Kajadian
18 Geus kitu, Yéhuwa+ ngadatangan Ibrahim di deukeut tatangkalan gedé di Mamré.+ Harita téh tengah poé, manéhna keur diuk di lawang kémah waktu keur panas-panasna. 2 Manéhna nempo aya tilu lalaki keur nangtung teu jauh ti manéhna.+ Beretek Ibrahim lumpat ti lawang kémah manggihan maranéhna tuluy sujud. 3 Ceuk manéhna, ”Yéhuwa,* upami kersa mah nyimpang heula atuh ka tempat abdi. 4 Engké ku abdi dipangnyandakkeun cai keur ngumbah sampéan aranjeun.+ Saatosna, mangga reureuh heula handapeun tangkal. 5 Pan aranjeun tos sumping ka tempat abdi, kumaha upami ku abdi disiapkeun tuangeun sakedik mah supaya aranjeun jagjag deui. Saatosna, mangga waé upami badé neruskeun perjalanan.” Ceuk maranéhna, ”Mangga, ari kitu mah katampi pisan.”
6 Ibrahim gancang nyampeurkeun Sara nu keur aya di kémah, ceuk manéhna, ”Nyai, geuwat! Cokot tilu takeran* tipung lemes, jieun adonan, tuluy jieun roti.” 7 Ti dinya, Ibrahim lumpat ka tempat ingon-ingon tuluy milih sapi ngora nu alus jeung dagingna hipu. Sapina dibikeun ka palayanna sina buru-buru diolah. 8 Geus kitu manéhna nyokot mantéga, susu, jeung daging sapi ngora nu geus diolah téa, tuluy disuguhkeun ka tamu-tamuna. Waktu maranéhna keur dahar, Ibrahim nangtung di deukeut dinya, handapeun tangkal.+
9 Maranéhna nanya, ”Ari Sara pamajikan manéh di mana?”+ Ibrahim némbalan, ”Aya di kémah.” 10 Salah sahiji ti maranéhna ngomong kieu, ”Kuring pasti datang deui ka dieu taun hareup, dina waktu kawas ayeuna. Sara pamajikan manéh bakal boga budak lalaki.”+ Ari Sara keur ngadéngékeun di lawang kémah, tukangeun éta lalaki. 11 Ibrahim jeung Sara téh geus kolot pisan.+ Jadi, Sara geus teu bisa boga budak.*+ 12 Jadi Sara seuri di jero haténa, ceuk manéhna, ”Aing téh pan geus kolot jaba paréot kieu, Juragan gé sarua geus kolot. Bisa kitu aing ngarasakeun bungahna boga orok?”+ 13 Tuluy Yéhuwa nyarios ka Ibrahim, ”Ku naon Sara bet seuri jeung ngomong, ’Bisa kitu aing ngalahirkeun? Aing téh pan geus kolot.’ 14 Mémangna aya nu mustahil keur Yéhuwa?+ Kuring bakal datang deui ka dieu taun hareup, dina waktu kawas ayeuna. Sara bakal boga budak lalaki.” 15 Ku sabab sieun, Sara mungkir. Ceuk manéhna, ”Henteu seuri da!” Anjeunna ngajawab, ”Enya, manéh bieu seuri.”
16 Geus kitu, Ibrahim nganteur lalaki-lalaki éta indit. Maranéhna leumpang babarengan nepi ka hiji tempat. Di dinya, maranéhna bisa ningali ka handap ka arah Sodom.+ 17 Saur Yéhuwa, ”Kuring moal nyumput-nyumputkeun ti Ibrahim naon nu bakal dilaksanakeun ku Kuring.+ 18 Turunan Ibrahim téh bakal jadi bangsa nu gedé jeung kuat. Ku jalan manéhna, sakabéh bangsa di bumi bakal meunang berkah.+ 19 Kuring kenal pisan ka manéhna jeung yakin manéhna bakal maréntahkeun anak-anakna jeung sakabéh turunanana pikeun hirup sajalan jeung kahayang Yéhuwa, ku cara ngajalankeun nu bener jeung adil.+ Ku kituna, Kuring Yéhuwa bakal ngalaksanakeun jangji Kuring ka Ibrahim.”
20 Tuluy saur Yéhuwa, ”Kuring geus ngadéngé loba omongan goréng ngeunaan Sodom jeung Gomora.+ Dosa maranéhna téh gedé pisan.+ 21 Kuring rék turun, hayang mastikeun omongan goréng nu kadéngé ku Kuring téh bener atawa henteu.”+
22 Geus kitu, lalaki nu dua indit ka Sodom, ari Yéhuwa+ mah tetep bareng jeung Ibrahim. 23 Tuluy, Ibrahim nyampeurkeun Allah jeung ngomong, ”Leres kitu, Gusti bakal ngabinasakeun jalma bener bareng jeung jalma jahat?+ 24 Misalna, upami aya 50 jalma bener di éta kota, Gusti bakal ngabinasakeun sadayana, kitu? Éta kota moal dihampura ku Gusti kitu, demi 50 jalma nu teu salah? 25 Asa teu mungkin Gusti ngabinasakeun jalma bener bareng jeung jalma jahat! Piraku jalma bener disamikeun sareng jalma jahat.+ Teu mungkin Gusti kitu.+ Maenya Hakim sakuliah bumi teu adil?”+ 26 Ku Yéhuwa ditémbalan, ”Lamun aya 50 jalma bener di Sodom, saeusi kota bakal dihampura ku Kuring demi maranéhna.” 27 Tapi Ibrahim ngomong deui, ”Punten Yéhuwa, abdi ngawani-wanikeun nyarios deui, sanajan abdi téh mung saukur kekebul sareng lebu. 28 Bilih ieu mah, 50 jalma bener téh ngirangan lima, éta kota angger bakal dibinasakeun moal?” Ku Anjeunna ditémbalan, ”Kuring moal tulus ngabinasakeun lamun di dinya aya 45 jalma bener.”+
29 Tapi Ibrahim nanya deui, ”Kumaha upami aya 40 jalma bener di dinya?” Allah némbalan, ”Kuring moal tulus ngabinasakeun demi nu 40 éta.” 30 Manéhna nanya deui, ”Punten Yéhuwa, ulah bendu nya,+ abdi badé naros deui. Kumaha upami di dinya ngan aya 30?” Allah némbalan, ”Kuring moal tulus ngabinasakeun lamun di dinya aya 30.” 31 Manéhna nanya deui, ”Punten Yéhuwa, abdi ngawani-wanikeun nyarios deui: Kumaha upami di dinya ngan aya 20?” Allah némbalan, ”Kuring moal tulus ngabinasakeun demi nu 20 éta.” 32 Tungtungna manéhna ngomong, ”Punten Yéhuwa, ulah bendu nya, abdi badé naros sakali deui: Kumaha upami di dinya ngan aya sapuluh?” Anjeunna némbalan, ”Kuring moal tulus ngabinasakeun demi nu sapuluh éta.” 33 Sanggeus nyarios jeung Ibrahim, Yéhuwa indit.+ Ari Ibrahim mah balik ka kémahna.