PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 2 Samuél 9
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 2 Samuél

      • Daud nunjukkeun asih nu satia ka Méfibosyét (1-13)

2 Samuél 9:1

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”asih nu satia”.

2 Samuél 9:3

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”asih nu satia”.

2 Samuél 9:7

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”asih nu satia”.

  • *

    As. ”dahar roti”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
2 Samuél 9:1-13

2 Samuél

9 Ka dieunakeun, Daud ngomong, ”Aya teu ti kulawargana Saul nu hirup kénéh? Lamun aya, kuring rék nunjukkeun kanyaah* ka manéhna demi Yonatan.” 2 Kulawarga Saul téh boga palayan nu ngaranna Ziba. Jadi manéhna dititah ngadep ka Daud. Raja nanya ka manéhna, ”Manéh téh Ziba?” Dijawabna, ”Sumuhun, Gusti Raja.” 3 Raja nanya deui, ”Aya teu ti kulawargana Saul nu hirup kénéh? Lamun aya, kuring rék nunjukkeun kanyaah* ka manéhna, sakumaha Allah nunjukkeun kanyaah-Na.” Ziba ngajawab Raja, ”Aya kénéh hiji anak lalakina Yonatan. Sampéanana duanana cacad.” 4 Raja nanya, ”Di mana ayeuna?” Dijawab ku Ziba, ”Di bumina Makhir anak Amiél di Lo-débar.”

5 Raja Daud gancang ngirim utusan sina mawa manéhna ti imahna Makhir anak Amiél di Lo-débar. 6 Waktu Méfibosyét anak Yonatan incuna Saul geus aya di hareupeun Daud, bruk Méfibosyét langsung sujud. Ceuk Daud, ”Méfibosyét!” Jawabna, ”Sumuhun, Gusti Raja.” 7 Daud ngomong ka manéhna, ”Ulah sieun. Kuring rék nunjukkeun kanyaah* ka manéh demi Yonatan bapa manéh. Kuring rék mulangkeun ka manéh sakabéh tanahna Saul aki manéh. Manéh gé bakal terus dahar* saméja jeung kuring.”

8 Ngadéngé kitu, Méfibosyét sujud tuluy ngomong, ”Saha atuh abdi téh nepi ka Gusti Raja merhatikeun abdi nu siga anjing paéh ieu?” 9 Tuluy Raja ngageroan Ziba palayanna Saul. Ceuk Raja, ”Sagala harta bandana Saul jeung kulawargana, ku kuring dibikeun ka Méfibosyét incuna dunungan manéh. 10 Tanahna panggarapkeun ku manéh, ku anak-anak manéh, jeung ku palayan-palayan manéh. Engké hasilna kumpulkeun keur nyadiakeun dahareun jang kulawargana Méfibosyét incuna dunungan manéh. Ari Méfibosyét mah bakal terus dahar saméja jeung kuring.”

Ziba téh boga 15 anak lalaki jeung 20 palayan. 11 Ceuk Ziba ka Raja, ”Sagala paréntah Gusti Raja bakal dilaksanakeun ku abdi.” Jadi, Méfibosyét dahar saméja jeung Daud, siga saurang putra raja. 12 Méfibosyét gé boga anak lalaki nu leutik kénéh, ngaranna Mika. Sakabéh jalma nu cicing di imahna Ziba jadi palayanna Méfibosyét. 13 Ari Méfibosyét cicingna di Yérusalém, sabab manéhna terus dahar saméja jeung Raja. Suku Méfibosyét téh duanana cacad.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun