Kajadian
6 Harita, jumlah manusa di bumi téh ngalobaan, sarta maranéhna boga barudak awéwé. 2 Putra-putra Allah nu bener* merhatikeun yén awéwé-awéwé manusa téh gareulis. Jadi maranéhna kawin jeung awéwé mana waé sakahayangna. 3 Tuluy Yéhuwa ngomong, ”Manusa moal terus diantep ku Kuring,* lantaran maranéhna téh manusa nu dosa.* Ku kituna, maranéhna bakal hirup 120 taun deui.”
4 Dina mangsa éta sarta sanggeusna, aya raksasa-raksasa* di bumi. Maranéhna téh turunan para malaikat nu kawin jeung awéwé-awéwé manusa. Anak-anakna téh lalaki-lalaki nu perkasa jeung kasohor dina jaman baheula.
5 Ku kituna, Yéhuwa ningali kajahatan di bumi téh parah pisan. Eusi pikiran jeung haté manusa téh ngan nu jarahat hungkul. 6 Yéhuwa ngarasa hanjakal* geus nyiptakeun manusa di bumi. Anjeunna nyeri haté. 7 Jadi Yéhuwa ngomong kieu, ”Kuring rék numpes manusa nu diciptakeun ku Kuring ti bumi ieu, nya manusa, sato piaraan, sato nu hiber, jeung sato séjénna,* lantaran Kuring ngarasa hanjakal* geus nyiptakeun maranéhna.” 8 Tapi ari Nuh mah dipikaresep ku Yéhuwa.
9 Ieu sajarahna Nuh.
Nuh téh jalma bener. Manéhna terus ngalampahkeun nu bener,* béda jeung jalma-jalma nu hirup sajaman jeung manéhna. Hirup Nuh sajalan jeung kahayang* Allah nu bener. 10 Ka dieunakeun, Nuh boga tilu budak lalaki nyaéta, Sém, Ham, jeung Yafét. 11 Tapi keur Allah nu bener mah bumi téh geus ruksak jeung pinuh ku kakerasan. 12 Allah ningali bumi, bumi téh geus ruksak. Kabéh jalma geus ruksak lalampahanana.
13 Geus kitu, Allah ngomong ka Nuh, ”Kuring geus mutuskeun rék ngamusnakeun kabéh mahluk, sabab gara-gara manusa, bumi pinuh ku kakerasan. Jadi Kuring rék ngabinasakeun maranéhna bareng jeung bumi. 14 Pék jieun kapal* tina kai nu kuat.* Di jerona, jieun kamar-kamar, tuluy luar jerona lapisan ku tér. 15 Ieu ukuran kapalna: Panjangna 134 méter, lébarna 22 méter, jeung jangkungna 13 méter.* 16 Jieun jandéla* ngarah asup cahaya ka jero kapal, kira-kira satengah méter* tina hateup. Jieun panto dina salah sahiji sisi kapal. Kapalna kudu aya tilu tingkat, nyaéta tingkat handap, tengah, jeung luhur.
17 ”Kuring rék ngadatangkeun caah ka bumi pikeun ngabinasakeun sakabéh mahluk* di handapeun langit. Kabéh nu aya di bumi bakal musna. 18 Kuring nyieun perjangjian jeung manéh. Manéh kudu asup ka kapal, nya manéh, pamajikan manéh, anak-anak lalaki manéh, jeung para minantu manéh. 19 Bawa ka kapal sagala rupa sasatoan, masing-masing dua, hiji jalu hiji bikang, ngarah sasatoan éta tetep hirup. 20 Bawa asup bareng jeung manéh ka kapal unggal jinis sato nu hiber, unggal jinis sato piaraan, jeung unggal jinis sato séjénna.* Ti masing-masing jinis bawa dua, ngarah sasatoan éta tetep hirup. 21 Kumpulkeun jeung bawa ogé sagala rupa dahareun keur manéh jeung sasatoan éta.”
22 Nuh ngajalankeun sagala nu diparéntahkeun ku Allah, percis sakumaha paréntah Anjeunna.