, rata jeung taneuh.+ Burudul para prajurit nyerbu ka jero kota jeung ngarebut éta kota. 21 Saeusi kota, teu sual awéwé, lalaki, nu kolot, nu ngora, sapi, domba, jeung kaldé, kabéhanana diparaéhan ku pedang.+
22 Yosua nitah dua jalma nu jadi mata-mata téa, ”Jung indit ka imah éta palacur. Bawa kaluar manéhna jeung saeusi imahna, sakumaha sumpah maranéh ka manéhna.”+ 23 Bral dua mata-mata ngora téh arindit. Rahab dibawa kaluar bareng jeung bapana, indungna, dulur-dulur lalakina, jeung saeusi imahna.+ Kabéh kulawarga Rahab dibawa ka tempat nu aman di luar pakémahan Israél.
24 Geus kitu, éta kota jeung sagala eusina diduruk. Tapi pérak, emas, sarta barang-barang tina tambaga jeung beusi mah dibawa ka tempat paranti nyimpen harta di bumina Yéhuwa.+ 25 Nu teu dipaéhan ku Yosua téh ngan Rahab palacur téa, kulawarga bapana, jeung saeusi imahna.+ Manéhna cicing bareng jeung urang Israél nepi ka ayeuna,+ lantaran manéhna nyumputkeun mata-mata nu diutus ku Yosua ka Yérikho.+
26 Harita Yosua sumpah,* ”Saha waé nu nyoba-nyoba ngawangun deui kota Yérikho sing dikutuk hareupeun Yéhuwa. Anu nyieun pondasina bakal maot anak cikalna, ari anu masang panto-panto gerbangna bakal maot anak bungsuna.”+
27 Yéhuwa nyarengan Yosua,+ jeung ngaranna* jadi kasohor ka sakuliah bumi.+