Raja-Raja nu Kahiji
20 Bén-hadad raja Siria ngumpulkeun kabéh pasukan jeung 32 raja séjén sarta kuda jeung karéta maranéhna. Tuluy manéhna ngepung jeung nyerang Samaria. 2 Geus kitu, manéhna ngirim para utusan sina nepikeun pesen kieu ka Ahab raja Israél di éta kota, ”Ieu nu diucapkeun ku Bén-hadad, 3 ’Pérak jeung emas anjeun milik kuring, kitu ogé pamajikan-pamajikan anjeun nu panggeulisna jeung putra-putra anjeun nu pangkasépna.’” 4 Dijawab ku raja Israél, ”Sakumaha nu diucapkeun ku Juragan, sagala nu dipimilik ku abdi téh milik Juragan.”
5 Ka dieunakeun, para utusan téh datang deui jeung ngomong kieu, ”Ieu nu diucapkeun ku Bén-hadad, ’Kuring geus méré paréntah supaya pérak, emas, pamajikan-pamajikan, jeung putra-putra anjeun diserahkeun ka kuring. 6 Tapi isukan kira-kira wayah kieu, kuring bakal ngutus palayan-palayan kuring sina ngagaladah istana anjeun jeung imah para palayan anjeun. Kabéh nu dianggap aya hargana bakal dicokot.’”
7 Jadi, raja Israél ngumpulkeun kabéh pamingpin éta nagri jeung ngomong kieu, ”Tuh tingali, éta jalma téh rék nyusahkeun urang. Manéhna geus ménta pamajikan-pamajikan kuring, putra-putra kuring, sarta pérak jeung emas kuring. Paméntana ku kuring teu ditolak.” 8 Kabéh pamingpin jeung kabéh jalma di dinya ngomong kieu ka Raja, ”Teu kedah dicumponan paméntana, ulah diturut.” 9 Jadi Raja ngomong kieu ka para utusan Bén-hadad, ”Béjakeun kieu ka Juragan aranjeun, ’Sagala paménta Juragan nu mimiti bakal dicumponan ku abdi. Tapi punten, nu ayeuna mah teu tiasa.’” Jadi, para utusan téh indit jeung nepikeun éta pesen ka Bén-hadad.
10 Tuluy Bén-hadad ngirim pesen kieu, ”Kuring rék ngancurkeun kota Samaria ku pasukan nu kacida lobana. Saking ku lobana, teu kabéh prajurit kabagian ngeupeul kekebul tina ruruntuhanana. Lamun éta teu laksana, kuring sing dihukum sabeurat-beuratna ku déwa-déwa kuring!” 11 Raja Israél némbalan, ”Béjakeun ka Bén-hadad, ’Jalma nu kakara rék perang mah sakuduna ulah sombong heula, kawas nu geus meunang waé.’” 12 Waktu ngadéngé éta béja, Bén-hadad jeung raja-raja téh keur nginum-nginum di pakémahan. Manéhna langsung ngomong ka para palayanna, ”Siap-siap, urang serang!” Jadi, maranéhna siap-siap rék nyerang éta kota.
13 Aya hiji nabi nu nyampeurkeun Ahab raja Israél, seug ngomong kieu, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Tingali pasukan nu sakitu lobana! Poé ieu, Kuring bakal nyerahkeun pasukan éta ka manéh ngarah manéh nyaho Kuring téh Yéhuwa.’” 14 Ahab nanya, ”Kumaha carana?” Dijawab ku éta nabi, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Ku bantuan anak buah para gubernur propinsi.’” Terus Ahab nanya deui, ”Saha nu rék nyerang ti heula?” Nabi téh ngajawab, ”Raja!”
15 Tuluy Ahab ngitung anak buah para gubernur propinsi, kabéhanana aya 232 urang. Salian ti éta, manéhna gé ngitung kabéh pasukan Israél, kabéhanana aya 7.000 urang. 16 Tengah poé maranéhna indit. Ari Bén-hadad mah keur nginum-nginum nepi ka mabok di pakémahan bareng jeung 32 raja nu ngadukung manéhna. 17 Waktu anak buah para gubernur kalaluar ti kota, Bén-hadad langsung ngutus jalma-jalma sina ningali aya kajadian naon. Maranéhna ngalaporkeun kieu, ”Aya jalma-jalma kalaluar ti kota Samaria.” 18 Jadi manéhna ngomong kieu, ”Rék ngabalad rék nyerang, téwak maranéhna hirup-hirup.” 19 Tapi, waktu anak buah para gubernur jeung pasukan Israél nu nuturkeun maranéhna kalaluar ti kota, 20 musuh-musuh diparaéhan ku maranéhna. Urang Siria kalabur, tuluy diudag ku urang Israél. Ari Bén-hadad raja Siria mah kabur tumpak kuda bareng jeung sababaraha pasukan kuda. 21 Raja Israél maju sarta ngéléhkeun pasukan kuda jeung pasukan karéta perang nepi ka urang Siria kabéh diéléhkeun.
22 Ka dieunakeun, nabi nu tadi téa ngadep ka raja Israél jeung ngomong kieu, ”Kuatkeun pertahanan. Mangga pikirkeun sing asak kedah kumaha, sabab dina awal taun payun,* raja Siria bakal nyerang.”
23 Panaséhat-panaséhatna raja Siria ngomong kieu ka manéhna, ”Allah maranéhna téh Allah pagunungan, matakna urang éléh. Cobi pami urang nyerang maranéhna di tanah nu rata, pasti urang meunang. 24 Salian ti éta, engké waktu rék perang, gentos raja-raja ku gubernur-gubernur. 25 Tuluy kumpulkeun prajurit, samikeun seueurna sareng jumlah prajurit nu tariwas, kitu ogé kuda sareng karéta samikeun seueurna sareng nu sateuacanna. Urang serang maranéhna di tanah nu rata, pasti meunang.” Naséhat maranéhna diturut ku Bén-hadad.
26 Dina awal taun hareupna,* Bén-hadad ngumpulkeun pasukan Siria tuluy indit ka Afék rék merangan Israél. 27 Pasukan Israél gé dikumpulkeun, dibekelan dahareun, tuluy arindit rék ngalawan pasukan Siria. Geus kitu, pasukan Israél masang kémah hareupeun pasukan Siria. Tapi mun dibandingkeun jeung pasukan Siria nu minuhan sakuliah daérah, pasukan Israél mah katénjona ngan kawas dua kumpulan embé nu saeutik. 28 Jol abdi Allah nu bener téa nyampeurkeun raja Israél jeung ngomong kieu, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Lantaran urang Siria ngomong kieu, ”Yéhuwa téh Allah pagunungan, lain Allah tanah rata”, Kuring bakal nyerahkeun pasukan nu loba ieu ka manéh. Manéh nu bakal unggul. Ieu téh ngarah maranéh nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.’”
29 Sanggeus tujuh poé cicing di kémah nu silih sanghareupan, dina poé katujuhna, prung dua pasukan éta perang. Ngan dina sapoé, pasukan Israél maéhan 100.000 prajurit Siria nu leumpang. 30 Sésana kabur ka kota Afék, tapi témbok kotana rugrug tuluy ninggang maranéhna. Anu katinggang téh aya 27.000 prajurit. Bén-hadad ogé kabur ka kota, tuluy nyumput di hiji imah di rohangan nu pangjerona.
31 Para palayanna Bén-hadad ngomong kieu ka manéhna, ”Saurna mah raja-raja Israél téh karunyaan, jadi idinan abdi sadaya ngadep ka raja Israél bari meulit kaén goni kana cangkéng, tanda sungkawa. Abdi sadaya ogé badé meungkeut tali kana mastaka. Sugan wéh Raja disalametkeun ku anjeunna.” 32 Jadi, maranéhna meulitkeun kaén goni kana cangkéngna jeung meungkeut sirahna ku tali, seug maranéhna indit ngadep ka raja Israél tuluy ngomong kieu, ”Bén-hadad hamba Juragan nyarios kieu, ’Mugia abdi disalametkeun.’” Raja ngajawab, ”Anjeunna hirup kénéh? Anjeunna téh dulur abdi.” 33 Ku para palayanna Bén-hadad, éta dianggap galagat hadé. Maranéhna langsung percaya kana omonganana raja Israél. Tuluy maranéhna ngomong kieu, ”Leres, Bén-hadad téh dulur Juragan.” Ngadéngé kitu, Raja ngomong kieu, ”Sok, bawa Bén-hadad ka dieu.” Ku kituna, Bén-hadad ngadep ka Raja, tuluy ku Raja diajak tumpak kana karéta.
34 Bén-hadad ngomong kieu ka manéhna, ”Kota-kota nu dirampas ku pun bapa badé dipulangkeun ku abdi. Mangga Juragan tiasa muka pasar-pasar* di Damaskus, sakumaha nu dilampahkeun ku pun bapa di Samaria.”
Ahab ngajawab, ”Ku sabab aya perjangjian ieu, anjeun dibébaskeun.””
Ahab nyieun perjangjian jeung Bén-hadad tuluy ngabébaskeun manéhna.
35 Sakumaha paréntah Yéhuwa, aya hiji turunan nabi* ngomong kieu ka baturna, ”Sok gebug urang.” Tapi baturna teu daékeun. 36 Jadi manéhna ngomong, ”Lantaran manéh teu nurut kana kekecapan Yéhuwa, sanggeus manéh indit ti dieu, manéh bakal dipaéhan ku singa.” Léos baturna indit, gok pasanggrok jeung singa, gabrug dirontok nepi ka paéh.
37 Manéhna ngomong ka nu séjén, ”Sok gebug urang.” Bug manéhna digebug nepi ka getihan.
38 Ti dinya éta nabi téh nyamar, nutupan panonna maké perban, tuluy ngadagoan Raja di sisi jalan. 39 Waktu Raja ngaliwat, digeroan ku éta nabi, ”Raja, abdi téh tas ti pangperangan. Aya hiji prajurit datang nitipkeun hiji tawanan ka abdi. Ceuk manéhna, ’Jagaan ieu jelema. Lamun nepi ka kabur, nyawa manéh gantina, atawa manéh kudu mayar pérak satalénta.’* 40 Abdi téh sibuk ka ditu ka dieu, ari pék téh éta tawanan kabur.” Ngadéngé kitu, Raja ngomong kieu, ”Nya, éta mah hukuman keur manéh, da manéh sorangan nu ngomong kitu.” 41 Bréh éta nabi muka perban tina panonna, Raja apaleun éta téh salah sahiji nabi. 42 Éta nabi ngomong ka Raja, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Manéh geus ngaleupaskeun jelema anu ceuk Kuring kudu dipaéhan. Ku sabab kitu, nyawa manéh kudu jadi gantina. Salian ti éta, rahayat manéh jadi gaganti rahayatna.” 43 Ti dinya, raja Israél balik ka Samaria bari keuheul jeung kuciwa.