Yérémia
5 Jig papay jalan-jalan di Yérusalém,
Ilik-ilik sakurilingeunana.
Mun aya, éta kota bakal dihampura ku Kuring.
2 Saupama maranéhna ngomong, ”Demi Yéhuwa nu hirup!”
Angger wéh sumpahna téh palsu.+
3 Nun Yéhuwa, sanés Gusti téh milarian nu satia?+
Maranéhna ku Gusti dihukum, tapi teu aya pangaruhna ka maranéhna.
Maranéhna ku Gusti ampir dimusnakeun, tapi maranéhna embung narima pépéling.+
4 Tapi abdi mikir, ”Nu karitu téh tangtu nu mariskin jeung barodo.
Kalakuan maranéhna téh bodo lantaran maranéhna teu nyahoeun kahoyong Yéhuwa,
Teu nyahoeun hukum Allah maranéhna.
5 Ku sabab kitu, abdi rék ngadatangan jalma-jalma penting, rék ngomong ka maranéhna.
Piraku maranéhna teu nyahoeun naon kahoyong Yéhuwa,
Teu nyahoeun kana hukum Allah maranéhna.+
Sihoréng maranéhna téh geus motongkeun kai tanggungan*
Jeung megatkeun ranté-ranté maranéhna.”
6 Nya, éta sababna singa ti leuweung ngarontok maranéhna,
Ajag ti gurun keusik ngajejewét maranéhna,
Maung tutul ngadodoho kota-kota maranéhna.
Saha waé nu ka luar ti dinya tangtu disasaak.
Sabab kasalahan maranéhna téh geus numpuk,
Geus sering pisan teu satia.+
7 Nu kieu mah moal mungkin bisa dihampura.
Anak-anak manéh geus naringgalkeun Kuring.
Maranéhna sumpah demi nu lain Allah.+
Kabutuh maranéhna ku Kuring dicukupan,
Tapi angger wéh maranéhna jinah.
Maranéhna ngabring ka imah hiji palacur.
8 Maranéhna téh kawas kuda jalu nu keur birahi.
Unggal jalma ngudag-ngudag pamajikan batur.+
9 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ”Piraku nu kitu teu kudu dihukum?
Piraku bangsa nu kitu teu kudu dibales ku Kuring?”+
10 ”Datangan kebon anggurna tuluy ancur-ancurkeun,
Tapi ulah nepi ka béak bersih.+
Pites-piteskeun sirungna,
Da éta kabéh téh lain milik Kuring, Yéhuwa.
11 Urang Israél jeung urang Yéhuda
Geus bener-bener ngahianat ka Kuring,” ucap Yéhuwa.+
12 ”Maranéhna teu ngadéngékeun Kuring, Yéhuwa, tapi kalah ka teterusan ngomong,
Urang moal katarajang ku musibat.
Urang gé moal nempo perang atawa kalaparan.’+
13 Omongan nabi-nabina téh euweuh eusina.
Firman Kuring teu aya dina haté maranéhna.
Keun maranéhna sina musna cara omonganana!”
14 Ku kituna, ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Allah pangawasa pasukan sorga,
”Lantaran maranéhna ngomong kitu,
Firman Kuring dina biwir manéh* ku Kuring rék dijieun kawas seuneu,+
Ari ieu bangsa kawas suluhna,
Sina kaduruk ku éta seuneu nepi ka béak.”+
15 Yéhuwa ngucap kieu, ”Éh urang Israél, Kuring rék ngadatangkeun hiji bangsa ti nu jauh.+
Éta téh bangsa nu geus aya ti baréto pisan,
Geus aya ti jaman baheula.
Éta téh bangsa nu basana moal kaharti ku maranéh,
Maranéh gé moal paham kana omonganana.+
16 Wadah anak panahna kawas kuburan nu muka.
Maranéhna kabéh téh prajurit.
17 Panéneun jeung dahareun maranéh bakal dibéakkeun ku maranéhna.+
Anak maranéh awéwé lalaki bakal diparaéhan.
Embé, domba, jeung sapi maranéh bakal dipareuncitan.
Tangkal anggur jeung tangkal ara maranéh bakal ludes.
Kota-kota maranéh nu dibénténgan, nu dijadikeun andelan, bakal diancurkeun ku pakarang perang.”
18 Ieu ucapan ti Yéhuwa, ”Sanajan geus kitu gé, maranéh moal diancurkeun nepi ka béak bersih ku Kuring.+ 19 Saupama maranéhna naranya kieu, ’Ku naon atuh Yéhuwa Allah urang téh bet kieu ka urang?’ Jawab ku manéh, ’Sakumaha maranéh geus ninggalkeun Kuring, Allah maranéh, tuluy ngalalayanan allah asing di nagri maranéh, maranéh gé bakal ngalalayanan urang asing di nagri nu lain milik maranéh.’”+
20 Béjakeun ka turunan Yakub,
Sarta umumkeun ieu di Yéhuda,
21 ”Déngékeun, maranéh nu bodo jeung teu boga akal.+
22 Saur Yéhuwa, ’Ku naon maranéh teu hormat* ka Kuring?
Naha teu ngadarégdég hareupeun Kuring?
Kuring téh nu nempatkeun keusik di basisir jadi wates laut.
Éta jadi katangtuan keur salilana, ngarah éta wates teu bisa diliwatan ku laut.
Sanajan diteunggar ku ombak, éta wates teu bisa diliwatan.
Sanajan ombakna ngagulugur, angger wéh teu bisa diliwatan.+
23 Tapi, ieu bangsa téh bedegong jeung sok barontak.
Maranéhna geus nyimpang sarta nuturkeun jalanna sorangan.+
24 Maranéhna teu mikir kieu,
”Urang kuduna hormat* ka Yéhuwa Allah urang.
Anjeunna tos masihan hujan dina usumna,
Hujan usum gugur jeung hujan usum semi.
Anjeunna téh ngajamin pasti aya usum panén keur urang.”+
25 Tapi gara-gara kasalahan maranéh, éta kabéh téh teu katarima.
Gara-gara dosa maranéh, sagala nu hadé teu datang ka maranéh.+
26 Di antara umat Kuring, aya jalma-jalma nu jarahat.
Maranéhna ngadodoho, kawas nu susulumputan rék néwak manuk.
Maranéhna masang jiret, nu keuna pasti paéh.
Nu ditéwakna téh jelema.
27 Kawas kurung pinuh ku manuk,
Imah maranéhna pinuh ku tipu daya.+
Puguh baé jadi baleunghar jeung karawasa.
28 Awakna lalintuh, kulitna gé marulus.
Kajahatanana teu kaitung lobana.
29 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ”Piraku nu kitu teu kudu dihukum?
Piraku bangsa nu kitu teu kudu dibales ku Kuring?
30 Di ieu nagri, geus aya kajadian nu matak ngagebeg jeung ngabirigidig:
31 Nabi-nabi nepikeun ramalan palsu.+
Imam-imam sangeunahna maké kawasana pikeun nindes batur.
Umat Kuring mah resep ka nu karitu téh.+
Tapi cik, maranéh rék kumaha lamun éta kabéh geus nepi ka ahirna?”