Ayub
16 Tuluy Ayub ngajawab kieu,
2 ”Urang mah geus mindeng ngadéngé omongan siga kitu.
Bororaah negerkeun, maranéh mah kalah ka ngabeungbeurat urang!
3 Éta omong kosong téh can béak kénéh waé?
Ku naon manéh bet ngajawab kitu?
4 Urang gé bisa ngomong jiga kitu mah.
Mun maranéh sangsara jiga urang,
Bisa waé urang gogodeg
Jeung nyawad maranéh.
5 Tapi urang mah moal kitu, urang bakal nguatkeun maranéh ku omongan urang
Sarta nengtremkeun maranéh ku kekecapan urang.
6 Lamun urang ngomong, kasangsaraan urang moal leungit.
Lamun eureun ngomong gé, angger wéh urang mah sangsara.
7 Tapi ayeuna urang capé ku lantaran Allah.
Anjeunna ngancurkeun rumah tangga urang.
8 Anjeunna gé néwak urang. Éta disaksian ku jalma-jalma.
Urang kari kulit jeung tulang, ku batur mah dipajarkeun boga salah.
9 Ku amarah-Na urang disasaak, Anjeunna ngunek-ngunek ka urang.
Anjeunna ningali urang bari waos-Na tingkereket.
Musuh-musuh urang melong lantaran ambek.
10 Maranéhna calangap rék ngalegleg urang.
Maranéhna nampiling urang bakating ku ngéwa-ngéwana.
Urang dirempug ku maranéhna.
11 Ku Allah, urang disérénkeun ka barudak lalaki
Sarta disurung-surungkeun ka jalma-jalma jahat.
12 Eukeur jongjon* hirup, ujug-ujug urang diancurkeun ku Anjeunna.
Punduk urang dikerewek, urang diremukkeun ku Anjeunna.
Urang dijadikeun bubulanan ku Anjeunna.
13 Urang dikepung ku tukang manah ti Anjeunna.
Anjeunna nubles giginjel urang taya karunya.
Ku Anjeunna hamperu urang disina ngocor kana taneuh.
14 Urang kawas témbok nu dibobol mangkali-kali ku Anjeunna.
Anjeunna narajang kawas saurang prajurit.
15 Urang ngaput kaén goni pikeun nutupan kulit urang.
Kahormatan* urang dikubur dina kekebul.
16 Beungeut beureum lantaran ceurik,
Panon gé carindul,
17 Padahal urang tara kejem ka batur.
Doa urang gé sagemblengna haté.
18 Hé bumi, getih urang ulah disumputkeun!
Sora urang sasambat ulah dieureunkeun!
19 Ti ayeuna gé urang boga saksi di sorga.
Nu bisa ngabéla urang aya di tempat nu luhur.
20 Waktu babaturan ngahina,
Urang mah ngan bisa ngadoa ka Allah bari ngeclakkeun cipanon.*
21 Hayangna mah aya nu mutuskeun perkara antara urang jeung Allah,
Kawas nu mutuskeun perkara antara dua jelema.
22 Sésa hirup urang téh sakeudeung deui,
Urang bakal indit sarta moal balik deui.