2 Samuél
16 Sanggeus Daud maju saeutik ngaliwatan puncak, jol Ziba palayanna Méfibosyét datang manggihan Daud. Manéhna mawa 200 roti, 100 kuéh kismis, 100 kuéh ara jeung korma, sarta sawadah gedé cianggur nu dimuatkeun kana sapasang kaldé. 2 Tuluy Raja nanya ka Ziba, ”Éta babawaan téh jang naon?” Ziba némbalan, ”Kalde-kalde ieu kanggo ditumpakan ku kulawarga Raja, roti sareng buah kanggo dituang ku anak buah Raja, ari cianggur kanggo dileueut ku saha waé nu carapéeun di gurun keusik.” 3 Raja nanya, ”Ari incuna* juragan manéh ka mana?” Ziba ngajawab, ”Anjeunna tetep di Yérusalém, da saurna, ’Poé ieu urang Israél bakal mulangkeun deui karajaan aki* kuring ka kuring.’” 4 Geus kitu Raja ngomong ka Ziba, ”Ari kitu mah sagala pangaboga Méfibosyét jadi milik manéh.” Ziba ngajawab, ”Abdi sujud ngahaturkeun nuhun ka Gusti Raja. Mugia abdi terus dipikaresep ku Raja.”
5 Waktu Raja Daud nepi di Bahurim, saurang lalaki ti kulawarga Saul nu ngaranna Syiméi anak Géra nyampeurkeun Raja bari nyumpahan. 6 Manéhna malédogan Daud jeung sakabéh palayan Raja Daud ku batu. Jalma-jalma sarta para prajurit nu perkasa nu aya di kénca jeung katuhu Daud gé dibalédogan ku manéhna. 7 Syiméi nyumpahan kieu, ”Jor nyingkah siah ka ditu, tukang maéhan! Dasar jelema nu euweuh gunana! 8 Baréto manéh maéhan kulawarga Saul jeung ngarebut karajaanana, ayeuna manéh dibales ku Yéhuwa. Karajaan manéh diserahkeun ka Absalom anak manéh ku Yéhuwa. Tah, manéh keuna ku musibat téh lantaran manéh tukang maéhan!”
9 Geus kitu, Abisyai anak Zéruya ngomong kieu ka Raja, ”Wawanianan éta anjing paéh nyumpahan Gusti Raja. Kumaha, penggel waé kitu huluna ku abdi?” 10 Tapi ceuk Raja, ”Mémangna ieu urusan maranéh anak-anak Zéruya? Keun wéh manéhna sina nyumpahan kuring, da lamun ceuk Yéhuwa, ’Sumpahan si Daud,’ saha nu wani ngomong, ’Ku naon manéh bet kitu?’” 11 Tuluy Daud ngomong ka Abisyai jeung sakabéh palayanna, ”Lamun anak kuring sorangan gé, nu sagetih sadaging, rék maéhan kuring, nya komo deui urang Bényamin éta! Keun baé sina nyumpahan kuring, da manéhna téh dititah ku Yéhuwa! 12 Sugan wéh Yéhuwa ningali kasusahan kuring, tuluy kutukan Syiméi ka kuring poé ieu téh diganti jadi berkah ku Yéhuwa.” 13 Daud jeung anak buahna neruskeun perjalanan ka handap, ari Syiméi terus baé nunutur Daud ti sisi gunung bari nyumpahan, ngabalédogan ku batu, jeung ngawurkeun kekebul taneuh ka maranéhna.
14 Ahirna, Raja jeung sakabéh jalma nu bareng jeung manéhna nepi di tempat nu dituju. Maranéhna istirahat ku capé-capéna.
15 Ari Absalom jeung sakabéh urang Israél nu milu jeung manéhna nepi di Yérusalém. Ahitofél gé bareng jeung manéhna. 16 Waktu Husyai urang Arkhi, sobatna* Daud, ngadep ka Absalom, Husyai ngomong kieu ka Absalom, ”Mugia Raja diberkahan! Mugia Raja diberkahan!” 17 Absalom ngomong ka Husyai, ”Siga kieu nu disebut satia ka sobat téh? Naha manéh teu milu jeung sobat manéh?” 18 Husyai ngajawab, ”Henteu, abdi badé mihak ka jalma nu dipilih ku Yéhuwa, ku bangsa ieu, jeung ku sakabéh urang Israél. Abdi badé nuturkeun jalma éta. 19 Sakali deui abdi nyarios: Abdi badé ngalalayanan saha salian ti putrana? Abdi bakal ngalalayanan anjeun sakumaha abdi ngalalayanan bapa anjeun.”
20 Tuluy Absalom ngomong ka Ahitofél, ”Kumaha saran manéh? Urang kudu kumaha?” 21 Ahitofél ngajawab Absalom, ”Saréan selir-selir bapa anjeun nu ditinggalkeun pikeun ngurus istana. Ku kituna, bakal kadéngé ku sakabéh urang Israél yén anjeun geus ngahina bapa anjeun. Jadi jalma-jalma nu ngadukung anjeun bakal beuki wani.” 22 Ti dinya Absalom dipangnyieunkeun sasaungan di hateup* istana. Geus kitu Absalom nyaréan selir-selir bapana di hareupeun sakabéh urang Israél.
23 Harita naséhat Ahitofél téh dianggap siga firman* ti Allah nu bener. Sakabéh naséhat Ahitofél dihargaan pisan boh ku Daud boh ku Absalom.