Pandita
5 Jaga kalakuan manéh waktu indit ka imah Allah nu bener. Datang ka dinya téh kuduna rék ngadéngékeun, lainna méré kurban cara jalma bodo, sabab nu bodo mah teu ngarti nu dilampahkeunana téh goréng.
2 Biwir téh ulah gancang ngomong, jeung mun rék ngungkabkeun eusi haté ka Allah nu bener téh ulah teu dipikir heula, sabab Allah nu bener téh aya di sorga, ari manéh mah aya di bumi. Jadi, ulah ngomong nu teu perlu. 3 Mun loba teuing urusan,* bakal loba ngimpi.* Nya kitu deui, mun loba teuing ngomong, beuki loba ogé omongan bodo nu diucapkeun. 4 Lamun boga ikrar ka Allah, geuwat laksanakeun, sabab Anjeunna teu resep ka jalma bodo. Nu matak ari geus ikrar kudu ditedunan. 5 Mending kénéh tong ikrar tibatan geus ikrar tapi teu ditedunan. 6 Biwir téh ulah nepi ka ngalantarankeun manéh jadi dosa, jeung ulah ngomong hareupeun malaikat* yén éta téh salah ucap. Ucap-ucapan manéh téh ulah piambekeun Allah nu bener, bisi engké sagala hasil pagawéan manéh diancurkeun ku Anjeunna. 7 Sakumaha mun loba urusan bakal loba ngimpi,* nya kitu ogé loba ngomong téh matak mubadir. Kudu hormat* ka Allah nu bener.
8 Teu kudu héran lamun di daérah manéh aya pajabat nu teu adil, teu bener, jeung nindes nu miskin. Sing inget, éta pajabat téh diawaskeun ku pajabat nu leuwih luhur. Tapi, duanana gé diawaskeun ku nu kadudukanana leuwih luhur deui.
9 Salian ti éta, hasil tanah téh dibagikeun ka maranéhna kabéh, malah raja ogé gumantung kana hasil panén.
10 Nu mata duiteun* moal pernah puas ku duit.* Nu resep kana kabeungharan moal pernah puas ku panghasilanana. Éta gé mubadir.
11 Beuki loba harta, beuki loba ogé nu méakkeunana. Naon untungna atuh keur nu bogana? Paling gé ngan saukur nempo éta kabéh.
12 Palayan mah, rék dahar saeutik rék dahar loba, angger wéh saréna tibra. Sabalikna, jalma beunghar mah hésé saré, da hariwang mikiran hartana nu loba.
13 Kuring nempo perkara nu kacida pikawatireunana* di dunya: Harta nu dikumpulkeun ku jalma téh kalah ka nyilakakeun manéhna. 14 Hartana béak bersih lantaran usahana gagal. Ku kituna, pas engké manéhna jadi bapa, euweuh nu bisa diwariskeun ka anakna.
15 Jelema kaluar tina beuteung indungna téh bulucun, nya kitu ogé pas manéhna maot. Manéhna moal bisa mawa nanaon tina sagala hasil susah payahna.
16 Ieu gé kacida pikawatireunana:* Jelema mulang sakumaha manéhna datang. Jadi naon untungna susah payah digawé ngudag-ngudag angin? 17 Unggal poé manéhna nguyung baé, susah haté, gering, jeung jéngkél.
18 Jadi, ceuk kuring mah ieu nu alus jeung cocog dilampahkeun: Anu panghadéna keur jalma téh dahar, nginum, jeung ngarasa senang ku lantaran geus ngarasakeun nikmatna digawé di dunya salila hirupna nu singget, nu dibéré ku Allah nu bener. Éta nu jadi ganjaranana.* 19 Salian ti éta, mun hiji jalma ku Allah dibéré kabeungharan jeung harta banda, tur diidinan ngarasakeun nikmatna, alusna mah éta ganjaran* téh ditarima. Manéhna gé kuduna ngarasakeun nikmatna digawé, sabab éta téh kurnia ti Allah. 20 Manéhna moal engeuh* poé ka poéna téh gancang pisan nyérélékna, sabab ku Allah manéhna disina sibuk ku kagumbiraan haténa.