PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Kajadian 20
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Kajadian

      • Sara disalametkeun ti Abimélékh (1-18)

Kajadian 20:1

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”cicing jadi urang asing”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 13:18
  • +Bil 13:26
  • +Kaj 25:17, 18
  • +Kaj 10:19; 26:6

Kajadian 20:2

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 12:11-13; 20:11, 12
  • +Kaj 12:15

Kajadian 20:3

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 12:17; Jab 105:14
  • +Pam 22:22

Kajadian 20:4

Catetan Handap

  • *

    Maksudna, Abimélékh can ngalakukeun hubungan séks jeung Sara.

Kajadian 20:7

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Jab 105:14, 15
  • +Ayb 42:8

Kajadian 20:10

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 12:18, 19; 26:9, 10

Kajadian 20:11

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 12:11, 12; 26:7

Kajadian 20:12

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 11:29

Kajadian 20:13

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”boga asih satia”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 12:1
  • +Kaj 12:13

Kajadian 20:16

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 20:2, 12

Kajadian 20:18

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Yéhuwa nutup rahim sakabéh awéwé di istana Abimélékh”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 12:17

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Kaj. 20:1Kaj 13:18
Kaj. 20:1Bil 13:26
Kaj. 20:1Kaj 25:17, 18
Kaj. 20:1Kaj 10:19; 26:6
Kaj. 20:2Kaj 12:11-13; 20:11, 12
Kaj. 20:2Kaj 12:15
Kaj. 20:3Kaj 12:17; Jab 105:14
Kaj. 20:3Pam 22:22
Kaj. 20:7Jab 105:14, 15
Kaj. 20:7Ayb 42:8
Kaj. 20:10Kaj 12:18, 19; 26:9, 10
Kaj. 20:11Kaj 12:11, 12; 26:7
Kaj. 20:12Kaj 11:29
Kaj. 20:13Kaj 12:1
Kaj. 20:13Kaj 12:13
Kaj. 20:16Kaj 20:2, 12
Kaj. 20:18Kaj 12:17
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Kajadian 20:1-18

Kajadian

20 Ibrahim mindahkeun kémahna+ ka tanah Négéb tuluy cicing di antara Kadés+ jeung Syur.+ Waktu keur cicing* di Gérar,+ 2 Ibrahim ngaku deui yén Sara téh adina.+ Ku kituna, Abimélékh raja Gérar ngutus jalma pikeun mawa Sara ka manéhna.+ 3 Hiji peuting, Allah nyarios ka Abimélékh dina impian, kieu cenah, ”Manéh bakal paéh lantaran mawa éta awéwé.+ Manéhna téh geus boga salaki.”+ 4 Tapi Sara can dicabak-cabak acan ku Abimélékh.* Jadi ceuk manéhna, ”Yéhuwa, piraku Gusti badé maéhan bangsa nu teu gaduh salah? 5 Manéhna sorangan pan nu ngaku éta awéwé téh adina? Ceuk éta awéwé gé, éta lalaki téh lanceukna. Abdi teu gaduh niat jahat, abdi gé teu terang éta téh salah.” 6 Tuluy, Allah nu sajati ngajawab manéhna dina éta impian, ”Kuring nyaho manéh téh teu boga niat jahat, matakna ku Kuring dihalangan, supaya manéh teu nyabak éta awéwé, jadi manéh teu nyieun dosa ka Kuring. 7 Ayeuna, pulangkeun éta awéwé ka salakina. Salakina téh nabi,+ engké manéhna bakal ngadoakeun manéh+ ngarah manéh tetep hirup. Tapi lamun teu dipulangkeun, manéh tangtu paéh, manéh jeung saeusi istana manéh.”

8 Abimélékh hudang isuk-isuk pisan, ngageroan kabéh palayanna, jeung nyaritakeun sagalana. Ngadéngé kitu, maranéhna jadi kacida sarieuneunana. 9 Ibrahim digeroan, tuluy Abimélékh ngomong kieu ka manéhna, ”Ku naon manéh téh bet kitu? Salah naon urang ka manéh nepi ka urang jeung karajaan urang jadi boga dosa gedé? Nu dilampahkeun ku manéh téh teu bener.” 10 Abimélékh nanya deui ka Ibrahim, ”Naon maksudna manéh kitu ka urang?”+ 11 Ceuk Ibrahim, ”Abdi kitu téh lantaran nyangka urang dieu teu aya nu sieun ka Allah. Maranéhna bakal nyokot pamajikan abdi, heug abdi dipaéhan.+ 12 Tapi mémang bener manéhna téh adi abdi, sabapa tapi béda indung, terus ku abdi dikawin.+ 13 Jadi basa Allah miwarang abdi ninggalkeun imah bapa abdi tuluy ngumbara,+ pamajikan téh diomat-omat kieu, ’Lamun Nyai cinta* ka Akang, ka mana waé urang indit, ngomong wéh Akang téh lanceuk Nyai.’”+

14 Geus kitu, Sara ku Abimélékh dipulangkeun ka Ibrahim, malah bari dibéré domba, sapi, sarta palayan-palayan awéwé jeung lalaki. 15 Abimélékh gé ngomong kieu, ”Mangga waé mun rék cicing di nagri urang mah. Sok pilih di mana resepna.” 16 Ari ka Sara mah manéhna ngomong kieu, ”Urang geus méré 1.000 duit pérak ka lanceuk Nyai.+ Éta téh bukti keur kulawarga Nyai jeung keur kabéh jalma yén Nyai téh teu salah jeung teu bisa disalahkeun.” 17 Geus kitu, Ibrahim ngadoa ka Allah nu sajati, ku kituna Allah nyageurkeun Abimélékh, pamajikanana, jeung para palayan awéwéna. Maranéhna jadi baroga budak. 18 Saacanna, Yéhuwa nyababkeun sakabéh awéwé di istana Abimélékh jadi mandul* ku lantaran Sara, pamajikanana Ibrahim.+

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun