Ayub
33 ”Tapi Ayub, ayeuna dangukeun kekecapan abdi.
Dangukeun sadaya ucapan abdi.
2 Coba bandungan, abdi badé nyarios.
Abdi kedah nyarios.
3 Kekecapan abdi ngabuktikeun abdi téh bener.
Abdi bakal jujur nyaritakeun kanyaho abdi.
4 Abdi diciptakeun ku kawasa suci Allah.
Ku napas Nu Mahakawasa, abdi hirup.
5 Mangga jawab abdi upami tiasa.
Tepikeun jawaban anjeun, sok siap-siap pikeun ngabéla kasus anjeun.
6 Di hareupeun Allah nu bener, abdi téh sami sareng anjeun,
Sami didamel tina taneuh liket.
7 Jadi ulah sieun ka abdi.
Kekecapan abdi moal ngabeungbeurat anjeun.
8 Abdi ngadangu omongan anjeun.
Abdi teterusan ngadangu anjeun ngomong kieu,
9 ’Urang murni, taya palanggaran.
Urang bersih, taya kasalahan.
10 Tapi Allah boga alesan pikeun ngalawan urang.
Urang dianggap musuh ku Anjeunna.
11 Suku urang dipasung ku Anjeunna.
Sakabéh léngkah urang disidik-sidik ku Anjeunna.’
12 Omongan anjeun téh teu bener, jadi ku abdi badé dijawab:
Allah leuwih hébat tibatan manusa.
13 Ku naon anjeun kukulutus ka Allah?
Pédah omongan anjeun teu aya nu dijawab?
14 Sabenerna Allah tos nyarios mangkali-kali,
Tapi teu aya nu merhatikeun.
15 Anjeunna nyarios dina impian, dina titingalian peuting-peuting,
Waktu jalma-jalma keur sararé tibra,
Waktu maranéhna keur sararé dina kasur.
16 Tuluy Allah muka ceuli maranéhna
Sarta ngabéjakeun paréntah-Na ka maranéhna,
17 Supaya jalma bisa nyingkahan lampah salah,
Sarta supaya jalma teu sombong.
19 Waktu keur gering sarta waktu tulang-tulangna terus karasa nyeri,
Jalma bisa sadar kana kasalahanana,
20 Nepi ka teu hayang dahar-dahar acan.
Kana kabeukina gé manéhna embungeun.
21 Awakna jadi begang pisan,
Tulang-tulangna nepi ka katingali.
22 Nyawana* beuki deukeut kana liang kubur,
Aya nu rék maéhan manéhna.
23 Lamun di antara sarébu utusan*
Aya hiji nu dititah datang ka manéhna
Pikeun méré nyaho naon nu bener,
24 Tuluy Allah nunjukkeun welas asih sarta nyarios,
’Salametkeun manéhna supaya teu turun kana liang kubur!
Kuring geus meunangkeun tebusan keur manéhna!
25 Muga-muga awakna leuwih jagjag* tibatan pas keur ngorana.
Muga-muga manéhna jadi kuat kawas keur ngora.’
26 Manéhna bakal sasambat ka Allah, sarta ku Allah bakal dijawab.
Manéhna bakal ningali raray Anjeunna bari surak gumbira.
Manusa bakal dianggap bener deui ku Anjeunna.
27 Manéhna bakal ngomong ka* jalma-jalma,
’Urang geus dosa sarta ngalampahkeun nu teu bener,
Tapi urang teu dihukum.*
28 Anjeunna tos nebus urang,* supaya urang teu asup kana liang kubur
Sarta bisa terus hirup.’
29 Allah tos mangkali-kali ngalampahkeun hal éta
Keur hiji manusa,
30 Pikeun nyalametkeun manéhna tina liang kubur,
Supaya manéhna bisa dicaangan ku cahaya kahirupan.
31 Ayub, perhatikeun abdi. Dangukeun abdi.
Ulah waka ngajawab, abdi badé terus nyarios.
32 Mun aya nu badé dicarioskeun, sok mangga.
Sok nyarios, lantaran abdi badé ngabuktikeun anjeun téh bener.
33 Mun teu aya nu badé dicarioskeun, mangga dangukeun heula.
Ulah waka nyarios, abdi badé ngajarkeun kabijaksanaan.”