PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Pandita 10
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Pandita

      • Kabodoan nu teu pira ngaruksak kabijaksanaan (1)

      • Bahayana teu boga kabijaksanaan (2-11)

      • Jalma bodo mah sangsara (12-15)

      • Para pangawasa nu bodo (16-20)

        • Manuk bisa nepikeun omongan manéh (20)

Pandita 10:2

Catetan Handap

  • *

    As. ”haténa aya dina leungeun katuhuna”.

  • *

    As. ”haténa aya dina leungeun kéncana”.

Pandita 10:6

Catetan Handap

  • *

    As. ”beunghar”.

Pandita 10:9

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”kudu ati-ati”.

Pandita 10:20

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”ngagogoréng”.

  • *

    Atawa bisa jadi ”di tempat saré”.

  • *

    As. ”mahluk nu hiber di langit”.

  • *

    Atawa ”sora”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Pandita 10:1-20

Pandita

10 Ku bangké laleur, minyak seungit jadi bau jeung ngabudah. Kitu ogé ku kabodoan nu teu pira, ngaran seungit jalma nu bijaksana jeung dihormat jadi ruksak.

2 Jalma nu bijaksana, haténa téh nungtun kana jalan nu bener.* Ari nu bodo mah haténa nungtun kana jalan nu salah.* 3 Rék leumpang ka jalan mana waé gé, nu bodo mah angger wéh kurang pangarti. Kabodoanana kaciri ku jalma-jalma.

4 Mun diambek ku pangawasa, ulah nyingkah ti dinya, lantaran mun manéh tenang, dosa gedé gé bisa disingkahan.

5 Kuring nempo hal nu nyusahkeun haté di dunya, ieu téh kasalahan nu sok dijieun ku jalma-jalma nu baroga kawasa: 6 Jalma bodo dibéré kadudukan luhur, ari jalma tarampil* mah kadudukanana tetep di handap.

7 Kuring nempo para palayan tarumpak kuda, ari para pajabat laleumpang cara palayan.

8 Ngagali lombang matak tigebrus, ngabobok témbok batu matak dipacok oray.

9 Nu digawé di tambang batu bisa kabentur ku batu, nu meulah kai bisa cilaka.*

10 Mun kampak mintul jeung teu diasah, gawé téh beuki beurat. Tapi mun maké kabijaksanaan, hasilna tangtu hadé.

11 Ari geus kapiheulaan dipacok mah percumah aya tukang jampé jang ngalilindeuk oray gé.

12 Ucap-ucapan jalma bijaksana téh pikaresepeun, ari biwirna jalma bodo mah nyilakakeun dirina sorangan. 13 Nu mimiti diucapkeun ku jalma bodo téh kabodoan, tungtungna omonganana ngaco jeung ngadatangkeun musibat. 14 Tapi nu bodo mah hayoh wéh ngomong.

Manusa mah teu nyaho naon nu bakal kajadian, jadi saha nu bisa méré nyaho ka manéhna naon nu bakal kajadian sanggeus manéhna maot?

15 Jalma bodo mah banting tulang téh ngan meunang kacapé, da jalan ka kota gé manéhna mah teu nyahoeun.

16 Cilaka nagri nu rajana budak kénéh jeung nu para pajabatna ti isuk kénéh geus pésta! 17 Bagja nagri nu rajana téh turunan bangsawan jeung nu para pajabatna téh dalaharna puguh dina waktuna. Maranéhna dalahar ngarah boga tanaga, lain jang marabok!

18 Aya jelema anu ku kedul-kedulna nepi ka kaso-kaso hateupna baringkeng, jeung ku sabab leungeunna embung ngoprék, imahna balocor.

19 Dahareun téh matak ngagumbirakeun, cianggur téh matak nyenangkeun hirup, tapi duit nyumponan sagala kabutuh.

20 Ka raja mah ulah nyumpahan,* najan ngan dina pikiran* gé ulah. Terus ka nu beunghar gé ulah nyumpahan, najan susulumputan, bisi manuk* nepikeun omongan* manéh, atawa sasatoan nu jangjangan ngucapkeun deui omongan manéh.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun