Ayub
30 ”Ari ayeuna, ku nu leuwih ngora gé
Urang diseungseurikeun,
Padahal bapa maranéhna téh
Ngajaga ingon-ingon bareng jeung anjing-anjing urang gé teu pantes.
2 Kakuatan maranéhna euweuh gunana keur urang.
Maranéhna geus béakkeun tanaga.
3 Ku miskin-miskinna, ku lapar-laparna, maranéhna jadi lemah.
Maranéhna ngagayem naon waé nu aya dina tanah nu garing,
Nyaéta tanah nu geus ancur jeung teu diurus.
4 Maranéhna nyabutan daun-daun asin tina rungkun.
Akar-akar pait tina tangkal jadi dahareunana.
5 Maranéhna téh jalma-jalma nu diusir ti masarakat.
Jalma-jalma gogorowokan ka maranéhna kawas ka bangsat.
6 Caricingna téh di lamping-lamping* di sisi leuwi,
Di guha-guha di jero taneuh, sarta di gunung-gunung batu.
7 Maranéhna ngajerit tina rungkun
Sarta pajejel di antara pepelakan liar.
8 Maranéhna téh turunan jalma bodo jeung euweuh gunana.
Ku kituna maranéhna diusir ti lemburna.
9 Tapi ayeuna nu karitu patut moyokan urang malahan dina lagu-lagu maranéhna.
Urang dijadikeun sindiran ku maranéhna.
10 Maranéhna nyingkah lantaran geuleuheun ka urang.
Maranéhna teu asa-asa nyiduhan beungeut urang.
11 Maranéhna teu asa-asa ngalawan urang,
Pédah urang keur direndahkeun jeung dijadikeun teu walakaya ku Allah.
12 Ti beulah katuhu, maranéhna ngarempug urang,
Nu matak urang kudu kabur.
Sajajalan, maranéhna neundeun hahalang-hahalang supaya urang binasa.
13 Maranéhna ngaruksak jalan-jalan urang.
Gara-gara maranéhna, urang jadi beuki sangsara.
Euweuh nu ngahalang-halang* maranéhna deuih.
14 Saolah-olah maranéhna datang liwat témbok nu geus bobol.
Maranéhna narajang tempat nu geus ancur.
15 Urang dilimpudan ku kasieun.
Martabat urang leungit kabawa angin.
Harepan urang pikeun salamet sirna kawas méga* kasapu angin.
16 Ayeuna mah urang geus deukeut kana ajal.
Urang sangsara saban poé.
17 Ari peuting, satulang-tulang nyareri,
Asa dicocogan teu eureun-eureun.
18 Pakéan urang dipurilit-purilit ku kakuatan nu gedé.*
Éta nyekék urang kawas liang beuheung baju nu sempit.
19 Allah miceun urang kana leutak.
Urang jadi kawas kekebul jeung lebu.
20 Abdi ngajerit ménta tulung, tapi ku Gusti teu diwaro.
Abdi cengkat, tapi ku Gusti ngan ditingali hungkul.
21 Ku kejem-kejemna, Gusti nyerang abdi.
Sataker kebek Gusti neunggeul abdi.
22 Ku Gusti abdi diangkat sina diapung-apung ku angin
Tuluy dibuntang-banting ku topan.*
23 Abdi terang Gusti bakal nyandak abdi kana ajal,
Ka pamatuhan sadaya jalmi, tempat maranéhna bakal ngarumpul.
24 Mémangna aya nu téga neunggeul jelema nu teu walakaya*
Waktu manéhna ngajerit ménta tulung lantaran sangsara?
25 Lainna baheula téh urang sok milu ceurik ka nu sangsara
Jeung milu sedih ka nu miskin?
26 Nu diarep-arep téh kahadéan, nu ditarima kalah ka kagoréngan.
Nu didago-dago téh caang, nu datang kalah ka poék.
27 Haté urang guligah teu eureun-eureun.
Saban poé urang sangsara.
28 Urang leumpang bari nguyung, teu ningali panonpoé.
Di antara jalma réa, urang nangtung jeung ngajerit ménta tulung.
29 Urang jadi dulurna anjing leuweung
Sarta baturna manuk onta.
30 Kulit jadi hideung jeung molotok.
Tulang-tulang asa panas kawas kaduruk.*
31 Harpa urang ngan dipaké waktu aya nu sungkawa.
Suling urang dipaké waktu aya nu ceurik.