Siloka
26 Lir salju dina usum* halodo jeung hujan dina usum panén,
Nya kitu ogé, kahormatan téh teu cocog keur jalma bodo.
2 Manuk moal teu pupuguh kabur, walét moal teu pupuguh hiber,
Nya kitu ogé jalma dikutuk téh pasti aya sababna.*
3 Pecut téh jang kuda, tali kekang jang kaldé,
Ari tongkat mah jang ngagebug tonggong jalma bodo.
4 Ulah ngajawab jalma bodo kawas jalma bodo deui,
Engké manéh sarua bodona.
5 Jalma bodo mah jawab ku kabodoanana,
Ngarah manéhna teu ngarasa bijaksana.
6 Mercayakeun pasualan ka jalma bodo téh
Ibarat nyacadan suku sorangan jeung nyilakakeun diri sorangan.
7 Jalma bodo nu ngucapkeun paribasa téh
Ibarat jalma cacad nu sukuna pincang.
8 Méré pujian ka jalma bodo mah
Ibarat nalikeun batu kana bandring.
9 Paribasa nu diucapkeun ku jalma bodo téh
Ibarat rungkun cucuk dina leungeun tukang mabok.
10 Méré gawé ka jalma bodo atawa ka nu kabeneran ngaliwat téh
Ibarat tukang panah nu asal manah.*
11 Jalma bodo nu ngalampahkeun deui kabodoanana téh
Ibarat anjing nu ngadahar deui utahna.
12 Pernah teu panggih jeung jalma nu ngarasa diri bijaksana?
Leuwih gampang jalma bodo ngarobah kalakuanana, tibatan jalma modél kitu.
13 Ceuk nu kedul, ”Aya singa ngora di jalan,
Aya singa di lapangan!”
14 Nu kedul mah gogoléran wéh di tempat saréna,
Cara panto galar-gilir dina éngsélna.
15 Aya jelema anu ku kedul-kedulna nepi ka ngahuap gé capé,
Padahal leungeunna geus aya dina mangkok.
16 Nu kedul mah ngarasa diri leuwih bijaksana
Tinimbang tujuh jelema anu jawabanana asup akal.
17 Jalma nu ambek* waktu ningali batur paséa padahal manéhna ngan saukur ngaliwat téh
Ibarat jelema anu ngabenyéng ceuli anjing.
18 Kawas jelema édan nu mesatkeun panah-panah seuneu jeung tumbak nu bisa maéhan jalma,
19 Tah kitu jalma nu teungteuingeun ngalicikan* batur tapi ngomong kieu, ”Urang mah ngan heureuy”.
20 Seuneu lamun teu disuluhan mah pareum,
Pacékcokan gé lamun euweuh tukang pitnah mah eureun.
21 Ku areng, ruhak jadi ruhay. Ku suluh, seuneu ngagedur.
Nya kitu ogé, gara-gara jalma nu resep paséa, masalah jadi beuki gedé.
22 Omongan tukang pitnah téh jiga dahareun ngeunah,
Langsung dilegleg asup kana beuteung.
23 Ucapan manis ti jalma nu haténa jahat téh
Kawas sesemplékan pariuk taneuh nu dipulas hérang ku pérak.
24 Aya jalma nu nutupan kangéwana ka batur ku omongan,
Padahal niat haténa mah nipu.
25 Kadé, tong percaya najan omonganana ngeunah kadéngéna,
Sabab haténa téh pinuh ku perkara nu pikageuleuheun.*
26 Sanajan bisa nipu pikeun nyumputkeun kangéwana,
Kajahatanana bakal dibolékérkeun hareupeun jalma-jalma.
27 Jalma nu ngagali lombang bakal tigebrus kana éta lombang.
Jalma nu ngagilindingkeun batu, bakal kagencét ku éta batu.
28 Jalma ngabohong téh lantaran ngéwa ka jalma nu dirugikeun ku manéhna.
Jalma nu sok muji-muji batur matak nyilakakeun batur.