Jabur
116 Abdi nyaah ka Yéhuwa
Lantaran Anjeunna ngadangukeun sora abdi waktu abdi sasambat ménta tulung.+
3 Tali-tali pati meulit abdi,
Kuburan ngagenggem abdi.+
Abdi jadi nalangsa jeung sedih.+
4 Tapi abdi sasambat ka nami Yéhuwa,+
”Nun Yéhuwa, salametkeun abdi!”
6 Yéhuwa ngajaga jalma nu can boga pangalaman.+
Waktu abdi keur teu walakaya, Anjeunna nyalametkeun abdi.
7 Abdi* bakal ngarasa tengtrem deui
Lantaran Yéhuwa tos bageur ka abdi.
8 Gusti tos nyalametkeun abdi tina maot,
Nyusutan cipanon abdi sarta ngajaga suku abdi ngarah teu titajong.+
9 Sapanjang hirup, abdi bakal leumpang hareupeun Yéhuwa.
10 Abdi terus nyarita sabab abdi boga iman,+
Sanajan abdi téh sangsara pisan.
11 Basa keur sieun, abdi ngomong,
”Kabéh jalma téh tukang bohong.”+
12 Naon atuh pamulang abdi ka Yéhuwa
Kana sagala kasaéana-Na ka abdi?
13 Abdi bakal nginum tina* gelas tanda ngucap sukur lantaran Anjeunna tos nyalametkeun abdi.
Abdi bakal sasambat ka nami Yéhuwa.
14 Abdi bakal nedunan ikrar ka Yéhuwa
Hareupeun sakabéh umat-Na.+
15 Yéhuwa leungiteun pisan
Waktu hamba-hamba-Na nu satia maot.+
16 Nun Yéhuwa, abdi nyuhunkeun pitulung,
Da abdi téh hamba Gusti.
Abdi ngabdi ka Gusti, sakumaha pun biang ngabdi ka Gusti.
Tali nu ngabeulit abdi tos dileupaskeun ku Gusti.+
17 Abdi bakal nyanggakeun kurban pikeun ngucap sukur ka Gusti,+
Abdi bakal sasambat ka nami Yéhuwa.