Jabur
Jabur karangan Daud.
35 Nun Yéhuwa, béla abdi waktu musuh-musuh ngalawan abdi,
Panglawankeun jalma-jalma nu nyerang abdi.
2 Candak taméng Gusti nu alit jeung nu ageung.
Ka dieu, tulungan abdi.
3 Angkat tumbak jeung kampak Gusti, lawan jalma-jalma nu ngudag abdi.
Nyarios atuh ka abdi, ”Kuring nu bakal nyalametkeun manéh.”
4 Mugia nu ngincer nyawa abdi dihina jeung direndahkeun.
Mugia nu sakongkol rék ngabinasakeun abdi mundur jeung éra.
5 Mugia maranéhna siga huut nu katebak ku angin.
Mugia malaikat Yéhuwa nyingkirkeun maranéhna.
6 Mugia jalan maranéhna poék jeung leueur
Waktu malaikat Yéhuwa ngudag maranéhna,
7 Sabab teu puguh-puguh maranéhna nyumputkeun jaring keur ngajiret abdi.
Maranéhna teu puguh-puguh ngagali lombang keur néwak abdi.
8 Mugia maranéhna ujug-ujug keuna ku musibat.
Mugia maranéhna kajiret ku jaring nu disumputkeun ku maranéhna sorangan.
Mugia maranéhna kajiret ku jaringna sorangan, tuluy binasa.
9 Sabalikna, abdi mah bakal bungah ku karana Yéhuwa.
Abdi bakal gumbira lantaran disalametkeun ku Anjeunna.
10 Ku sapinuh haté, abdi ngucap kieu,
”Nun Yéhuwa, saha anu sapertos Gusti?
Gusti nyalametkeun jalma nu teu walakaya ti jalma nu leuwih kuat,
Nyalametkeun jalma nu teu walakaya jeung miskin ti jalma nu ngarampog maranéhna.”
11 Saksi-saksi jahat maju,
Maranéhna nuduh nu henteu-henteu, nu teu dipikanyaho ku abdi.
12 Kahadéan abdi dibales ku kajahatan,
Nepi ka abdi ngarasa sedih pisan.
13 Waktu maranéhna gering, abdi maké kaén goni,
Abdi puasa tanda ngarendahkeun diri.
Waktu abdi ngadoakeun maranéhna tapi teu dijawab-jawab,
14 Abdi leumpang ka ditu ka dieu bari sedih kawas kaleungitan sobat atawa dulur.
Abdi tungkul lantaran sedih kawas jalma nu kaleungitan indungna.
15 Tapi waktu abdi titajong, maranéhna bungah,
Tuluy maranéhna ngariung lantaran rék cicing-cicing nyerang abdi.
Maranéhna ngajejewét abdi bari terus mitnah abdi.
16 Jalma doraka moyok jeung ngahina ka abdi.*
Bakating ku ambek, huntuna nepi ka tingkereket.
17 Nun Yéhuwa, nepi ka iraha Gusti ngan saukur ningalikeun?
Salametkeun abdi ti serangan maranéhna,
Luputkeun nyawa abdi ti singa-singa ngora.*
18 Jadi abdi tiasa ngucap sukur ka Gusti di antara kumpulan jamaah.
Abdi bakal muji Gusti di tengah-tengah jalma réa.
19 Jalma-jalma nu teu pupuguh ngamusuhan abdi ulah diantep ngékéak abdi.
Jalma-jalma nu teu pupuguh ngéwa ka abdi ulah diantep moyokan abdi.
20 Tina omonganana, kaciri maranéhna téh embung akur jeung batur.
Maranéhna gé nyieun siasat licik keur jalma-jalma anu hirupna rukun.
21 Maranéhna hohoak nuduh abdi.
Ceuk maranéhna, ”Tah, kaperegok siah manéh.”
22 Nun Yéhuwa, Gusti tos ningali. Ulah teu ngawaler.
Nun Yéhuwa, ulah jauh ti abdi.
23 Perhatikeun sareng béla abdi.
Béla kasus hukum abdi, nun Yéhuwa, Allah abdi.
24 Waktu ngahakiman abdi, pasihan abdi kaadilan, nun Yéhuwa Allah abdi.
Ulah nepi ka maranéhna ngékéak abdi.
25 Ulah nepi ka maranéhna ngomong kieu, ”Naon nu dipikahayang téh geus beunang.”
Ulah nepi ka maranéhna ngomong kieu, ”Urang geus ngancurkeun manéhna.”
26 Kabéh nu ngékéak kasusah abdi, keun sina éra jeung ngarasa hina.
Jalma nu ngaku leuwih hébat tibatan abdi,
Keun sina éra jeung direndahkeun
27 Tapi saha waé anu bungah lantaran abdi bener, mugia maranéhna sarurak gumbira.
Mugia maranéhna terus ngucapkeun kieu,
”Mugia Yéhuwa diagungkeun, Anjeunna resep kana karukunan di antara hamba-Na.”
28 Ku kituna abdi bakal nyaritakeun* tindakan Gusti nu bener
Sarta muji Gusti sadinten jeput.