Babad nu Kahiji
8 Anak-anak Bényamin nu lalaki nyaéta Béla nu cikal, Asbél nu kadua, Aharah nu katilu, 2 Nohah nu kaopat, jeung Rafa nu kalima. 3 Anak-anak Béla nu lalaki nyaéta Adar, Géra, Abihud, 4 Abisyua, Naaman, Ahoah, 5 Géra, Syéfufan, jeung Huram. 6 Ieu anak-anak Éhud nu lalaki nu jaradi pamingpin kulawarga pihak bapa ti urang Géba, nu diboyong ka Manahat: 7 Naaman, Ahiya, jeung Géra. Géra téh nu mingpin maranéhna waktu maranéhna diboyong. Géra téh bapana Uza jeung Ahihud. 8 Syaharaim boga anak-anak di tanah Moab sanggeus manéhna ngusir jalma-jalma di ditu. Pamajikanana téh nyaéta Husyim jeung Baara.* 9 Ti pamajikanana nu séjén, nyaéta Hodés, manéhna boga anak-anak lalaki, nyaéta Yobab, Zibia, Mésya, Malkam, 10 Yéuz, Sakhia, jeung Mirma. Maranéhna kabéh téh anak-anakna nu lalaki, para pamingpin kulawarga pihak bapa.
11 Ari ti Husyim, manéhna boga anak-anak lalaki, nyaéta Abitub jeung Élpaal. 12 Anak-anak Élpaal nu lalaki nyaéta Ébér, Misyam, Syéméd (nu ngabangun Ono sarta Lod jeung kota-kota sakurilingna), 13 Béria, jeung Syéma. Maranéhna téh para pamingpin kulawarga pihak bapa urang Aiyalon. Maranéhna nu ngusir urang Gat. 14 Ahio, Syasyak, Yérémot, 15 Zébadia, Arad, Édér, 16 Mikhaél, Ispa, jeung Yoha téh turunan Béria. 17 Zébadia, Mésyulam, Hizki, Hébér, 18 Ismérai, Izlia, jeung Yobab téh turunan Élpaal. 19 Yakim, Zikhri, Zabdi, 20 Éliénai, Zilétai, Éliél, 21 Adaya, Béraya, jeung Syimrat téh turunan Syiméi. 22 Ispan, Ébér, Éliél, 23 Abdon, Zikhri, Hanan, 24 Hanania, Élam, Antotiya, 25 Ifdéya, jeung Pénuél téh turunan Syasyak. 26 Syamsyérai, Syéharia, Atalia, 27 Yaarésyia, Élia, jeung Zikhri téh turunan Yéroham. 28 Maranéhna téh para pamingpin kulawarga pihak bapa nurutkeun turunanana. Maranéhna matuh di Yérusalém.
29 Yéiél téh nu ngadegkeun Gibéon sarta matuh di dinya. Pamajikanana téh nyaéta Maaka. 30 Anak-anakna nu lalaki nyaéta Abdon nu cikal, terus aya Zur, Kis, Baal, Nadab, 31 Gédor, Ahio, jeung Zékhér. 32 Miklot téh bapana Syiméah. Maranéhna kabéh téh matuh di Yérusalém bareng jeung dulur-dulurna.* Matuhna téh deukeut jeung dulur-dulurna nu séjén.
33 Nér téh bapana Kis. Kis téh bapana Saul. Saul téh bapana Yonatan, Malkhi-syua, Abinadab, jeung Ésbaal.* 34 Yonatan téh bapana Mérib-baal.* Mérib-baal téh bapana Mikha. 35 Anak-anak Mikha nu lalaki nyaéta Piton, Mélékh, Taréa, jeung Ahaz. 36 Ahaz téh bapana Yéhoada. Yéhoada téh bapana Alémét, Azmawét, jeung Zimri. Zimri téh bapana Moza. 37 Moza téh bapana Binéa. Binéa téh bapana Rafa. Rafa téh bapana Éléasa. Éléasa téh bapana Azél. 38 Azél téh boga genep anak lalaki, nyaéta Azrikam, Bokhéru, Ismail, Syéaria, Obaja, jeung Hanan. Maranéhna kabéh téh anak-anak Azél nu lalaki. 39 Ésyék adi lalaki Azél téh boga anak-anak lalaki, nyaéta Ulam nu cikal, Yéus nu kadua, jeung Élifélét nu katilu. 40 Anak-anak Ulam nu lalaki téh para prajurit nu perkasa, nu palinter mentangkeun busur panah. Maranéhna boga loba anak lalaki jeung incu lalaki, kabéhanana téh aya 150 urang. Maranéhna kabéh téh turunan Bényamin.