PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • w20 Pébruari kaca 1-32
  • Ngupayakeun Karukunan ku Cara Ngalawan Parasaan Sirik

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Ngupayakeun Karukunan ku Cara Ngalawan Parasaan Sirik
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2020
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • NAON NU BISA NYABABKEUN PARASAAN SIRIK?
  • MEKARKEUN KARENDAHAN HATÉ JEUNG RASA CUKUP
  • UPAYAKEUN ”HAL-HAL ANU MATAK PIRUKUNEUN”
  • Ulah Saingan, Tapi Upayakeun Karukunan
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2021
  • Yéhuwa Ngahargaan Hamba-Hamba-Na nu Rendah Haté
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2020
w20 Pébruari kaca 1-32

ARTIKEL PALAJARAN 8

Ngupayakeun Karukunan ku Cara Ngalawan Parasaan Sirik

”Anu kudu dijieun tujuan teh salilana kudu hal-hal anu matak pirukuneun jeung anu baris bisa dipake silih tunjang pada batur.”​—RUM 14:19.

KAWIH 113 Katengtreman Umat Allah

NU DIBAHASa

1. Naon balukar rasa sirik ka kulawarga Yusup?

YAKUB nyaah ka kabéh budakna, tapi nu paling dipikanyaah téh Yusup, nu umurna 17 taun. Kumaha sikep lanceuk-lanceukna Yusup? Maranéhna sirik nepi ka jadi ngéwa ka Yusup, padahal Yusup teu ngalakukeun hal-hal nu bisa nyababkeun lanceuk-lanceukna ngéwa ka manéhna. Sanajan kitu, maranéhna ngajual Yusup jadi badéga, tuluy ngabohong ka bapana, nyebutkeun putrana nu dipikanyaah téh paéh ku sato galak. Rasa sirik ngaruksak karukunan kulawarga éta jeung nyababkeun bapana sedih pisan.​—Kaj. 37:3, 4, 27-34.

2. Numutkeun Galata 5:19-21, ku naon rasa sirik téh ngaruksak pisan?

2 Dina Kitab Suci, rasa sirikb téh kaasup ”napsu badan” nu ngaruksak nu bisa nyababkeun saurang jalma teu bisa ngawaris Karajaan Allah. (Baca Galata 5:19-21.) Rasa sirik sering jadi akar tina hal-hal goréng séjénna, saperti kangéwa, pacékcokan, jeung amarah.

3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Tina conto lanceuk-lanceukna Yusup, urang diajar yén rasa sirik téh bisa ngaruksak karukunan jeung hubungan di antara kulawarga. Urang mémang moal teungteuingeun siga maranéhna, tapi haté urang licik jeung teu sampurna. (Yer. 17:9) Jadi teu héran, lamun sakapeung urang kudu bajoang ngalawan parasaan sirik. Ayeuna, hayu urang bahas sababaraha conto goréng dina Alkitab sangkan urang bisa mariksa ku naon parasaan sirik bisa akaran di jero haté. Tuluy, urang bahas naon nu bisa dilakukeun pikeun ngalawan parasaan sirik jeung ngupayakeun karukunan.

NAON NU BISA NYABABKEUN PARASAAN SIRIK?

4. Ku naon urang Pélisti sirik ka Ishak?

4 Kabeungharan. Ishak téh jelema beunghar, éta sababna urang Pélisti sirik ka manéhna. (Kaj. 26:12-14) Saking ku sirikna, maranéhna nepi ka ngurug sumur-sumur nu dipiboga ku Ishak nu biasana dipaké keur méré nginum ingon-ingonna. (Kaj. 26:15, 16, 27) Siga urang Pélisti, ayeuna aya nu sirik ka jalma-jalma nu leuwih beunghar ti batan manéhna. Manéhna teu ngan saukur mikahayang naon nu dipiboga ku batur, tapi ogé ngarepkeun batur kaleungitan milikna.

5. Ku naon para pamingpin agama sirik ka Yésus?

5 Dipikaresep ku batur. Para pamingpin agama Yahudi sirik ka Yésus lantaran loba nu mikaresep anjeunna. (Mat. 7:28, 29) Yésus téh wakil Allah, jeung nu diajarkeun ku anjeunna téh bebeneran. Tapi, para pamingpin agama éta kalah ka ngagogoréng jeung mitnah Yésus. (Mar. 15:10; Yoh. 11:47, 48; 12:12, 13, 19) Tina kisah ieu, urang diajar naon? Lamun ningali dulur saiman dipikanyaah ku sidang lantaran boga sipat-sipat alus, ulah nepi ka sirik. Justru urang kudu nyonto sipat alus manéhna.​—1 Kor. 11:1; 3 Yoh. 11.

6. Lantaran sirik, naon nu dilakukeun ku Diotrépés?

6 Tugas di organisasi. Di abad kahiji, Diotrépés sirik ka jalma-jalma nu mingpin di sidang. Manéhna ”hayang jadi pamingpin” di éta jamaah, jadi manéhna ngagogoréng Rasul Yohanes jeung sadérék-sadérék séjénna nu nyekel tanggung jawab. (3 Yoh. 9, 10) Sanajan urang moal siga Diotrépés, urang gé bisa sirik ka dulur saiman nu dibéré tugas nu dicita-citakeun ku urang, komo lamun urang ngarasa bisa ngalakukeun tugas éta atawa ngarasa bisa leuwih hadé ti manéhna.

7. Naon pangaruh rasa sirik ka diri urang?

7 Rasa sirik téh siga jukut racun. Sakalina binih rasa sirik akaran dina haté urang, bakal hésé dicabutna. Sipat-sipat goréng saperti timburu, adigung, jeung mentingkeun diri, bisa nyababkeun parasaan sirik beuki parah. Rasa sirik bisa nyekék sipat-sipat alus, saperti kanyaah, welas asih, jeung kahadéan. Lamun urang sadar rasa sirik geus mulai akaran dina haté urang, éta kudu gancang dicabut. Kumaha urang bisa ngalawan rasa sirik?

MEKARKEUN KARENDAHAN HATÉ JEUNG RASA CUKUP

8. Sipat-sipat naon nu bisa ngabantu urang ngalawan rasa sirik?

8 Urang bisa ngalawan rasa sirik ku cara ngamekarkeun karendahan haté jeung rasa cukup. Lamun urang boga sipat-sipat éta, urang moal sirikan. Lamun rendah haté, urang moal nganggap diri leuwih luhur jeung leuwih layak ti batan batur. (Gal. 6:3, 4) Jalma nu boga rasa cukup ngarasa puas kana naon nu dipiboga ku manéhna sarta moal ngabanding-bandingkeun dirina jeung batur. (1 Tim. 6:7, 8) Lamun saurang jalma rendah haté jeung boga rasa cukup, manéhna bakal milu bungah waktu ningali batur narima hal-hal nu hadé.

9. Numutkeun Galata 5:16 jeung Pilipi 2:3, 4, roh suci bisa ngabantu urang ngalakukeun naon?

9 Urang butuh bantuan roh suci sangkan teu sirikan sarta bisa ngamekarkeun karendahan haté jeung rasa cukup. (Baca Galata 5:16; Pilipi 2:3, 4.) Roh suci Yéhuwa bisa ngabantu urang mariksa pikiran jeung niat haté nu pangjerona. Ku bantuan Allah, urang bisa ngaganti pikiran jeung parasaan nu goréng ku nu alus. (Jab. 26:2; 51:12) Perhatikeun tuladan Musa jeung Paulus nu ngalawan kacondongan pikeun sirik.

10. Kaayaan naon nu bisa nguji Musa? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

10 Musa boga wewenang gedé ka umat Allah, tapi manéhna teu ngahalang-halang batur meunang hak istiméwa éta ogé. Misalna dina hiji kajadian, Yéhuwa nyandak sabagian roh suci-Na ti Musa, tuluy éta dibikeun ka para kokolot Israil nu keur ngarumpul di deukeut Kémah Suci. Teu lila, Musa ngadéngé aya dua kokolot nu teu milu ka Kémah Suci tapi meunang roh suci, lalampahanana gé siga nabi. Kumaha réaksi Musa waktu Yosua ménta manéhna ngeureunkeun dua kokolot éta? Musa teu ngarasa kasaingan ningali maranéhna ogé diperhatikeun ku Yéhuwa. Tapi Musa rendah haté, malah milu bungah lantaran maranéhna bisa nyieun nubuat. (Bil. 11:24-29) Urang bisa diajar naon ti Musa?

11. Kumaha para kokolot bisa nyonto Musa?

11 Lamun Sadérék saurang kokolot, naha Sadérék pernah dipénta ngalatih nu séjén sangkan manéhna bisa nyekel tanggung jawab sidang nu dipikaresep ku Sadérék? Misalna, Sadérék resep kana hak istiméwa mandu Palajaran Warta Hadé unggal minggu. Lamun rendah haté siga Musa, Sadérék moal ngarasa kasaingan waktu dipénta ngalatih nu séjén nepi ka manéhna bisa ngalaksanakeun tugas éta. Tapi, Sadérék bakal bungah ngabantu dulur saiman Sadérék.

12. Kiwari, kumaha loba sadérék némbongkeun karendahan haté jeung rasa cukup?

12 Perhatikeun kaayaan séjén nu disanghareupan ku loba sadérék nu geus kolot. Salila puluhan taun, maranéhna ngawula salaku koordinator badan kokolot. Tapi pas umurna 80 taun, maranéhna réla nyerahkeun tugasna ka batur. Para pangawas wilayah nu umurna geus nincak 70 taun gé rendah haté masrahkeun hak istiméwana, tuluy daék narima tugas anyar. Jeung sababaraha taun katukang, loba anggota kulawarga Bétel di sakuliah dunya ditugaskeun ka lapangan. Sadérék-sadérék nu satia ieu teu keuheul ka sadérék-sadérék nu dibéré tugas nu asalna dijalankeun ku maranéhna.

13. Ku naon Paulus bisa waé sirik ka 12 rasul?

13 Rasul Paulus téh tuladan hadé séjénna nu ngamekarkeun karendahan haté jeung rasa cukup. Paulus teu ngantep rasa sirik mekar. Sanajan geus ngalakukeun loba hal dina palayanan, manéhna rendah haté nyebutkeun, ”Jadi rasul oge panglaipna; simkuring mah, teu pantes-pantes acan jadi rasul.” (1 Kor. 15:9, 10, Sunda Formal) Dua belas rasul terus babarengan jeung Yésus salila palayananana di bumi, tapi Paulus mah can jadi Kristen nepi ka Yésus maot tuluy dihirupkeun deui. Sanajan Paulus dilantik jadi ”rasul pikeun bangsa-bangsa sejen”, manéhna teu boga hak istiméwa pikeun jadi salah sahiji ti 12 rasul. (Rum 11:13; Ras. 1:21-26) Paulus teu sirik ka 12 priya nu akrab jeung Yésus, tapi manéhna ngarasa cukup kana nu dipibogana.

14. Urang bakal kumaha lamun rendah haté jeung boga rasa cukup?

14 Lamun urang rendah haté jeung boga rasa cukup, urang bakal siga Rasul Paulus nu ngajénan jalma-jalma nu dibéré wewenang ku Yéhuwa. (Ras. 21:20-26) Mantenna geus ngalantik priya-priya pikeun mingpin sidang Kristen. Sanajan teu sampurna, maranéhna téh mangrupa ”kurnia-kurnia” ti Yéhuwa. (Epe. 4:8, 11) Lamun urang ngajénan jalma-jalma nu dilantik jeung rendah haté nuturkeun pituduhna, urang bakal tetep raket jeung Yéhuwa sarta rukun jeung dulur saiman.

UPAYAKEUN ”HAL-HAL ANU MATAK PIRUKUNEUN”

15. Naon nu kudu dilakukeun ku urang?

15 Lamun urang sirik ka batur atawa batur sirik ka urang, moal aya karukunan. Jadi, piceun parasaan sirik tina haté sarta ulah nyababkeun batur sirik ka urang. Éta penting sangkan urang bisa taat kana paréntah Yéhuwa pikeun ngupayakeun ”hal-hal anu matak pirukuneun”. (Rum 14:19) Naon waé nu bisa dilakukeun ku urang supaya batur bisa miceun rasa sirik, sarta kumaha carana ngupayakeun karukunan?

16. Kumaha supaya batur teu sirik?

16 Sikep jeung tindakan urang gedé pangaruhna ka batur. Dunya ieu hayang urang pamér atawa ’ngugung-ngugung’ naon nu dipiboga. (1 Yoh. 2:16) Tapi, sikep éta téh bisa nyababkeun batur sirik. Batur moal sirik lamun urang teu teterusan ngomongkeun naon nu dipiboga ku urang atawa naon nu rék dibeuli ku urang. Urang gé moal nyababkeun batur sirik lamun urang boga pandangan nu bener kana hak istiméwa nu ditarima ku urang di sidang. Lamun urang teterusan ngomongkeun hak istiméwa urang, urang mupuk rasa sirik dina haté batur. Sabalikna, lamun urang perhatian jeung merhatikeun hal-hal hadé nu dilakukeun ku batur, urang bisa ngabantu maranéhna boga rasa cukup. Urang gé ngabantu sidang tetep ngahiji jeung rukun.

17. Parobahan naon nu geus dilakukeun ku lanceuk-lanceukna Yusup, jeung naon hasilna?

17 Urang bisa meunang ngalawan parasaan sirik! Pikirkeun deui conto ti lanceuk-lanceukna Yusup. Mangtaun-taun sanggeus ngajahatan Yusup, maranéhna panggih deui jeung Yusup di Mesir. Saacan ngungkabkeun dirina nu sabenerna ka lanceuk-lanceukna, Yusup nguji heula, naha maranéhna geus robah atawa acan. Yusup méré dahareun nu jauh leuwih loba ka adina, Binyamin, ti batan ka nu séjénna. (Kaj. 43:33, 34) Tapi, euweuh tanda-tanda yén lanceuk-lanceukna sirik ka Binyamin. Justru ayeuna mah maranéhna ngahariwangkeun adina jeung bapana, Yakub. (Kaj. 44:30-34) Lantaran lanceuk-lanceukna geus miceun rasa sirik, kulawargana bisa rukun deui. (Kaj. 45:4, 15) Kitu ogé, lamun parasaan sirik dipiceun ku urang, urang bisa ngajaga karukunan dina kulawarga jeung di sidang.

18. Numutkeun Yakobus 3:17, 18, naon hasilna lamun urang ngupayakeun karukunan?

18 Yéhuwa hoyong urang ngalawan rasa sirik jeung ngupayakeun karukunan. Urang kudu sabisa-bisa ngalakukeun dua hal éta. Dina artikel ieu, urang geus ngabahas yén urang boga kacondongan rasa sirik. (Yak. 4:5, Terjemahan Dunia Baru) Jalma-jalma di sakuriling urang gé resep pamér. Tapi lamun urang ngamekarkeun karendahan haté, rasa cukup, jeung rasa sukur, urang moal sirikan. Sabalikna, urang bakal ngupayakeun karukunan, ku kituna urang bisa ngamekarkeun sipat-sipat nu hadé.​—Baca Yakobus 3:17, 18.

NAON JAWABAN SADÉRÉK?.

  • Kumaha roh suci ngabantu urang ngalawan parasaan sirik?

  • Kumaha karendahan haté jeung rasa cukup ngabantu urang ngalawan parasaan sirik?

  • Kumaha sikep urang nu bener bisa ngabantu batur miceun parasaan sirik?

KAWIH 130 Sing Réla Ngahampura

a KATERANGAN TAMBAHAN: Saperti nu disebutkeun dina Alkitab, rasa sirik teu ngan saukur nyababkeun saurang jalma mikahayang naon nu dipiboga ku batur, tapi ogé ngarepkeun batur kaleungitan milikna.

b Yéhuwa gaduh organisasi nu rukun. Tapi lamun urang sirik ka batur, karukunan éta bisa ruksak. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas naon waé nu bisa nyababkeun urang sirik ka batur. Urang gé bakal ngabahas carana ngalawan parasaan sirik jeung carana ngupayakeun karukunan.

c KATERANGAN GAMBAR: Dina rapat badan kokolot, saurang kokolot nu mandu Palajaran Warta Hadé dipénta ngalatih kokolot nu leuwih ngora pikeun nyekel tanggung jawab éta. Sanajan kokolot ieu resep pisan kana tugasna, manéhna ngadukung sapinuhna putusan nu geus dijieun ku para kokolot ku cara méré saran jeung pujian ka kokolot nu leuwih ngora éta.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun