Budalan
1 Jadi waktu Yakub, nyaéta Israél, indit ka Mesir, anak-anak lalakina jeung kulawargana masing-masing gé milu. Ieu ngaran anak-anak lalaki Yakub: 2 Rubén, Siméon, Léwi, Yéhuda, 3 Isakhar, Zébulon, Bényamin, 4 Dan, Naftali, Gad, jeung Asyér. 5 Kabéh turunan Yakub téh aya 70 urang, ari Yusuf mah geus ti heula aya di Mesir. 6 Ahirna Yusuf, adi lanceukna, sarta sakabéh jalma nu hirup sajaman jeung manéhna* maraot. 7 Urang Israél boga loba anak sarta jumlahna beuki ngalobaan. Ngalobaanana téh gancang pisan sarta maranéhna beuki kuat nepi ka minuhan sakuliah nagri.
8 Ka dieunakeun, aya raja anyar di Mesir nu teu wawuh ka Yusuf. 9 Manéhna ngomong ka rahayatna, ”Urang Israél téh leuwih loba jeung leuwih kuat tibatan urang. 10 Hayu urang akalan ngarah maranéhna teu ngalobaan. Sabab lamun henteu, engké pas aya perang, maranéhna bakal ngagabung jeung musuh tuluy nyerang urang sarta ninggalkeun ieu nagri.”
11 Jadi urang Mesir ngangkat mandor-mandor pikeun jadi pangawas urang Israél. Maranéhna ditindes jeung dipaksa gawé beurat ku mandor-mandor éta. Urang Israél dititah ngabangun Pitom jeung Raamsés, nyaéta kota-kota tempat nyimpen dahareun jeung barang-barangna Firaun. 12 Tapi beuki ditindes, maranéhna kalah ka beuki ngalobaan jeung beuki nyebar. Ku kituna, urang Mesir jadi sieun jeung ngéwa pisan ka maranéhna. 13 Atuh urang Mesir beuki kejem ka urang Israél. Maranéhna diperbudak ku urang Mesir. 14 Maranéhna sangsara pisan lantaran kudu gawé beurat. Maranéhna dititah nyieun adukan taneuh liket jeung batu bata, sarta dipaksa migawé rupa-rupa pagawéan di tegalan. Urang Mesir kejem pisan ka maranéhna. Maranéhna diperbudak jeung dipaksa migawé sagala rupa pagawéan nu beurat.
15 Ka dieunakeun, raja Mesir ngomong ka dua bidan Ibrani nu ngaranna Syifra jeung Pua. 16 Ceuk manéhna, ”Waktu maranéh nulungan awéwé Ibrani ngalahirkeun, sok tempo, lamun orokna lalaki paéhan, lamun awéwé keun sina hirup.” 17 Tapi dua bidan éta téh hormat* ka Allah nu bener. Jadi paréntah raja Mesir teu diturut ku maranéhna, euweuh orok lalaki nu dipaéhan. 18 Ku kituna, raja Mesir ngageroan dua bidan éta tuluy nanya, ”Ku naon orok-orok lalaki téh teu dipaéhan?” 19 Dua bidan éta ngajawab Firaun, ”Awéwé Ibrani mah bénten ti awéwé Mesir. Maranéhna téh karuat. Jadi sateuacan bidan dongkap, maranéhna tos ngalahirkeun.”
20 Ku kituna, dua bidan éta diberkahan ku Allah, sarta urang Israél beuki ngalobaan jeung beuki kuat. 21 Lantaran dua bidan éta hormat* ka Allah nu bener, Allah ngaberkahan maranéhna. Maranéhna jadi baroga budak. 22 Ahirna Firaun méré paréntah ka sakabéh rahayatna, ”Kabéh orok lalaki Ibrani nu kakara lahir téh alungkeun ka Walungan Nil, ari nu awéwé mah keun sina hirup.”