Raja-Raja nu Kahiji
1 Raja Daud téh geus kacida kolotna. Sanajan geus disimbutan gé, angger wéh manéhna katirisan. 2 Ku sabab kitu, para palayanna ngomong kieu, ”Juragan Raja, kumaha upami Juragan dipangmilariankeun mojang kanggo ngalalayanan sareng ngurus Juragan? Manéhna sina ngagolér caket Juragan ngarah Juragan haneut.” 3 Maranéhna néangan mojang geulis ka sakuliah Israél, seug manggih Abisyag mojang Syuném. Éta mojang dibawa ka Raja, 4 geulisna téh kabina-bina. Manéhna ngalalayanan sarta ngurus Raja. Raja teu ngalakukeun hubungan séks jeung manéhna.
5 Harita, Adoniya putra Hagit ku sombong-sombongna ngomong kieu, ”Aing bakal jadi raja!” Manéhna nitah jalma nyiapkeun karéta perang, pasukan kuda, jeung 50 pangawal sina lalumpat hareupeun manéhna. 6 Sanajan kitu, bapana teu pernah negor kieu ka manéhna,* ”Manéh kikituan téh jang naon?” Adoniya téh dilahirkeun ku indungna sanggeus Absalom. Manéhna téh kacida kasépna. 7 Adoniya badami jeung Yoab anak Zéruya sarta Imam Abiatar. Maranéhna siap ngadukung jeung ngabantu. 8 Sanajan kitu, Imam Zadok, Bénaya anak Yéhoyada, Nabi Natan, Syiméi, Réi, jeung para prajurit Daud nu perkasa teu ngadukung Adoniya.
9 Hiji waktu, Adoniya ngurbankeun domba, sapi, jeung ingon-ingon nu lalintuh di deukeut batu Zohélét, deukeut cinyusu Én-rogél. Kabéh dulur lalakina, nyaéta putra-putra Raja, jeung kabéh lalaki Yéhuda nu ngalalayanan Raja diarondang ku manéhna. 10 Ari Nabi Natan, Bénaya, para prajurit Daud nu perkasa, jeung Sulaéman adina mah teu diondang. 11 Jadi Natan ngomong kieu ka Batsyéba indungna Sulaéman, ”Sugan parantos ngadangu? Adoniya putra Hagit tos janten raja, padahal Daud juragan urang teu terang nanaon. 12 Ayeuna mah dangukeun saran abdi, ngarah Nyai tiasa nyalametkeun nyawa Nyai sareng Sulaéman putra Nyai. 13 Sok ngadep ka Raja Daud, carioskeun kieu, ’Juragan, Juragan téh sanés tos sumpah ka abdi, hamba Juragan ieu, yén gegentos Juragan téh Sulaéman putra abdi? Manéhna nu bakal calik dina tahta Juragan, pan? Naha geuning ayeuna Adoniya nu jadi raja?’ 14 Tah, engké waktu Nyai nuju nyarios sareng Raja, abdi bakal lebet nimpalan ucapan Nyai.”
15 Ku kituna, Batsyéba ngadep ka Raja, sup ka kamarna. Raja téh geus kacida kolotna. Harita, manéhna keur dijagaan ku Abisyag mojang Syuném téa. 16 Bruk Batsyéba sujud hareupeun Raja. Ku Raja ditanya, ”Badé nyuhunkeun naon, Nyai?” 17 Dijawab ku Batsyéba, ”Juragan, Juragan téh tos sumpah ka abdi, hamba Juragan ieu, demi Yéhuwa Allah Juragan, yén gegentos Juragan téh Sulaéman putra abdi. Manéhna nu bakal calik dina tahta Juragan. 18 Tapi, geuning ayeuna nu jadi raja téh Adoniya, padahal Juragan teu terang nanaon ngeunaan éta. 19 Adoniya tos ngurban seueur pisan. Aya sapi jalu, sasatoan nu lalintuh, sareng domba. Sadaya putra raja, Imam Abiatar, sareng panglima Yoab diulem, ari Sulaéman hamba Juragan mah henteu. 20 Juragan Raja, ayeuna sadaya urang Israél téh nuju ngantosan Juragan masihan terang saha anu bakal calik dina tahta Juragan ngagentos Juragan. 21 Upami henteu diumumkeun, engké saatos Juragan ngantunkeun, abdi sareng Sulaéman pun anak bakal dianggap ngahianat.”
22 Waktu Batsyéba keur ngomong kénéh ka Raja, Nabi Natan datang. 23 Raja langsung dibéré nyaho, ”Aya Nabi Natan!” Natan ngadep ka Raja, bruk sujud hareupeun Raja. 24 Pok Natan ngomong, ”Leres kitu Juragan nyarios yén nu jadi raja gegentos Juragan téh Adoniya? Leres anjeunna nu bakal calik dina tahta Juragan? 25 Dinten ieu, Adoniya tos masihan kurban seueur pisan. Aya sapi jalu, sasatoan nu lalintuh, sareng domba. Sadaya putra raja, para panglima, sareng Imam Abiatar diulem. Aranjeunna nuju pésta sareng Adoniya bari teterusan nyarios, ’Mugia Raja Adoniya diberkahan!’ 26 Ari abdi hamba Juragan ieu, kitu deui Imam Zadok, Bénaya anak Yéhoyada, sareng Sulaéman hamba Juragan mah teu diulem. 27 Leres éta téh tos disatujuan ku Juragan? Juragan tacan ngawartosan abdi saha anu bakal calik dina tahta raja ngagentos Juragan.”
28 Raja Daud ngomong, ”Batsyéba sina ka dieu.” Tuluy Batsyéba datang, seug nangtung hareupeun Raja. 29 Ti dinya Raja sumpah, ”Demi Yéhuwa nu hirup, nu tos nyalametkeun Akang tina sagala kasusah, 30 poé ieu Akang rék nedunan sumpah Akang ka Nyai. Akang geus sumpah demi Yéhuwa Allah Israél, gaganti Akang téh Sulaéman putra Nyai. Manéhna nu bakal diuk dina tahta raja gaganti Akang.” 31 Bruk Batsyéba sujud, seug ngomong kieu, ”Mugia Raja Daud juragan abdi panjang umur!”
32 Geus kitu, Raja Daud ngomong kieu, ”Imam Zadok, Nabi Natan, jeung Bénaya anak Yéhoyada sina ka darieu.” Maranéhna datang, ngadep ka Raja. 33 Raja ngomong ka maranéhna, ”Bawa para pangawal karajaan,* tumpakkeun Sulaéman putra kuring kana bagal* nu kuring, tuluy bawa ka Gihon. 34 Engké di ditu, Imam Zadok jeung Nabi Natan kudu ngalantik manéhna jadi raja Israél. Geus kitu, tiup tarompét tanduk jeung surakkeun, ’Mugia Raja Sulaéman diberkahan!’ 35 Sanggeusna, anteurkeun deui ka dieu. Manéhna bakal diuk dina tahta kuring jadi raja gaganti kuring. Ku kuring, manéhna bakal dijadikeun pamingpin Israél jeung Yéhuda.” 36 Bénaya anak Yéhoyada langsung ngajawab, ”Amin! Mugia ucapan Juragan diteguhkeun ku Yéhuwa Allahna Juragan. 37 Mugia Yéhuwa nyarengan ka Sulaéman sakumaha nyarengan ka Juragan. Mugia Anjeunna ngajadikeun tahta Sulaéman langkung ageung ti tahta Raja Daud juragan abdi.”
38 Ti dinya Imam Zadok, Bénaya anak Yéhoyada, jeung para pangawal pribadi Raja* arindit, geus kitu Sulaéman ditumpakkeun kana bagal Raja Daud, tuluy diiring ku maranéhna ka Gihon. 39 Imam Zadok nyokot tanduk nu dieusian minyak ti kémah* tuluy ngalantik Sulaéman ku cara ngucurkeun minyak kana sirahna. Geus kitu, tarompét tanduk ditiup, ger jalma-jalma sarurak, ”Mugia Raja Sulaéman diberkahan!” 40 Sanggeus éta, kabéh jalma nuturkeun Sulaéman bari nariup suling jeung sarurak. Sorana ngageder nepi ka bumi eundeur.
41 Sora nu sakitu ngagederna téh kadéngé ku Adoniya jeung para ondangan anu kakara bérés dahar. Barang ngadéngé sora tarompét tanduk, Yoab ngomong kieu, ”Aya naon éta di kota? Meni gandéng kitu.” 42 Can gé manéhna bérés ngomong, torojol datang Yonatan anak Imam Abiatar. Seug Adoniya ngomong kieu, ”Sok ka dieu. Manéh téh jalma bageur, pasti mawa béja alus.” 43 Tapi Yonatan ngajawab, ”Henteu! Raja Daud juragan urang tos ngangkat Sulaéman jadi raja. 44 Raja ngutus Imam Zadok, Nabi Natan, Bénaya anak Yéhoyada, sareng para pangawal pribadi raja sina arangkat bareng jeung Sulaéman. Sulaéman ditumpakkeun kana bagal Raja. 45 Anjeunna tos dilantik ku Imam Zadok sareng Nabi Natan di Gihon, saatosna aranjeunna marulih deui bari sarurak gumbira. Kota téh jadi ramé pisan. Tah, éta sora nu nembé kadangu ku aranjeun téh. 46 Ayeuna Sulaéman tos calik dina tahta karajaan. 47 Para pajabat Raja gé sarumping, ngawilujengkeun ka Raja Daud juragan urang. Kieu saurna, ’Mugia Allahna Juragan ngajadikeun nami Sulaéman langkung kamashur ti nami Juragan. Mugia tahtana langkung ageung ti tahta Juragan!’ Ti dinya, Raja langsung sujud dina kasurna. 48 Raja gé nyarios kieu, ’Mugia Yéhuwa Allah Israél dipuji. Dinten ieu, Anjeunna tos ngalantik pun anak kanggo calik dina tahta abdi, tur abdi diidinan tiasa kénéh nyaksian!’”
49 Kabéh tamu Adoniya ngagarebeg sarieuneun, tuluy pada bubar. 50 Adoniya gé sarua, sieuneun ka Sulaéman. Belenyeng manéhna ka mézbah, nyekelan tanduk-tanduk mézbah. 51 Geus kitu, aya nu ngalapor ka Sulaéman, ”Adoniya sieuneun ku Raja Sulaéman, ayeuna nuju nyekelan tanduk-tanduk mézbah. Manéhna gé nyarios kieu, ’Abdi nyuhunkeun Raja Sulaéman sumpah heula ka abdi, moal maéhan hambana ieu ku pedang.’” 52 Ngadéngé kitu, Sulaéman ngomong, ”Lamun kalakuanana bener, buukna salambar gé moal aya nu murag kana taneuh. Tapi lamun kalakuanana jahat, manéhna kudu dipaéhan.” 53 Raja Sulaéman nitah Adoniya sina dibawa ti mézbah. Seug Adoniya datang, bruk sujud hareupeun Raja Sulaéman. Sulaéman ngomong, ”Jung balik wéh ka imah.”