Siloka
9 Kabijaksanaan nu sajati geus ngabangun imah,
Manéhna masang tujuh tihang.
2 Daging geus disiapkeun* ku manéhna,
Cianggur geus dicampur rempah-rempah,
Méja gé geus beunang ditata.
3 Seug manéhna ngutus palayan-palayan awéwéna
Sina ngageroan jalma-jalma ti tempat nu laluhur di kota, kieu cenah,
4 ”Nu teu baroga pangalaman, sok ka darieu.”
Ka nu kurang pangarti, kabijaksanaan gé ngomong kieu,
5 ”Sok ka darieu, geura dalahar roti
Jeung ngarinum cianggur nu geus dicampur ku kuring.
6 Lamun hayang panjang umur, tong teterusan jadi jalma bodo,*
Tuturkeun jalan pangarti.”
7 Mapatahan nu sok moyokan mah sarua jeung ménta dihina,
Ngélingan jalma jahat mah matak nyeri haté.
8 Nu sok moyokan mah teu kudu diélingan, engké manéh kalah ka dipikangéwa.
Nu kudu diélingan téh jalma bijaksana, lantaran bakal nyaah ka manéh.
9 Ajar jalma nu bijaksana, engké manéhna jadi leuwih bijaksana.
Ajar jalma bener, engké kanyahona beuki nambahan.
10 Supaya bisa meunangkeun kabijaksanaan, jalma téh kudu hormat* ka Yéhuwa.
Supaya bisa meunangkeun pangarti, jalma téh kudu boga kanyaho* ngeunaan Nu Mahasuci.
11 Lamun boga kabijaksanaan, umur manéh bakal ditambahan,
Jeung manéh bakal panjang umur.
12 Lamun manéh bijaksana, untungna keur manéh kénéh,
Tapi ari sok moyokan mah, nya manéh sorangan nu rugi.
13 Awéwé bodo mah céréwéd pisan.
Manéhna téh kurang pangarti jeung teu nyaho nanaon.
14 Manéhna diuk di lawang imahna,
Nu aya di tempat luhur di kota.
15 Manéhna ngageroan nu laliwat,
Anu keur malikiran urusanana sorangan, kieu cenah,
16 ”Nu teu baroga pangalaman, sok ka darieu.”
Ka nu kurang pangarti, manéhna ngomong kieu,
17 ”Cai beunang maling téh karasana meni amis,
Kadaharan nu didaharna susulumputan téh karasana meni ngeunah.”
18 Tapi nu jaradi korbanna téh teu nyarahoeun yén di imahna geus loba nu paraéh,
Tamu-tamuna aya di Kuburan* nu jero.