PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Pandita 12
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Pandita

      • Kudu éling ka Allah Nu Nyipta saacan kolot (1-8)

      • Nu disimpulkeun ku sang pandita (9-14)

        • Ucapan jalma bijaksana téh lir tongkat pangangon (11)

        • Sing hormat ka Allah nu bener (13)

Pandita 12:2

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”awan-awan”.

  • *

    Atawa bisa jadi ”dibarengan ku”.

Pandita 12:3

Catetan Handap

  • *

    Maksudna, suku jadi lemah.

  • *

    Maksudna, huntu geus teu bisa dipaké.

  • *

    Maksudna, panon.

Pandita 12:5

Catetan Handap

  • *

    As. ”sarta buah kapri bucat”. Ieu téh buah nu ngalantarankeun jalma gembul kana dahar.

Pandita 12:9

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”nyusun”.

Pandita 12:13

Catetan Handap

  • *

    As. ”sieun”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Pandita 12:1-14

Pandita

12 Meungpeung keur ngora, kudu éling ka Allah Nu Agung, Nu Nyipta manéh, saacan manéh ngalaman poé-poé nu nyusahkeun jeung saacan taun-taun éta datang, pas manéh ngomong kieu, ”Meni susah hirup téh.” 2 Geus nepi ka kitu mah panonpoé, bulan, jeung béntang-béntang téh jadi surem, méga-méga* mulang deui sanggeus* hujan ngagebrét, 3 nu jaraga imah ngadarégdég, para lalaki nu karuat jadi barongkok,* para awéwé areureun ngagiling* da kari saeutik, para mojang* ningali ka luar tina jandéla tapi nu katempo téh ngan poék, 4 panto-panto nu nyanghareup ka jalan geus ditutup, sora gilingan beuki lila beuki hawar-hawar, manéh kahudangkeun ku sora manuk nu nyiricit, sarta sora barudak awéwé nu keur kakawihan beuki lila beuki teu kadéngé. 5 Salian ti éta, ka tempat nu laluhur téh asa paur, di jalan sieun aya nanaon, tangkal almond karembangan, simeut nyéréd awakna, sarta dahar gé geus teu napsu.* Da manusa mah ngajugjug ka imah nu bakal dicicingan salilana, bari diceungceurikan ku jalma-jalma di sapanjang jalan. 6 Kudu éling ka Allah saacan tali pérak pegat, mangkok emas remuk, kendi di cinyusu peupeus, jeung roda panimbaan di sumur ancur. 7 Geus kitu, kekebul mulang deui kana taneuh, ka tempat asalna, sarta napas kahirupan mulang deui ka Allah nu bener nu méréna.

8 ”Kabéhanana mubadir!” ceuk sang pandita. ”Kabéh mubadir.”

9 Sang pandita teu ngan saukur jadi jalma bijaksana, tapi manéhna terus ngajarkeun pangartina ka jalma-jalma. Manéhna gé ngalenyepan jeung ngulik loba hal ngarah bisa ngumpulkeun* loba paribasa. 10 Sang pandita néangan kecap-kecap nu matak genah, seug nuliskeun kecap-kecap nu cocog jeung bener.

11 Ucapan jalma bijaksana téh lir tongkat pangangon, kumpulan kekecapanana lir paku nu nanceb pageuh. Éta kabéh asalna ti hiji pangangon. 12 Salian ti éta, anaking, ulah poho kana hal ieu: Jelema téh moal eureun nulis buku, jeung loba teuing ngulik buku mah matak capé.

13 Kasimpulan tina sagala nu geus diucapkeun téh ieu: Sing hormat* ka Allah nu bener jeung jalankeun paréntah-paréntah-Na. Éta téh sakabéh kawajiban manusa. 14 Sagala lampah urang, boh hadé boh goréng, najan nu dilampahkeunana susulumputan, bakal dipariksa ku Allah nu bener.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun