Yosua
21 Para pamingpin kulawarga ti kaom Léwi ngadatangan Imam Éléazar,+ Yosua anak Nun, jeung para pamingpin kulawarga ti kaom Israél 2 di Syilo+ di tanah Kanaan. Maranéhna ngomong kieu, ”Ku perantaraan Musa, Yéhuwa geus maréntahkeun sangkan urang dibéré kota-kota keur dicicingan sarta tegalan keur ingon-ingon urang.”+ 3 Jadi sakumaha paréntah Yéhuwa, urang Léwi dibéré ku urang Israél kota-kota+ jeung tegalan ti tanah warisan maranéhna.+
4 Kulawarga-kulawarga turunan Kohat+ meunang undi pangheulana. Urang Léwi ti turunan Imam Harun narima* 13 kota ti kaom Yéhuda,+ kaom Siméon,+ jeung kaom Bényamin.+
5 Turunan Kohat séjénna narima* sapuluh kota ti kulawarga-kulawarga kaom Éfraim,+ kaom Dan, jeung satengah kaom Manasyé.+
6 Turunan Gérsyon+ narima 13 kota ti kulawarga-kulawarga kaom Isakhar, kaom Asyér, kaom Naftali, jeung satengah kaom Manasyé di Basyan.+
7 Kulawarga-kulawarga turunan Mérari+ narima 12 kota ti kaom Rubén, kaom Gad, jeung kaom Zébulon.+
8 Sanggeus diundi, urang Israél méré kota-kota jeung tegalanana ka kaom Léwi, sakumaha paréntah Yéhuwa ka Musa.+
9 Ieu ngaran kota-kota nu dibikeun ku kaom Yéhuda jeung kaom Siméon+ 10 ka putra-putra Harun turunan Kohat ti kaom Léwi, lantaran maranéhna meunang undi nu pangheulana. 11 Nu dibikeun téh Kiriat-arba+ (Arba téh bapana Anak), nyaéta Hébron,+ di daérah pagunungan Yéhuda, sarta tegalan di sakurilingna. 12 Tapi, tanah sakurilingeun éta kota jeung désa-désana mah geus dibikeun ka Kaléb anak Yéfuné pikeun jadi milikna.+
13 Ka putra-putra Imam Harun, maranéhna mikeun Hébron+ jeung tegalanana, nyaéta kota panyalindungan keur nu maéhan jalma,+ salian ti éta Libna+ jeung tegalanana, 14 Yatir+ jeung tegalanana, Éstémoa+ jeung tegalanana, 15 Holon+ jeung tegalanana, Débir+ jeung tegalanana, 16 Ain+ jeung tegalanana, Yuta+ jeung tegalanana, sarta Bét-syémés jeung tegalanana. Kabéhanana aya salapan kota ti daérah dua kaom éta.
17 Ti kaom Bényamin: Gibéon+ jeung tegalanana, Géba jeung tegalanana,+ 18 Anatot+ jeung tegalanana, sarta Almon jeung tegalanana. Kabéhanana aya opat kota.
19 Kabéh kota nu dibikeun ka turunan Harun, nyaéta para imam, aya 13 kota jeung tegalanana.+
20 Sanggeus diundi, urang Léwi séjénna ti kulawarga-kulawarga turunan Kohat narima kota-kota ti kaom Éfraim. 21 Maranéhna dibéré kota panyalindungan keur nu maéhan jalma,+ nyaéta Syikhém+ jeung tegalanana di daérah pagunungan Éfraim, dibéré Gézér+ jeung tegalanana, 22 Kibzaim jeung tegalanana, sarta Bét-horon+ jeung tegalanana. Kabéhanana aya opat kota.
23 Ti kaom Dan: Éltéké jeung tegalanana, Gibéton jeung tegalanana, 24 Aiyalon+ jeung tegalanana, sarta Gat-rimon jeung tegalanana. Kabéhanana aya opat kota.
25 Ti satengah kaom Manasyé: Taanakh+ jeung tegalanana sarta Gat-rimon jeung tegalanana, jumlahna dua kota.
26 Kota-kota jeung tegalan nu ditarima ku kulawarga-kulawarga turunan Kohat séjénna kabéhanana aya sapuluh kota.
27 Ti satengah kaom Manasyé, urang Léwi turunan Gérsyon+ narima Golan+ di Basyan jeung tegalanana, nyaéta kota panyalindungan keur nu maéhan jalma, sarta Bééstéra jeung tegalanana, jumlahna dua kota.
28 Ti kaom Isakhar:+ Kisyion jeung tegalanana, Dabérat+ jeung tegalanana, 29 Yarmut jeung tegalanana, sarta Én-ganim jeung tegalanana. Kabéhanana aya opat kota.
30 Ti kaom Asyér:+ Misyal jeung tegalanana, Abdon jeung tegalanana, 31 Hélkat+ jeung tegalanana, sarta Réhob+ jeung tegalanana. Kabéhanana aya opat kota.
32 Ti kaom Naftali: Kédés+ di Galiléa jeung tegalanana, nyaéta kota panyalindungan+ keur nu maéhan jalma, Hamot-dor jeung tegalanana, sarta Kartan jeung tegalanana. Kabéhanana aya tilu kota.
33 Kota-kota turunan Gérsyon kabéhanana aya 13 kota jeung tegalanana.
34 Ti kaom Zébulon,+ urang Léwi séjénna, nyaéta turunan Mérari,+ narima Yoknéam+ jeung tegalanana, Karta jeung tegalanana, 35 Dimna jeung tegalanana, sarta Nahalal+ jeung tegalanana. Kabéhanana aya opat kota.
36 Ti kaom Rubén: Bézér+ jeung tegalanana, Yahaz jeung tegalanana,+ 37 Kédémot jeung tegalanana, sarta Méfaat jeung tegalanana. Kabéhanana aya opat kota.
38 Ti kaom Gad:+ Ramot di Giléad+ jeung tegalanana, nyaéta kota panyalindungan keur nu maéhan jalma, Mahanaim+ jeung tegalanana, 39 Hésbon+ jeung tegalanana, sarta Yazér+ jeung tegalanana. Kabéhanana aya opat kota.
40 Kota-kota nu dibikeun ka urang Léwi séjénna, nyaéta turunan Mérari, kabéhanana aya 12 kota.
41 Kota-kota urang Léwi nu aya di daérah urang Israél téh kabéhanana aya 48 kota jeung tegalanana.+ 42 Unggal kota boga tegalan di sakurilingna, kitu kabéhanana.
43 Jadi, Yéhuwa méré ka urang Israél sakabéh tanah nu dijangjikeun ku Anjeunna ka karuhun maranéhna.+ Éta tanah direbut jeung dicicingan ku maranéhna.+ 44 Yéhuwa geus méré hirup tengtrem ka maranéhna, sakumaha sumpah Anjeunna ka karuhun maranéhna.+ Sakabéh musuh di sakurilingna euweuh nu sanggup ngalawan maranéhna.+ Ku Yéhuwa sakabéh musuh diserahkeun ka maranéhna.+ 45 Sagala hal alus nu dijangjikeun ku Yéhuwa ka urang Israél euweuh nu teu dilaksanakeun. Kabéhanana jadi kanyataan.+