Siloka
25 Ieu aya kénéh paribasa Sulaéman anu disalin ku bawahanana Raja Hizkia ti Yéhuda:
2 Allah dimulyakeun ku lantaran ngarasiahkeun hiji perkara,
Raja-raja dimulyakeun ku lantaran taliti mariksa hiji perkara.
3 Moal aya nu nyaho eusi haté raja.
Éta téh lir luhurna langit, lir jerona bumi.
4 Singkirkeun tai hiang dina pérak,
Sangkan pérakna jadi murni.
5 Singkirkeun nu jahat ti hareupeun raja,
Sangkan pamaréntahanana kukuh jeung adil.
6 Ulah ngagulkeun diri hareupeun raja
Jeung ulah diuk di antara jalma-jalma penting,
7 Sabab mending kénéh raja ngomong kieu, ”Hayu ka dieu,”
Tibatan manéh diéra-éra hareupeun para pajabat.
8 Ulah buru-buru ngadukeun perkara ka pangadilan,
Sabab mun engké batur ngabuktikeun manéh salah, rék kumaha?
9 Béréskeun heula masalah jeung manéhna,
Tapi ulah nepi ka ngabongkar rasiahna*
10 Ngarah manéh teu diéra-éra ku nu ngadéngékeun,
Da kagoréngan* nu diucapkeun ku manéh téh moal bisa ditarik deui.
11 Kekecapan mun diucapkeun dina waktu nu pas téh
Ibarat aapelan emas dina wadah pérak.
12 Keur jalma nu daék ngadéngékeun mah naséhat ti jalma bijaksana téh
Ibarat anting emas jeung perhiasan tina emas murni.
13 Utusan nu satia téh
Matak seger keur dununganana,
Ibarat tiisna salju dina panasna usum panén.
14 Aya nu ngomongna rék méré hadiah, ari pék téh henteu.
Nu kitu téh ibarat angin jeung méga* mendung tapi teu hujan-hujan.
15 Kasabaran bisa nalukkeun saurang komandan,
Ucapan nu lemah lembut bisa motongkeun tulang.
16 Lamun nimu madu, pék dahar sacukupna,
Ari loba teuing mah bisi utah.
17 Lamun nganjang ka imah batur ulah mindeng teuing,
Bisi boseneun, tungtungna ngéwa ka manéh.
18 Jelema anu méré katerangan palsu hal baturna téh
Ibarat jelema anu nyerang maké palu, pedang, jeung panah méncos.
19 Ngarepkeun jalma nu teu bisa diandelkeun* pas keur susah téh
Ibarat huntu ungger dipaké ngégél, suku cingked dipaké ngaléngkah.
20 Jalma nu ngadon nyanyi pas batur keur susah haté téh
Ibarat jalma nu ngalaanan baju pas keur tiris,
Ibarat cuka nu dikucurkeun kana soda.*
21 Mun musuh* manéh lapar, béré dahar.
Mun haus, béré nginum.
22 Ku cara kitu, manéhna bakal leuleuy kawas logam nu lééh ku seuneu.*
Yéhuwa gé bakal ngaberkahan manéh.
23 Angin kalér téh matak pihujaneun,
Létah nu sok ngomongkeun batur téh matak piambekeun.
24 Mending kénéh cicing di juru hateup*
Tibatan saimah jeung pamajikan anu resep paséa.
25 Ngadéngé béja hadé ti nagri nu jauh téh
Ibarat nginum citiis pas keur haus.
26 Jalma bener nu nyerah ka* nu jahat téh
Ibarat cinyusu anu kiruh ku leutak, ibarat sumur anu diracun.
27 Dahar madu ari loba teuing mah teu hadé.
Nya kitu ogé, hayang kapuji ku batur téh teu hadé.
28 Jalma nu teu bisa nahan amarah téh
Ibarat kota nu témbokna geus runtuh.