Yérémia
30 Yéhuwa nepikeun firman ka Yérémia, 2 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, ’Sagala nu diucapkeun ku Kuring ka manéh téh tulis dina buku, 3 sabab kieu firman Yéhuwa, ”Bakal datang mangsana Kuring rék ngumpulkeun umat Kuring nu ditawan, nyaéta Israél jeung Yéhuda,” ceuk Yéhuwa. ”Kuring rék mawa balik maranéhna ka nagri nu geus dibikeun ku Kuring ka karuhun maranéhna. Éta nagri bakal jadi milik maranéhna deui.”’”
4 Yéhuwa nepikeun firman-Na ka Israél jeung Yéhuda.
5 Kieu saur Yéhuwa,
”Kadéngé sora jalma-jalma nu geumpeur.
Nu aya téh ngan kasieun, taya katengtreman.
6 Sok tanya, bisa kitu lalaki ngajuru?
Ku naon atuh unggal lalaki nu kuat nyarekelan beuteungna,*
Kawas awéwé nu rék ngajuru baé?
Ku naon beungeut unggal jalma pias?
7 Aduh! Éta téh poé nu pikasieuneun,
Taya babandinganana,
Mangsa kasusahna Yakub.
Tapi, manéhna bakal disalametkeun.”
8 Saur Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ”Dina poé éta, Kuring rék motongkeun kai tanggungan* tina punduk umat Kuring, talina rék dipegatkeun jadi dua. Moal aya deui umat Kuring nu jadi budak beulian keur urang asing. 9 Umat Kuring bakal ngalalayanan Yéhuwa Allah maranéhna sarta Daud raja maranéhna, nu dilantik ku Kuring pikeun ngarajaan maranéhna.”
10 Saur Yéhuwa, ”Ari manéh, Yakub hamba Kuring, ulah sieun.
Ulah gimir, éh Israél,
Sabab Kuring rék nyalametkeun manéh ti tempat nu jauh,
Rék nyalametkeun turunan manéh ti nagri tempat maranéhna ditawan.
Yakub bakal balik tuluy hirup tengtrem, euweuh nu ngaganggu,
Moal sieun ku naon-naon.”
11 ”Sabab Kuring ngaping manéh pikeun nyalametkeun manéh,” saur Yéhuwa.
”Sakabéh bangsa tempat manéh dipabalencarkeun téh ku Kuring rék dimusnakeun,
Ari manéh mah moal.
Sanajan kitu, manéh moal teu dihukum.
Kuring rék ngahukum* manéh ku cara nu sapantesna.”
12 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa,
”Manéh geus ruksak, teu bisa dipulihkeun.
Raheut-raheut manéh teu bisa diubaran.
13 Moal aya nu ngabéla perkara manéh.
Borok-borok manéh teu bisa cageur,
Euweuh nu bisa ngubaran manéh.
14 Sakabéh nu mikacinta manéh geus mopohokeun manéh.
Manéh moal ditéangan deui.
Kuring téh kawas musuh nu neunggeul manéh,
Kawas jalma kejem nu ngahukum manéh,
Lantaran kasalahan manéh téh gedé pisan, dosa manéh téh kacida lobana.
15 Manéh teu kudu jejeritan pédah geus ancur,
Da kanyeri manéh téh moal bisa diubaran!
Kuring ngalampahkeun éta kabéh téh
Lantaran kasalahan manéh gedé pisan sarta dosa manéh kacida lobana.
16 Kabéh nu ngancurkeun manéh bakal diancurkeun.
Kabéh musuh manéh gé bakal diboyong ka pangbuangan.
Kabéh nu ngajarah manéh bakal dijarah.
Kabéh nu ngarampog manéh bakal dirampog.”
17 Saur Yéhuwa, ”Ari manéh mah ku Kuring rék dipulihkeun, tuluy manéh bakal séhat deui. Raheut-raheut manéh rék dicageurkeun,
Sanajan jalma-jalma nu nolak manéh ngaromong kieu,
’Zion téh tempat nu teu ditéangan ku sasaha.’”
18 Ieu nu dicarioskeun ku Yéhuwa,
”Kuring rék ngumpulkeun turunan Yakub nu ditawan.
Kuring bakal karunya jeung mulihkeun tempat matuhna.
Éta kota bakal diwangun deui luhureun pasir,*
Sarta munarana nu dibénténgan bakal ngadeg di tempat nu sakuduna.
19 Maranéhna bakal ngarucap sukur sarta sarurak bungah.
Kuring rék ngajadikeun maranéhna beuki loba, jumlahna moal bakal saeutik.
Maranéhna bakal jadi kacida lobana,*
Moal bakal disapirakeun.
20 Anak-anak Yakub bakal makmur kawas baheula.
Maranéhna bakal jadi bangsa nu kuat hareupeun Kuring.
Nu sok nindes maranéhna bakal dihukum ku Kuring.
21 Ti bangsana bakal aya pirajaeun,
Ti turunanana bakal aya nu jadi pangawasa.
Kuring rék ngondang manéhna, nya tangtu manéhna bakal datang ka Kuring,
Da mun teu diondang mah saha nu wani datang ka Kuring?” saur Yéhuwa.
22 ”Maranéh bakal jadi umat Kuring, sarta Kuring bakal jadi Allah maranéh.”
23 Amarah Yéhuwa nu kawas angin ribut bakal nyamber jalma-jalma jahat.
Amarah Anjeunna nu kawas angin topan bakal ngagelebug kana sirah maranéhna.
24 Amarah Yéhuwa nu ngagedur moal waka eureun
Sapanjang kahoyong-Na acan sadayana laksana jeung kabukti.
Dina ahir mangsa éta, kakara maranéh bakal ngarti kana hal ieu.