Siloka
21 Haté raja téh aya dina panangan Yéhuwa,+
Kawas cai walungan nu dikocorkeun ka mana waé sakahoyong Anjeunna.+
3 Tibatan ngabaktikeun kurban,
Ngalampahkeun nu bener jeung adil téh leuwih nyenangkeun Yéhuwa.+
4 Panon nu sombong jeung haté nu angkuh téh dosa.
Éta ibarat lampu nu nungtun jalma jahat.+
7 Nu jahat bakal cilaka ku kajahatanana sorangan,+
Sabab maranéhna pantrang kana lampah bener.
8 Jalan hirup jalma doraka téh nyimpang,
Tapi nu bersih haténa mah lampahna bener.+
11 Lamun jalma nu sok moyokan dihukum, jalma nu teu boga pangalaman téh bisa mikir jeung beuki bijaksana.
Terus lamun jalma bijaksana narima pangarti, manéhna nyaho naon nu kudu dilampahkeun.+
12 Allah nu adil nilik-nilik rumah tanggana jalma jahat,
Seug numpes maranéhna.+
13 Lamun aya jalma nu embung ngadéngé jumeritna jalma leutik,
Engké waktu manéhna sasambat ménta tulung, moal aya nu ngajawab.+
14 Hadiah nu dibikeunna susulumputan téh nenangkeun jalma nu keur ambek.+
Panyogok nu dibikeunna cicing-cicing* téh nenangkeun jalma nu amarahna ngagedur.
15 Jalma bener mah mun ngajalankeun kaadilan téh atoh,+
Sabalikna keur nu lalampahanana jahat mah éta téh pikasebeleun.
16 Jalma anu pangartina geus tara dipaké mah
Tungtungna bakal babarengan jeung nu maraot.+
17 Jalma anu karesepna senang-senang bakal malarat,+
Nu kabeukina cianggur jeung minyak téh moal beunghar-beunghar.
18 Jalma jahat bakal jadi tebusan keur jalma bener,
Tukang ngahianat bakal jadi tebusan keur jalma jujur.+
19 Mending kénéh cicing di tanah gurun
Tibatan hirup bareng jeung pamajikan anu pundungan jeung resep paséa.+
20 Harta jeung minyak nu mahal ayana di imah jalma bijaksana,+
21 Jalma nu hayangna ngalampahkeun nu bener jeung nunjukkeun kanyaah*
Bakal jadi jalma bener, dihormat, jeung terus hirup.+
22 Jalma nu bijaksana bisa nalukkeun* kotana jalma-jalma perkasa
Jeung ngarugrugkeun bénténg pertahanan andelan maranéhna.+
23 Jalma nu ngajaga biwir jeung létahna téh
Nyingkahan masalah.+
24 Nu asa aing jeung gagabah téh
Disebut jalma lancang nu sombong jeung gedé omong.+
25 Nu kedul bakal dipaéhan ku kahayangna sorangan,
Sabab manéhna teu daék digawé.+
26 Sapoé jeput gawéna téh ngan ngalamun hayang boga itu ieu.
Sabalikna, jalma bener mah resep barangbéré.+
27 Kurban nu dibaktikeun ku jalma jahat téh pikageuleuheun,+
Komo deui lamun nu méréna téh boga niat goréng.*
28 Saksi nu ngabohong bakal binasa.+
Sabalikna, jalma nu bener-bener ngadéngékeun mah kateranganana moal gagal.
30 Euweuh kabijaksanaan, pangarti, atawa naséhat nu bisa ngalawan kahoyong Yéhuwa.+