Ayub
3 Sanggeus kitu, Ayub ngomong sarta nyumpahan poé manéhna dilahirkeun.+ 2 Ceuk Ayub,
3 ”Coba mun poé urang dilahirkeun téh euweuh,+
Kitu deui peuting waktu batur ngomong, ’Aya orok nu lahir!’
4 Éta poé téh kuduna mah jadi poék.
Éta poé kuduna dipopohokeun ku Allah.
Éta poé kuduna teu dicaangan ku cahaya,
5 Sina dilimpudan ku poék mongkléng,
Sina dituruban ku méga* hideung.
Cahayana sina katutup ku poék.
6 Éta peuting kuduna mah poék pisan.+
Kuduna mah euweuh kabungah dina éta poé.
Éta poé sina dipupus tina bulan mana waé.
7 Kuduna euweuh nu lahir dina éta peuting,
Kuduna teu kadéngé surak gumbira.
9 Béntang-béntang pajar sina teu cahayaan deui.
Éta peuting sina ngadagoan cahaya nu moal pernah datang.
Éta peuting ulah nepi ka ningali sinar pajar.
10 Sabab dina éta peuting, urang dijurukeun ku indung urang+
Sarta diantep sina nandangan kasusah.
11 Ku naon urang teu maot waktu dilahirkeun?
Ku naon urang teu musna waktu dijurukeun?+
12 Keur naon urang dilalahun ku indung?
Keur naon urang disusuan ku anjeunna?
13 Mun harita urang maot, ayeuna urang pasti keur saré tibra.+
Urang bakal saré jeung ngarasa tenang+
14 Bareng jeung raja-raja di bumi sarta jurunaséhatna,
Nu ngawangun tempat-tempat keur maranéhna sorangan nu ayeuna geus jadi ruruntuhan,
15 Atawa bareng jeung para pangéran* nu boga emas,
Nu imahna pinuh ku pérak.
16 Ku naon urang teu siga orok nu maot di jero kandungan?
Ku naon urang teu siga budak nu teu pernah ningali cahaya?
17 Di jero kubur mah nu jahat moal hariwang deui,
Nu capé gawé gé reureuh tina gawéna.+
18 Di ditu mah para tahanan gé ayem tengtrem,
Teu ngadéngé sora jalma nu maksa maranéhna digawé.
19 Di ditu mah jalma penting jeung jalma biasa téh sarua waé.+
Budak beulian gé dibébaskeun ti dununganana.
20 Ku naon nu sangsara disina terus hirup* ku Allah?
Ku naon nu nalangsa dibéré kahirupan?+
21 Ku naon nu hayang pisan maot teu manggih ajal?+
Kahayang maotna téh leuwih gedé tibatan kahayangna kana harta pependeman.
22 Nu kitu mah atoheun jeung senang pisan
Mun geus manggihan kuburan.
24 Udah-aduh téh geus siga dahareun keur urang.+
Jumerit urang+ ngucur siga cai.
25 Nu dipikasieun nyerang,
Nu dipikahariwang narajang.
26 Urang teu ngarasa ayem, teu tengtrem, jeung teu genah.
Kasusah gé euweuh tungtungna.”