Ayub
21 Ayub ngajawab,
2 ”Déngékeun bener-bener omongan urang.
Ku didéngékeun gé urang geus kaupahan.
3 Sing sabar ngadagoan urang nyarita.
Ari geus anggeus mah, rék moyokan urang gé pék baé.
4 Mémangna urang kukulutus téh ka manusa?
Lamun enya, urang pasti geus teu bisa sabar.
5 Yeuh, tingali urang! Maranéh pasti arolohok
Jeung teu bisa ngomong nanaon.
6 Waktu inget deui kana mangsa nu geus liwat,
Urang guligah, sakujur awak ngadégdég.
7 Ku naon nu jahat téh terus hirup,
Umurna panjang, jeung beunghar?*
8 Maranéhna bisa riung mungpulung jeung barudakna.
Maranéhna gé bisa ningali turunanana.
9 Imahna aman. Maranéhna teu pernah ngarasa sieun.
Allah gé teu ngahukum maranéhna ku tongkat-Na.
10 Sapi jaluna anakan meni loba.
Sapi bikangna anakan waé, teu pernah kaluron.
11 Anak-anak lalakina lalumpatan di luar kawas kumpulan domba.
Anak-anakna ajleng-ajlengan bakating ku atoh.
12 Maranéhna ngawih diiring ku rabana jeung harpa.
Maranéhna gumbira ngadéngé sora suling.
14 Tapi ceuk maranéhna ka Allah nu bener, ’Ulah ngaganggu urang!
Urang mah teu hayang nyaho kana jalan-jalan Gusti.
15 Saha Nu Mahakawasa téh nepi ka kudu dilalayanan ku urang?
Naon untungna lamun urang kenal ka Anjeunna?’
16 Urang mah teu pernah mikir siga kitu.
Urang nyaho maranéhna teu boga kawasa pikeun ngatur supaya hirupna suksés terus.
17 Mémangna lampu jalma jahat sering dipareuman?
Mémangna maranéhna sering katarajang musibat?
Mémangna Allah sering ngancurkeun maranéhna bakating ku ambek?
18 Pernah kitu maranéhna kawas jarami nu ditiup ku angin?
Pernah kitu maranéhna kawas huut nu katebak ku angin topan?
19 Hukuman keur hiji jalma ku Allah ditumplekkeun ka anak-anakna.
Tapi muga-muga manéhna sorangan nu dihukum ku Allah ngarah manéhna ngarti kasalahanana.
20 Mudah-mudahan panonna sorangan ningali musibat nu narajang manéhna.
Mudah-mudahan amarah ti Nu Mahakawasa diinum ku manéhna.
21 Lamun umur manéhna jadi pondok,
Mémangna manéhna bakal mikirkeun bagja cilakana turunan manéhna?
22 Kapan Allah téh nu ngahakiman jalma-jalma nu paling dihormat,
Jadi aya kitu nu bisa ngajar* Allah?
23 Aya jalma nu maotna téh jagjag kénéh,
Waktu hirupna tenang jeung euweuh kabeurat,
24 Waktu pingpingna kabulen ku gajih
Sarta tulang-tulangna karuat kénéh.
25 Tapi aya ogé jalma nu maotna téh keur sangsara,
Bari jeung can ngarasakeun nu hadé sakali-kali acan.
26 Boh nu itu boh nu ieu sarua balik deui jadi kekebul,
Sarua dirubung ku bilatung.
27 Urang nyaho pisan pikiran maranéh
Sarta rencana maranéh pikeun nganyenyeri* urang.
28 Ceuk maranéh, ’Di mana imahna jalma nu dihormat téh?
Di mana kémahna éta jalma jahat téh?’
29 Pernah teu maranéh nanya ka nu sok ngumbara?
Osok ditalungtik teu laporan-laporan ti maranéhna téh?
30 Nu jahat teu sangsara pan waktu ditarajang musibat?
Manéhna salamet pan waktu Allah ambek?
31 Saha nu wani méré nyaho manéhna yén kalakuanana téh salah?
Saha nu wani ngabales kalakuan manéhna?
32 Manéhna bakal dibawa ka pamakaman,
Tuluy makamna bakal dijaga.
33 Tanah di lebak* tempat manéhna ngagolér téh karasana genaheun.
Sakabéh umat manusa bakal nuturkeun manéhna ka dinya,*
Sarua siga jalma nu teu kaitung lobana nu geus miheulaan manéhna.
34 Cenah rék negerkeun, geuning omongan maranéh euweuh eusina.
Jawaban maranéh mah teu pararuguh, kalah ka ngawadul!”