PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 2 Samuél 4
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 2 Samuél

      • Is-bosyét dipaéhan (1-8)

      • Daud maéhan jalma nu maéhan Is-bosyét (9-12)

2 Samuél 4:1

Catetan Handap

  • *

    As. ”leungeunna jadi leuleus”.

2 Samuél 4:4

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”lumpuh”.

2 Samuél 4:9

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”nebus”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
2 Samuél 4:1-12

2 Samuél

4 Waktu Is-bosyét anak Saul ngadéngé yén Abnér geus maot di Hébron, manéhna jadi leungit kawani.* Sakabéh urang Israél gé hariwangeun. 2 Anak Saul éta boga dua anak buah nu mingpin gorombolan rampog. Nu hiji ngaranna Baanah, jeung nu hiji deui ngaranna Rékhab. Maranéhna téh anak-anak Rimon urang Béérot ti kaom Bényamin. (Tadina Béérot téh kaasup daérahna Bényamin. 3 Urang Béérot kabur ka Gitaim. Maranéhna jadi penduduk asing di dinya nepi ka ayeuna.)

4 Yonatan anak Saul boga anak lalaki nu sukuna cacad,* ngaranna Méfibosyét. Umur Méfibosyét lima taun waktu aya béja ti Yizréél yén Saul jeung Yonatan maot. Harita, Méfibosyét dibawa kabur ku pangasuhna. Ku sabab kaburna rurusuhan, manéhna tigebut tina aisan tuluy sukuna jadi cacad.

5 Rékhab jeung Baanah, anak-anak Rimon urang Béérot, indit ka imahna Is-bosyét waktu tengah poé, pas manéhna keur saré. 6 Maranéhna asup ka imah, api-apina rék nyokot gandum. Ari pék téh maranéhna nubles beuteungna Is-bosyét tuluy kabur. 7 Waktu maranéhna asup ka imah, Is-bosyét keur saré di kamarna. Ku maranéhna Is-bosyét dipaéhan tuluy dipenggel sirahna. Geus kitu, maranéhna leumpang sapeupeuting di jalan nu rék ka Araba bari mawa sirahna Is-bosyét. 8 Sirahna Is-bosyét diserahkeun ka Daud di Hébron, tuluy maranéhna ngomong kieu ka Raja, ”Ieu sirahna Is-bosyét anak Saul musuh Juragan, nu ngincer nyawa Juragan. Poé ieu, Gusti Raja dikersakeun ku Yéhuwa bisa ngabales Saul jeung turunanana.”

9 Tapi Daud ngajawab Rékhab jeung Baanah, anak-anak lalaki Rimon urang Béérot, ”Kuring sumpah demi Yéhuwa nu hirup, nu geus nyalametkeun* kuring tina sagala kasusahan. 10 Pernah aya jalma nu mawa béja yén Saul geus maot. Disangkana mah manéhna mawa béja alus, tapi ku kuring manéhna dipaéhan di Ziklag. Éta ganjaran kuring keur manéhna! 11 Nya komo deui maranéh, jalma jahat nu maéhan jalma nu teu salah, nu keur saré di imahna sorangan. Geus sakuduna kuring ngabales maranéh nu geus ngucurkeun getih Is-bosyét. Maranéh kudu disingkirkeun ti dunya ieu!” 12 Seug Daud nitah anak buahna maéhan maranéhna. Leungeun jeung suku maranéhna dibuntungan, tuluy mayitna digantung di deukeut kolam di Hébron. Ari sirahna Is-bosyét dibawa sarta dikuburkeun di makamna Abnér di Hébron.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun