PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 1 Babad 22
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 1 Babad

      • Persiapan Daud jang ngabangun bait (1-5)

      • Pituduh Daud ka Sulaéman (6-16)

      • Para pajabat diparéntahkeun pikeun mantuan Sulaéman (17-19)

1 Babad 22:9

Catetan Handap

  • *

    Tina kecap Ibrani nu hartina ”Tengtrem”.

1 Babad 22:14

Catetan Handap

  • *

    As. ”emas 100.000 talénta, pérak 1.000.000 talénta”. Tingali Lamp. B14.

1 Babad 22:19

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
1 Babad 22:1-19

Babad nu Kahiji

22 Geus kitu Daud ngomong, ”Nya di dieu, bumina Yéhuwa Allah nu sajati bakal dibangun, sarta ieu téh mézbah paranti urang Israél ngabaktikeun kurban beuleuman.”

2 Terus, Daud méré paréntah pikeun ngumpulkeun urang asing nu maratuh di tanah Israél, tuluy maranéhna dibéré tugas. Batu-batu nu engkéna bakal dipaké pikeun ngabangun bumina Allah nu sajati kudu dipotongan jeung ditatah ku maranéhna. 3 Daud gé nyadiakeun loba pisan beusi pikeun nyieun paku keur panto-panto gerbang sarta pikeun nyieun panyapit. Salian ti éta, manéhna nyadiakeun loba pisan tambaga nepi ka teu bisa ditimbang 4 sarta kai aras nu teu kaitung lobana, sabab urang Sidon jeung urang Tirus méré loba pisan kai aras ka Daud. 5 Tuluy Daud ngomong, ”Sulaéman anak kuring téh ngora kénéh jaba can boga pangalaman, ari bumi nu rék dibangun keur Yéhuwa mah kudu kacida agréngna, supaya kaéndahanana kamashur ka sakuliah nagri. Jadi kuring rék nyiapkeun sagalana.” Prak Daud nyiapkeun bahan-bahan nu kacida lobana saacan manéhna maot.

6 Daud ngageroan Sulaéman anakna, tuluy nitah manéhna ngabangun bumi keur Yéhuwa Allah Israél. 7 Daud nyarita ka anakna, ”Bapa téh hayang pisan ngabangun bumi nu ngamulyakeun nami Yéhuwa Allahna Bapa. 8 Tapi Yéhuwa nyarios kieu ka Bapa, ’Manéh téh geus loba maéhan jalma, loba teuing perang. Lain manéh nu bakal ngabangun imah nu ngamulyakeun ngaran Kuring, sabab manéh geus loba maéhan jalma hareupeun Kuring. 9 Manéh bakal boga anak lalaki nu hirupna tengtrem. Manéhna bakal bébas ti sakabéh musuh di sakurilingna. Manéhna bakal dingaranan Sulaéman.* Salila manéhna ngawasa, Israél ku Kuring rék disina aman santosa. 10 Manéhna nu bakal ngabangun imah nu ngamulyakeun ngaran Kuring. Manéhna bakal jadi anak Kuring, sarta Kuring bakal jadi bapa manéhna. Kuring bakal ngukuhkeun tahtana di Israél keur salilana.’

11 ”Anaking, mugia Yéhuwa nyarengan hidep. Mugia hidep bisa ngabangun bumina Yéhuwa Allah hidep, sakumaha nu diucapkeun ku Anjeunna ngeunaan hidep. 12 Pangpangna mah waktu hidep dikersakeun ku Yéhuwa ngawasaan Israél, mugia Yéhuwa masihan kabijaksanaan jeung pangarti, supaya hidep bisa terus ngajalankeun hukum Yéhuwa Allah hidep. 13 Ku kituna, hidep pasti bisa bener-bener ngajalankeun aturan jeung putusan hukum Yéhuwa nu ditepikeun ku Musa ka Israél. Hidep kudu wani jeung kuat. Ulah sieun atawa geumpeur. 14 Bapa téh geus susah payah ngumpulkeun bahan-bahan keur bumina Yéhuwa, aya emas kira-kira 3.400 ton, pérak kira-kira 34.000 ton,* tambaga jeung beusi nu teu bisa ditimbang bakating ku loba-lobana, sarta kai jeung batu, tapi engké gé bakal ditambahan deui ku hidep. 15 Hidep gé boga loba pagawé, aya tukang batu, tukang motongan batu, tukang kai, jeung jalma-jalma nu arahli. 16 Emas, pérak, tambaga, jeung beusi téh geus teu kaitung lobana. Prung geura digawé, mugia Yéhuwa nyarengan hidep.”

17 Ti dinya, Daud méré paréntah ka sakabéh pajabat Israél pikeun mantuan Sulaéman anakna. Ceuk Daud, 18 ”Aranjeun terang pan Yéhuwa Allah aranjeun téh nyarengan aranjeun. Anjeunna gé ngabébaskeun aranjeun tina serangan musuh di sakuriling aranjeun. Anjeunna geus nulungan kuring ngéléhkeun penduduk ieu nagri, ku kituna ieu nagri dikawasaan ku Yéhuwa jeung umat-Na. 19 Nu matak, aranjeun kudu sapinuhna haté jeung sagemblengna nyawa* nyembah ka Yéhuwa Allah aranjeun. Geura prak ngabangun tempat suci Yéhuwa Allah nu sajati, supaya peti perjangjian Yéhuwa jeung parabot suci Allah nu sajati bisa dibawa asup ka bumi nu dibangun keur ngamulyakeun nami Yéhuwa.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun