Jabur
Jabur karangan Daud. Maskil.*
32 Bagja jalma anu kasalahanana dihampura, nu dosana dipupus.
2 Bagja jalma anu teu dianggap salah ku Yéhuwa,
Jalma nu tara nipu.
3 Satungtung can ngaku dosa mah, abdi leuleus lantaran guligah* sapoé jeput.
4 Siang wengi abdi dibeungbeuratan ku panangan Gusti.*
Kakuatan abdi leungit lir cai kaserot ku surya di usum* panas. (Sela)
5 Ahirna abdi ngakukeun dosa abdi ka Gusti.
Abdi teu nutupan kasalahan abdi.
Ceuk abdi téh, ”Abdi badé ngakukeun dosa abdi ka Yéhuwa.”
Tuluy kasalahan jeung dosa abdi dihampura ku Gusti. (Sela)
6 Éta sababna unggal jalma nu satia bakal ngadoa ka Gusti,
Salami Gusti tiasa dipendakan.
Maranéhna moal bakal katarajang ku banjir kasusah.
7 Keur abdi mah, Gusti téh tempat panyumputan.
Gusti bakal ngajaga abdi dina mangsa kasusah.
Abdi dikurilingan ku surak gumbira lantaran Gusti nyalametkeun abdi. (Sela)
8 Saur Gusti, ”Kuring bakal méré pangarti ka manéh, sarta nuduhkeun jalan nu samistina.
Kuring rék mapatahan bari merhatikeun manéh.
9 Ulah siga kuda atawa bagal nu teu boga akal sarta liar,
Nepi ka kudu dikadalikeun ku kekang atawa tali
Ngarah nurut ka manéh.”
10 Jalma jahat mah loba kasusahna,
Tapi jalma nu percaya ka Yéhuwa dikurilingan ku asih satia-Na.
11 Hé jalma-jalma bener, sing bungah jeung gumbira ku karana Yéhuwa.
Hé kabéh nu haténa bener, geura sarurak gumbira.