Dua Babad
27 Basa jadi raja, Yotam téh umur 25 taun. Manéhna maréntah salila 16 taun di Yérusalém. Ngaran indungna téh Yérusyah anak Zadok. 2 Manéhna terus milampah nu bener dina pandangan Yéhuwa, sakumaha Uzzia bapana, tapi manéhna mah teu maksa asup ka bait Yéhuwa. Sanajan kitu, rahayat mah angger wéh milampah nu jahat. 3 Manéhna ngawangun Gerbang Luhur di bumina Yéhuwa sarta ngawangun témbok Ofél. 4 Manéhna gé ngawangun kota-kota di daérah pagunungan Yéhuda sarta ngawangun tempat nu dibénténgan jeung munara di leuweung-leuweung. 5 Manéhna merangan raja urang Ammon sarta ngéléhkeun maranéhna. Jadi dina taun éta, urang Ammon méré upeti, nyaéta pérak 3.420 kilo, gandum 2,2 juta liter, jeung barli 2,2 juta liter.* Urang Ammon gé méré upeti nu sarua dina taun kadua jeung katilu. 6 Jadi Yotam beuki kuat, lantaran manéhna nurut ka Yéhuwa Allahna.
7 Riwayat Yotam, kaasup kabéh perang jeung naon nu dilampahkeunana, ditulis dina Buku Raja-Raja Israél jeung Yéhuda. 8 Basa jadi raja, manéhna téh umur 25 taun. Manéhna maréntah salila 16 taun di Yérusalém. 9 Ahirna, Yotam maot tuluy dikuburkeun cara karuhunna di Kota Daud. Ahaz anakna ngaganti manéhna jadi raja.