Jabur
Jabur karangan Daud.
144 Mugia Yéhuwa, Gunung Batu abdi, dipuji.
Anjeunna nu ngalatih abdi perang
Sarta ngajar abdi pikeun ngalawan musuh.
2 Anjeunna nyaah* ka abdi, Anjeunna bénténg abdi.
Anjeunna panyalindungan* nu aman sarta Jurusalamet abdi.
Anjeunna téh taméng abdi, tempat abdi nyalindung,
Allah nu nalukkeun bangsa-bangsa ka abdi.
3 Nun Yéhuwa, naon atuh manusa téh dugi ka diémut ku Gusti?
Manusa téh naon dugi ka diperhatikeun ku Gusti?
4 Manusa mah kawas napas sarénghap,
Hirupna ngan sakolépat kawas kalangkang.*
5 Nun Yéhuwa, caketkeun* langit Gusti ka dieu, mangga Gusti turun,
Cabak gunung-gunung sina ngarebul.
6 Burinyaykeun kilat, sina musuh-musuh paburencay.
Belesatkeun panah-panah Gusti ngarah maranéhna paburisat.
7 Sodorkeun panangan Gusti ti luhur.
Salametkeun abdi tina cai nu motah,
Luputkeun abdi tina genggeman urang asing.
8 Maranéhna téh sok ngawadul
Sarta ngangkat leungeun katuhu pikeun nyieun sumpah palsu.
9 Nun Allah, abdi badé nyanyi lagu anyar kanggo Gusti.
Abdi badé ngawihkeun pupujian bari diiring ku harpa gedé,
10 Kanggo Allah nu masihan kaunggulan* ka raja-raja,
Nu nyalametkeun Daud hamba-Na ti jalma-jalma nu hayang maéhan manéhna ku pedang.
11 Salametkeun jeung luputkeun abdi tina genggeman urang asing.
Maranéhna téh sok ngawadul
Sarta ngangkat leungeun katuhu pikeun nyieun sumpah palsu.
12 Ku kituna, barudak lalaki abdi sadaya bakal kawas pepelakan anu gancang tumuwuhna,
Barudak awéwé abdi sadaya bakal kawas tihang-tihang nu ngahias juru-juru istana.
13 Gudang-gudang abdi sadaya bakal pinuh ku sagala rupa hasil panén.
Ingon-ingon abdi sadaya nu aya di tegalan bakal nambahan mangrebu-rébu kali lipet, nepi ka teu kaitung lobana.
14 Sapi abdi sadaya nu keur reuneuh moal cilaka atawa kaluron.
Moal aya jalma nu ceurik di lapangan-lapangan kota.
15 Bagja bangsa nu narima berkah-berkah ieu!
Bagja bangsa nu Allahna téh Yéhuwa!