PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Budalan 21
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Budalan

      • Hukum keur Israél (1-36)

        • Ngeunaan urang Ibrani nu jadi budak beulian (2-11)

        • Ngeunaan kajahatan ka sasama (12-27)

        • Ngeunaan sasatoan (28-36)

Budalan 21:1

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 24:3; Pam 4:14

Budalan 21:2

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 25:39, 40
  • +Pam 15:12

Budalan 21:4

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 15:12

Budalan 21:5

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 15:16, 17

Budalan 21:10

Catetan Handap

  • *

    Maksudna, kawajiban séksual.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Kor 7:3

Budalan 21:12

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 9:6; Bil 35:30; Mat 5:21

Budalan 21:13

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 35:11, 22-25; Pam 4:42; 19:3-5; Yos 20:7-9

Budalan 21:14

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 15:30
  • +Pam 19:11, 12; 1Raj 1:50; 2:29; 1Yah 3:15

Budalan 21:15

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 20:12

Budalan 21:16

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 40:15
  • +Kaj 37:28
  • +Pam 24:7

Budalan 21:17

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 20:9; Sil 20:20; 30:11, 17; Mat 15:4

Budalan 21:18

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”neunggeul lawanna maké alat”.

Budalan 21:20

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 9:5, 6; Ima 24:17

Budalan 21:22

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Jab 139:16; Yér 1:5
  • +Bud 18:25, 26; Pam 16:18; 17:8

Budalan 21:23

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 9:6; Ima 24:17; Bil 35:31; Why 21:8

Budalan 21:24

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 24:20; Mat 5:38

Budalan 21:26

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Éf 6:9; Kol 4:1

Budalan 21:28

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 9:5; Bil 35:33

Budalan 21:32

Catetan Handap

  • *

    1 syékel = 11,4 g. Tingali Lamp. B14.

Budalan 21:34

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 22:6, 14; Pam 22:8

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Bud. 21:1Bud 24:3; Pam 4:14
Bud. 21:2Ima 25:39, 40
Bud. 21:2Pam 15:12
Bud. 21:4Pam 15:12
Bud. 21:5Pam 15:16, 17
Bud. 21:101Kor 7:3
Bud. 21:12Kaj 9:6; Bil 35:30; Mat 5:21
Bud. 21:13Bil 35:11, 22-25; Pam 4:42; 19:3-5; Yos 20:7-9
Bud. 21:14Bil 15:30
Bud. 21:14Pam 19:11, 12; 1Raj 1:50; 2:29; 1Yah 3:15
Bud. 21:15Bud 20:12
Bud. 21:16Kaj 40:15
Bud. 21:16Kaj 37:28
Bud. 21:16Pam 24:7
Bud. 21:17Ima 20:9; Sil 20:20; 30:11, 17; Mat 15:4
Bud. 21:20Kaj 9:5, 6; Ima 24:17
Bud. 21:22Jab 139:16; Yér 1:5
Bud. 21:22Bud 18:25, 26; Pam 16:18; 17:8
Bud. 21:23Kaj 9:6; Ima 24:17; Bil 35:31; Why 21:8
Bud. 21:24Ima 24:20; Mat 5:38
Bud. 21:26Éf 6:9; Kol 4:1
Bud. 21:28Kaj 9:5; Bil 35:33
Bud. 21:34Bud 22:6, 14; Pam 22:8
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
  • 35
  • 36
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Budalan 21:1-36

Budalan

21 ”Ieu hukum nu kudu ditepikeun ka maranéhna:+

2 ”Mun manéh meuli urang Ibrani pikeun dijadikeun budak beulian,+ manéhna bakal jadi budak beulian salila genep taun. Tapi dina taun nu katujuh, manéhna kudu dibébaskeun jeung teu kudu mayar nanaon.+ 3 Mun waktu dibeuli téh manéhna can kawin, nu dibébaskeun ngan manéhna sorangan. Tapi mun waktu dibeuli téh manéhna geus boga pamajikan, pamajikanana kudu milu jeung manéhna. 4 Mun manéhna dikawinkeun ku dununganana, tuluy pamajikanana ngalahirkeun anak lalaki atawa awéwé, nu dibébaskeun téh ngan manéhna wungkul. Pamajikanana sarta anak-anakna bakal jadi milik dununganana.+ 5 Tapi mun éta budak beulian embung indit terus ngomong, ’Abdi nyaah ka dunungan, pamajikan, jeung anak-anak abdi. Abdi embung dibébaskeun,’+ 6 dununganana kudu nitah manéhna nyarandé kana panto atawa kusén panto. Tuluy ceulina bakal ditindik ku dununganana hareupeun Allah nu sajati. Manéhna bakal jadi budak beulian saumur hirupna.

7 ”Mun aya bapa nu ngajual anak awéwéna pikeun dijadikeun budak beulian, anak awéwé éta moal dibébaskeun cara budak beulian lalaki dibébaskeun. 8 Lamun dununganana teu resepeun ka manéhna sarta moal ngajadikeun manéhna selir, tuluy hayang ngajual manéhna ka batur, dijualna teu meunang ka urang asing, lantaran dununganana geus ingkar tina jangjina. 9 Lamun dununganana hayang ngawinkeun éta budak beulian jeung anak lalakina, éta budak beulian kudu dianggap anakna sorangan. 10 Lamun anak dununganana kawin deui, manéhna kudu tetep nyadiakeun dahareun, baju, jeung ngajalankeun kawajibanana*+ ka pamajikanana nu mimiti. 11 Lamun tilu hal éta teu dicumponan ku salakina, éta budak beulian bisa bébas jeung teu kudu mayar nanaon.

12 ”Saha waé nu neunggeul batur nepi ka maot kudu dipaéhan.+ 13 Tapi lamun kajadianana teu dihaja sarta teu dihalangan ku Allah nu sajati, manéhna meunang kabur ka tempat nu bakal ditangtukeun ku Kuring.+ 14 Mun aya jalma nu ambek pisan nepi ka ngahaja maéhan batur,+ manéhna kudu dipaéhan sanajan manéhna kabur ka mézbah Kuring.+ 15 Jalma nu neunggeul bapana atawa indungna kudu dipaéhan.+

16 ”Mun aya jalma nu nyulik batur+ tuluy nahan atawa ngajual manéhna,+ éta jalma kudu dipaéhan.+

17 ”Mun aya jalma nu nyumpahan bapana atawa indungna, manéhna kudu dipaéhan.+

18 ”Mun aya nu paséa tuluy salah sahiji neunggeul maké batu atawa nonjok lawanna,* sarta lawanna teu maot tapi kapaksa nambru dina kasur, ieu nu kudu dilampahkeun: 19 Lamun lawanna bisa hudang sarta leumpang maké iteuk, nu neunggeulna teu kudu dihukum, tapi kudu nganapkahan lawanna salila manéhna teu bisa digawé nepi ka manéhna cageur.

20 ”Mun aya dunungan nu neunggeul budak beulianana nu lalaki atawa awéwé maké tongkat nepi ka maot, dununganana kudu dihukum.+ 21 Tapi, mun éta budak beulian kakara maot isukna atawa pagétona, dununganana teu kudu dihukum, sabab manéhna geus kaleungitan budak beulian nu dibeuli maké duitna sorangan.

22 ”Mun aya nu gelut tuluy teu kahaja nyilakakeun awéwé nu keur ngandung nepi ka ngalahirkeun saacan waktuna,+ tapi indung jeung orokna salamet, nu neunggeulna kudu mayar ganti rugi sapaménta salakina, tapi jumlahna kudu cocog jeung putusan para hakim.+ 23 Tapi lamun éta awéwé atawa orokna maot, nyawa kudu dibayar ku nyawa.+ 24 Lamun aya anu kumaonam, panon bayar panon, huntu bayar huntu, leungeun bayar leungeun, suku bayar suku.+ 25 Lamun aya nu kaduruk, bohak, atawa geuneuk, jalma nu ngalampahkeunana kudu dikitukeun ogé.

26 ”Mun aya dunungan nu neunggeul panon budak beulianana nu lalaki atawa awéwé nepi ka lolong, manéhna kudu ngabébaskeun budak beulianana keur ganti rugi panonna.+ 27 Atawa lamun aya nu neunggeul budak beulianana nu lalaki atawa awéwé nepi ka huntuna coplok, manéhna kudu ngabébaskeun budak beulianana keur ganti rugi huntuna.

28 ”Mun aya sapi nubruk hiji lalaki atawa awéwé nepi ka maot, sapina kudu dibalédogan ku batu nepi ka paéh.+ Dagingna teu meunang didahar. Anu bogana teu kudu dihukum. 29 Tapi lamun sapina mémang sok tutubruk baé sarta nu bogana geus diingetan, jeung sapina tetep dikencarkeun tuluy nubruk hiji lalaki atawa awéwé nepi ka maot, sapina kudu dibalédogan ku batu nepi ka paéh sarta nu bogana gé kudu dipaéhan. 30 Tapi lamun nu bogana dititah mayar pikeun nebus nyawana, manéhna kudu mayar saharga nu dipénta. 31 Lamun nubrukna ka anak lalaki atawa awéwé, hukumna gé sarua. 32 Lamun nubrukna ka budak beulian lalaki atawa awéwé, nu bogana kudu mayar 30 syékel* pérak ka dunungan éta budak beulian, ari sapina mah kudu dibalédogan ku batu nepi ka paéh.

33 ”Mun aya nu muka panutup lombang atawa aya nu ngagali lombang tapi teu ditutup deui, tuluy aya sapi atawa kaldé nu tigebrus ka dinya, 34 manéhna kudu mayar ganti rugi ka nu boga satona,+ ari sato nu paéh éta bakal jadi milikna. 35 Mun aya sapi nubruk sapi batur nepi ka paéh, sapi nu hirup kénéh kudu dijual tuluy duitna dibagi dua. Sapi nu paéh gé kudu dibagi dua. 36 Lamun nu bogana nyahoeun sapina téh sok tutubruk baé tapi tetep dikencarkeun, manéhna kudu ngagantian sapi nu paéh ku sapi deui, tuluy sapi nu paéhna bakal jadi milikna.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun