Kajadian
3 Di antara sasatoan leuweung nu diciptakeun ku Allah Yéhuwa, oray+ téh sato nu paling ati-ati.* Oray ngomong ka éta awéwé, ”Bener kitu ceuk Allah, maranéh teu meunang ngadahar buah ti sakabéh tangkal di ieu taman?”+ 2 Éta awéwé ngomong ka oray, ”Urang meunang ngadahar bubuahan tina tangkal nu aya di ieu taman,+ 3 kajaba buah tina tangkal nu aya di tengah-tengah taman,+ da saur Allah kieu, ’Maranéh teu meunang ngadahar buah tina tangkal éta, dicabak gé ulah, ngarah maranéh teu paéh.’” 4 Tapi oray ngomong kieu ka éta awéwé, ”Maranéh tangtu moal paéh.+ 5 Puguh Allah téh nyaho, lamun maranéh ngadahar éta buah, poé éta kénéh panon maranéh bakal beunta jeung maranéh bakal siga Allah, nyaho mana nu hadé jeung nu goréng.”+
6 Ku kituna, buah dina tangkal téh dipelong ku éta awéwé. Katingalina buahna mani ngeunah, pikabitaeun, jeung alus katempona. Seug buah téh dipetik jeung didahar ku manéhna.+ Geus kitu, waktu keur bareng jeung salakina, éta buah dibikeun ogé ka salakina. Ku salakina didahar.+ 7 Tuluy panon maranéhna beunta, maranéhna jadi sadar keur taranjang. Jadi, maranéhna nyambung-nyambungkeun daun ara pikeun nutupan cangkéngna.+
8 Ka dieunakeun waktu keur pasosoré,* maranéhna ngadéngé sora Allah Yéhuwa waktu Anjeunna keur leumpang di taman. Éta lalaki jeung pamajikanana nyumput ti Allah Yéhuwa dina sela-sela tatangkalan di éta taman. 9 Allah Yéhuwa teterusan ngageroan éta lalaki, ”Manéh keur di mana?” 10 Ahirna manéhna ngajawab, ”Abdi ngadangu sora Gusti di taman, tapi abdi sieun da abdi taranjang, jadi abdi nyumput.” 11 Ngadéngé kitu, Anjeunna nanya, ”Nyaho ti saha manéh taranjang?+ Manéh ngadahar buah tina tangkal nu dilarang ku Kuring, nya?”+ 12 Éta lalaki ngajawab, ”Awéwé nu dipasihan ku Gusti nu masihan éta buah, jadi ku abdi dituang.” 13 Tuluy Allah Yéhuwa nanya ka éta awéwé, ”Naha manéh bet kitu?” Éta awéwé ngajawab, ”Da abdi ditipu ku oray, jadi buahna dituang ku abdi.”+
14 Tuluy Allah Yéhuwa nyarios ka oray,+ ”Lantaran kalakuan manéh kitu, manéh dikutuk ti antara sato piaraan jeung sato leuweung. Manéh bakal ngaléor maké beuteung manéh jeung bakal ngahakan kekebul saumur hirup. 15 Ku Kuring manéh+ bakal disina mumusuhan+ jeung éta awéwé,+ kitu ogé turunan manéh+ bakal mumusuhan jeung turunan éta awéwé.+ Turunanana bakal ngaremukkeun hulu manéh,+ ari manéh bakal macok keuneung* manéhna.”+
16 Saur Allah ka éta awéwé, ”Manéh bakal sangsara pisan waktu keur ngandung, jeung bakal ngarasa nyeri pisan waktu keur ngajuru. Manéh moal bisa leupas ti salaki, jeung manéhna bakal ngawasaan manéh.”
17 Allah nyarios ka Adam,* ”Kuring geus méré paréntah ka manéh,+ ’Manéh ulah ngadahar buah tina éta tangkal’, tapi manéh kalah ka nurut ka pamajikan manéh jeung ngadahar buah tina éta tangkal. Ku lantaran manéh kitu, taneuh bakal dikutuk.+ Mun hayang ngala hasilna, manéh kudu digawé banting tulang saumur-umur.+ 18 Taneuh bakal ngabijilkeun rungkun cucuk jeung jujukutan. Manéh bakal kapaksa ngadahar tutuwuhan di tegalan. 19 Manéh kudu luut-léét késang heula kakara bisa dahar.* Kitu baé terus nepi ka manéh balik deui jadi taneuh, da manéh téh asalna ti dinya.+ Manéh téh dijieun tina taneuh jeung bakal balik deui jadi taneuh.”+
20 Geus kitu, pamajikanana dingaranan Hawa* ku Adam, lantaran manéhna bakal jadi indung ti sakabéh jalma nu hirup.+ 21 Allah Yéhuwa mangnyieunkeun baju panjang tina kulit sato keur Adam jeung pamajikanana, sina dipaké ku maranéhna.+ 22 Tuluy Allah Yéhuwa nyarios, ”Éta manusa geus jadi siga urang, nyaho naon nu hadé jeung nu goréng.+ Ngarah maranéhna gé teu nyokot buah tina tangkal kahirupan+ tuluy didahar, sarta hirup salalanggengna,—” 23 Ku kituna, Allah Yéhuwa ngusir manéhna ti Taman Éden+ sina ngolah tanah, nyaéta asal manéhna téa.+ 24 Manusa téh diusir ku Allah. Tuluy, Allah nempatkeun kérub-kérub+ di wétaneun Taman Éden sarta nempatkeun pedang nu hurung ku seuneu jeung terus muter pikeun ngahalangan jalan ka tangkal kahirupan.