Babad nu Kahiji
2 Anak-anak Israél+ nu lalaki nyaéta Rubén,+ Siméon,+ Léwi,+ Yéhuda,+ Isakhar,+ Zébulon,+ 2 Dan,+ Yusuf,+ Bényamin,+ Naftali,+ Gad,+ jeung Asyér.+
3 Anak-anak Yéhuda nu lalaki nyaéta Ér, Onan, jeung Syéla. Tiluanana dilahirkeun ku anak awéwé Syua urang Kanaan.+ Tapi, kalakuan Ér anak cikalna Yéhuda téh jahat dina pandangan Yéhuwa. Jadi, ku Anjeunna dipaéhan.+ 4 Tamar+ minantuna Yéhuda ngalahirkeun Péréz+ jeung Zérah. Jadi, anak-anak Yéhuda nu lalaki téh kabéhanana aya lima.
5 Anak-anak Péréz nu lalaki nyaéta Hézron jeung Hamul.+
6 Zérah boga anak lalaki, nyaéta Zimri, Étan, Héman, Kalkol, jeung Dara. Kabéhanana lima urang.
7 Anak* Karmi nu lalaki nyaéta Akhar,* nu ngalantarankeun Israél+ keuna musibat.* Manéhna teu satia lantaran ngalanggar paréntah ngeunaan barang-barang nu kudu dimusnakeun.+
8 Anak* Étan nu lalaki nyaéta Azaria.
9 Anak-anak Hézron nu lalaki nyaéta Yérahméél,+ Ram,+ jeung Khélubai.*
10 Ram téh bapana Aminadab.+ Aminadab téh bapana Nahsyon,+ pamingpin turunan Yéhuda. 11 Nahsyon téh bapana Salma.+ Salma téh bapana Boaz.+ 12 Boaz téh bapana Obéd. Obéd téh bapana Isai.+ 13 Isai téh bapana Éliab nu cikal, Abinadab+ nu kadua, Syiméa nu katilu,+ 14 Nétanél nu kaopat, Radai nu kalima, 15 Ozém nu kagenep, jeung Daud+ nu katujuh. 16 Dulur-dulur maranéhna nu awéwé nyaéta Zéruya jeung Abigail.+ Zéruya boga tilu anak lalaki, nyaéta Abisyai,+ Yoab,+ jeung Asahél.+ 17 Abigail boga anak, nyaéta Amasa.+ Bapana Amasa nyaéta Yétér turunan Ismail.
18 Kaléb* anak Hézron boga anak-anak lalaki ti Azuba pamajikanana jeung ti Yériot, nyaéta Yésyér, Syobab, jeung Ardon. 19 Sanggeus Azuba maot, Kaléb kawin jeung Éfrat+ tuluy boga budak nu dingaranan Hur.+ 20 Hur téh bapana Uri. Uri téh bapana Bézalél.+
21 Waktu umur 60 taun, Hézron kawin jeung anak awéwé Makhir+ bapana Giléad.+ Manéhna ngalakukeun hubungan séks jeung éta awéwé tuluy boga budak nu dingaranan Ségub. 22 Ségub téh bapana Yair,+ nu boga 23 kota di tanah Giléad.+ 23 Ka dieunakeun, Gésyur+ jeung Siria+ ngarebut Hawot-yair+ ti jalma-jalma nu cicing di dinya, kitu ogé jeung Kénat+ sarta kota-kota sakurilingna, kabéhanana aya 60 kota. Penduduk kota-kota éta téh turunan Makhir bapana Giléad.
24 Sanggeus Hézron+ maot di Kaléb-éfrata, Abiya pamajikanana ngalahirkeun Ashur.+ Ashur téh bapana* Tékoa.+
25 Yérahméél anak Hézron nu cikal boga anak-anak lalaki, nyaéta Ram nu cikal, Buna, Orén, Ozém, jeung Ahiya. 26 Yérahméél boga pamajikan séjén, ngaranna Atara. Manéhna téh indungna Onam. 27 Ram anak cikalna Yérahméél boga anak-anak lalaki, nyaéta Maaz, Yamin, jeung Ékér. 28 Anak-anak Onam nu lalaki nyaéta Syamai jeung Yada. Anak-anak Syamai nu lalaki nyaéta Nadab jeung Abisyur. 29 Pamajikan Abisyur téh ngaranna Abihail. Manéhna boga budak nu dingaranan Ahban jeung Molid. 30 Anak-anak Nadab nu lalaki nyaéta Séléd jeung Apaim. Tapi, Séléd maot saacan boga budak. 31 Anak* Apaim nu lalaki nyaéta Isyi. Anak* Isyi nu lalaki nyaéta Syésyan, ari anak* Syésyan nu lalaki nyaéta Ahlai. 32 Anak-anak lalaki Yada adina Syamai nyaéta Yétér jeung Yonatan. Tapi Yétér maot saacan boga budak. 33 Anak-anak Yonatan nu lalaki nyaéta Péléth jeung Zaza. Maranéhna kabéh téh turunan Yérahméél.
34 Syésyan teu boga anak lalaki, ngan boga anak awéwé. Manéhna boga palayan urang Mesir, ngaranna Yarha. 35 Syésyan ngawinkeun anak awéwéna ka Yarha palayanna, geus kitu maranéhna boga budak nu ngaranna Atai. 36 Atai téh bapana Natan. Natan téh bapana Zabad. 37 Zabad téh bapana Éflal. Éflal téh bapana Obéd. 38 Obéd téh bapana Yéhu. Yéhu téh bapana Azaria. 39 Azaria téh bapana Héléz. Héléz téh bapana Éléasa. 40 Éléasa téh bapana Sismai. Sismai téh bapana Syalum. 41 Syalum téh bapana Yékamia. Yékamia téh bapana Élisyama.
42 Kaléb*+ téh adina Yérahméél. Manéhna boga anak-anak lalaki, nu cikal ngaranna Mésya. Mésya téh bapana Zif. Marésyah bapana Hébron gé boga anak-anak lalaki. 43 Anak-anak Hébron nu lalaki nyaéta Korah, Tapua, Rékém, jeung Syéma. 44 Syéma téh bapana Raham. Raham téh bapana Yorkéam. Rékém téh bapana Syamai. 45 Anak Syamai nu lalaki nyaéta Maon. Maon téh bapana Bét-zur.+ 46 Éfa selirna Kaléb ngalahirkeun Haran, Moza, jeung Gazéz. Haran gé boga budak nu ngaranna Gazéz. 47 Anak-anak Yahdai nu lalaki nyaéta Régém, Yotam, Gésyan, Pélét, Éfa, jeung Syaaf. 48 Maaka selirna Kaléb boga budak, nyaéta Syébér jeung Tirhana. 49 Ka dieunakeun, manéhna boga budak deui, nyaéta Syaaf bapana Madmana+ sarta Syéwa bapana Makhbéna jeung Gibéa.+ Kaléb+ gé boga anak awéwé, nyaéta Akhsa.+ 50 Maranéhna kabéh téh turunan Kaléb.
Hur+ anak cikalna Éfrata+ boga anak-anak lalaki, nyaéta Syobal bapana Kiriat-yéarim,+ 51 Salma bapana Bétléhém,+ jeung Haréf bapana Bét-gadér. 52 Syobal bapana Kiriat-yéarim boga anak lalaki nyaéta Haroé. Syobal gé karuhunna sabagian urang Ménuhot. 53 Kulawarga-kulawarga di Kiriat-yéarim téh nyaéta urang Itri,+ urang Puti, urang Syumati, jeung urang Misrai. Maranéhna kabéh téh karuhunna urang Zora+ jeung urang Éstaol.+ 54 Turunan Salma nyaéta jalma-jalma nu maratuh di Bétléhém,+ Nétofa, Atrot-bét-yoab, Zor, jeung saparo penduduk Manahat. 55 Kulawarga-kulawarga jurutulis nu maratuh di Yabéz téh nyaéta urang Tirat, urang Syiméat, jeung urang Sukat. Maranéhna téh urang Kéni+ ti turunan Hamat, karuhunna kulawarga Rékhab.+