PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yérémia 7
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yérémia

      • Omongan bohong ngeunaan bait Yéhuwa (1-11)

      • Bait bakal jadi kawas Syilo (12-15)

      • Ibadah palsu dikutuk (16-34)

        • ”Ratu Sorga” disembah (18)

        • Barudak dikurbankeun di Hinom (31)

Yérémia 7:3

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yér 26:13

Yérémia 7:4

Catetan Handap

  • *

    As. ”Ieu kabéh”. Maksudna, kabéh wangunan di daérah bait.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Mi 3:11

Yérémia 7:5

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yér 21:12; 22:3

Yérémia 7:6

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”budak yatim”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 24:17; Jab 82:3; Za 7:9, 10; Yak 1:27
  • +Pam 8:19

Yérémia 7:8

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yés 30:10; Yér 5:31; 14:14

Yérémia 7:9

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yés 3:14; Mi 2:2
  • +Yér 5:2
  • +Yér 11:13

Yérémia 7:11

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Mat 21:13; Mar 11:17; Luk 19:45, 46

Yérémia 7:12

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yos 18:1
  • +Pam 12:5, 11
  • +1Sam 4:11; Jab 78:60; Yér 26:6, 9

Yérémia 7:13

Catetan Handap

  • *

    As. ”Kuring hudang isuk-isuk jeung ngélingan”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Bab 36:15, 16; Yér 25:3, 4
  • +Yés 65:12

Yérémia 7:14

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Sam 4:10, 11; Jab 78:60; Yér 26:4, 6; Tan 2:7
  • +2Raj 25:8, 9
  • +Yér 7:4

Yérémia 7:15

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Raj 17:22, 23

Yérémia 7:16

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 32:9, 10; Yér 11:14
  • +Yér 15:1

Yérémia 7:18

Catetan Handap

  • *

    Gelaran déwi nu disembah ku urang Israél nu murtad. Bisa jadi déwi kasuburan.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yér 44:17
  • +Yés 57:6; Yér 19:13; Yéh 20:28

Yérémia 7:19

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Dan 9:7

Yérémia 7:20

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Tan 2:3
  • +2Raj 22:17; Yér 17:27

Yérémia 7:21

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yés 1:11; Yér 6:20; Hos 8:13; Am 5:21

Yérémia 7:22

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Sam 15:22; Hos 6:6

Yérémia 7:23

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 19:5; Ima 26:3, 12
  • +Pam 5:29

Yérémia 7:24

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”rancanganana”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 32:8
  • +Hos 4:16; Za 7:12

Yérémia 7:25

Catetan Handap

  • *

    As. ”Unggal poé, Kuring hudang isuk-isuk sarta ngutus maranéhna”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 9:7; 1Sam 8:8
  • +2Raj 17:13; 2Bab 36:15; Néh 9:17, 30; Yér 25:4

Yérémia 7:26

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Bab 33:10; Yér 25:3

Yérémia 7:27

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yér 26:2; Yéh 2:7

Yérémia 7:28

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yér 5:1; Mi 7:2

Yérémia 7:29

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”nu dibaktikeun”.

  • *

    Atawa ”bukit”.

Yérémia 7:30

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Raj 21:1, 4; 2Bab 33:1, 4; Yér 23:11; 32:34

Yérémia 7:31

Catetan Handap

  • *

    Tingali ”Géhéna” dina Daptar Istilah.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yos 15:8, 12
  • +Pam 12:29-31; 2Raj 17:17; 2Bab 28:1, 3; 33:1, 6; Yéh 20:31
  • +Ima 18:21; 20:3; Yér 19:5, 6; 32:35

Yérémia 7:32

Catetan Handap

  • *

    Tingali ”Géhéna” dina Daptar Istilah.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yér 19:11; Yéh 6:4, 5

Yérémia 7:33

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 28:26; Jab 79:2; Yér 16:4

Yérémia 7:34

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yés 24:8; Yér 25:10
  • +Ima 26:33; Yés 1:7; 6:11

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Yér. 7:3Yér 26:13
Yér. 7:4Mi 3:11
Yér. 7:5Yér 21:12; 22:3
Yér. 7:6Pam 24:17; Jab 82:3; Za 7:9, 10; Yak 1:27
Yér. 7:6Pam 8:19
Yér. 7:8Yés 30:10; Yér 5:31; 14:14
Yér. 7:9Yés 3:14; Mi 2:2
Yér. 7:9Yér 5:2
Yér. 7:9Yér 11:13
Yér. 7:11Mat 21:13; Mar 11:17; Luk 19:45, 46
Yér. 7:12Yos 18:1
Yér. 7:12Pam 12:5, 11
Yér. 7:121Sam 4:11; Jab 78:60; Yér 26:6, 9
Yér. 7:132Bab 36:15, 16; Yér 25:3, 4
Yér. 7:13Yés 65:12
Yér. 7:141Sam 4:10, 11; Jab 78:60; Yér 26:4, 6; Tan 2:7
Yér. 7:142Raj 25:8, 9
Yér. 7:14Yér 7:4
Yér. 7:152Raj 17:22, 23
Yér. 7:16Bud 32:9, 10; Yér 11:14
Yér. 7:16Yér 15:1
Yér. 7:18Yér 44:17
Yér. 7:18Yés 57:6; Yér 19:13; Yéh 20:28
Yér. 7:19Dan 9:7
Yér. 7:20Tan 2:3
Yér. 7:202Raj 22:17; Yér 17:27
Yér. 7:21Yés 1:11; Yér 6:20; Hos 8:13; Am 5:21
Yér. 7:221Sam 15:22; Hos 6:6
Yér. 7:23Bud 19:5; Ima 26:3, 12
Yér. 7:23Pam 5:29
Yér. 7:24Bud 32:8
Yér. 7:24Hos 4:16; Za 7:12
Yér. 7:25Pam 9:7; 1Sam 8:8
Yér. 7:252Raj 17:13; 2Bab 36:15; Néh 9:17, 30; Yér 25:4
Yér. 7:262Bab 33:10; Yér 25:3
Yér. 7:27Yér 26:2; Yéh 2:7
Yér. 7:28Yér 5:1; Mi 7:2
Yér. 7:302Raj 21:1, 4; 2Bab 33:1, 4; Yér 23:11; 32:34
Yér. 7:31Yos 15:8, 12
Yér. 7:31Pam 12:29-31; 2Raj 17:17; 2Bab 28:1, 3; 33:1, 6; Yéh 20:31
Yér. 7:31Ima 18:21; 20:3; Yér 19:5, 6; 32:35
Yér. 7:32Yér 19:11; Yéh 6:4, 5
Yér. 7:33Pam 28:26; Jab 79:2; Yér 16:4
Yér. 7:34Yés 24:8; Yér 25:10
Yér. 7:34Ima 26:33; Yés 1:7; 6:11
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yérémia 7:1-34

Yérémia

7 Ieu firman Yéhuwa ka Yérémia, 2 ”Pék nangtung di gerbang imah Yéhuwa tuluy tepikeun ieu pesen, ’Déngékeun firman Yéhuwa, éh maranéh urang Yéhuda nu asup liwat gerbang-gerbang ieu pikeun ibadah ka Yéhuwa. 3 Yéhuwa Allah Israél, pangawasa pasukan sorga, ngucap kieu, ”Robah kalakuan jeung lalampahan maranéh, sangkan ku Kuring diidinan matuh di ieu tanah.+ 4 Ulah percaya kana omongan bohong nu nyebutkeun kieu, ’Ieu* téh bait Yéhuwa, bait Yéhuwa, bait Yéhuwa!’+ 5 Lamun maranéh bener-bener ngarobah kalakuan jeung lalampahan, lamun maranéh adil dina mutus perkara hiji jalma jeung baturna,+ 6 lamun maranéh teu nindes urang asing, budak yatim pahatu,* jeung randa,+ lamun maranéh teu maéhan jalma nu teu salah di ieu tanah, sarta lamun maranéh teu ngabakti ka allah-allah séjén nepi ka nyilakakeun diri sorangan,+ 7 maranéh bakal diidinan maratuh di ieu tanah, tanah nu dibikeun ku Kuring ka karuhun maranéh pikeun salilana.”’”

8 ”Tapi, maranéh kalah ka percaya kana omongan bohong,+ padahal éta téh euweuh mangpaatna jang maranéh. 9 Maranéh téh geus maok,+ maéhan, jinah, ngucapkeun sumpah palsu,+ ngurban ka Baal,+ jeung ngabakti ka allah-allah nu teu dikenal ku maranéh. 10 Sanggeus ngalampahkeun hal-hal nu pikaijideun éta, maranéh kalah ka datang tuluy nangtung hareupeun Kuring di imah nu nyandang ngaran Kuring bari ngomong kieu, ’Urang kabéh bakal disalametkeun.’ 11  Samaruk imah nu nyandang ngaran Kuring téh sayang bégal?+ Kuring geus nyaksian kalakuan maranéh,” saur Yéhuwa.

12 ”’Jig indit ka tempat Kuring di Syilo,+ tempat nu mimiti dipilih ku Kuring pikeun ngamulyakeun ngaran Kuring.+ Tempo, éta tempat geus dikumahakeun ku Kuring lantaran kajahatan Israél umat Kuring.+ 13 Tapi, angger wéh maranéh terus ngalampahkeun hal-hal éta,’ ucap Yéhuwa. ’Sanajan Kuring teterusan ngélingan* gé, ku maranéh teu didéngékeun.+ Kuring ngageroan, ku maranéh teu ditémbalan.+ 14 Ku sabab kitu, naon nu kaalaman ku Syilo+ rék ditibankeun ogé ka imah nu nyandang ngaran Kuring,+ nu diandel ku maranéh,+ sarta ka tempat nu dibikeun ku Kuring ka maranéh jeung karuhun maranéh. 15 Kuring rék nyingkirkeun maranéh ti hareupeun Kuring, sakumaha Kuring nyingkirkeun dulur-dulur maranéh, nyaéta sakabéh turunan Éfraim.’+

16 ”Ari manéh mah Yérémia, ulah ngadoa demi ieu bangsa. Ulah sasambat, ngadoa, atawa méménta ka Kuring demi maranéhna,+ sabab ku Kuring moal didéngékeun.+ 17 Nempo teu kalakuan maranéhna di kota-kota Yéhuda jeung di jalan-jalan Yérusalém? 18 Barudak ngumpulkeun suluh, bapa-bapa ngahurungkeun seuneu, ari awéwé-awéwé nyieun adonan kuéh jang dibaktikeun ka Ratu Sorga.*+ Maranéhna gé ngucurkeun kurban inuman keur allah-allah séjén, maksudna rék nganyenyeri haté Kuring.+ 19 ’Tapi, naha enya Kuring nu dinyenyeri?’ ucap Yéhuwa. ’Lain maranéhna sorangan nu dinyenyeri nepi ka aréraeun téh?’+ 20 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Kuring rék ngabudalkeun amarah Kuring ka ieu tanah,+ ka jelema jeung sato, sarta ka tatangkalan di tegalan jeung hasil bumi. Amarah Kuring bakal ngagedur jeung moal bisa dipareuman.’+

21 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, pangawasa pasukan sorga, ’Sok baktikeun kurban beuleuman maranéh, salian ti kurban-kurban séjénna, tuluy dahar dagingna.+ 22 Dina poéan Kuring mawa karuhun maranéh budal ti Mesir, Kuring teu ngomong atawa méré paréntah ngeunaan kurban beuleuman jeung kurban séjénna.+ 23 Tapi, nu diparéntahkeun ku Kuring téh nyaéta, ”Sing nurut kana omongan Kuring, ku kituna Kuring bakal jadi Allah maranéh, sarta maranéh bakal jadi umat Kuring.+ Maranéh kudu nuturkeun sakabéh jalan nu diparéntahkeun ku Kuring, ngarah maranéh diberkahan ku Kuring.”’+ 24 Sanajan kitu, maranéhna embung ngadéngékeun+ atawa merhatikeun omongan Kuring. Nu aya mah maranéhna kalah ka nuturkeun pikiranana* sorangan. Maranéhna keukeuh ngajalankeun kahayang haténa nu jahat,+ nu matak kalakuan maranéhna téh beuki lila beuki goréng, lain beuki hadé. 25 Ti saprak karuhun maranéh budal ti Mesir nepi ka ayeuna,+ angger wéh kitu. Jadi, Kuring teterusan ngutus hamba-hamba Kuring, nyaéta para nabi, ka maranéh. Kuring teu eureun-eureun ngutus maranéhna unggal poé.*+ 26 Tapi, euweuh saurang-urang acan nu daék ngadéngékeun jeung merhatikeun omongan Kuring.+ Kabéhanana bedegong, kalakuanana leuwih goréng tibatan karuhunna!

27 ”Manéh bakal nepikeun sakabéh omongan ieu ka maranéhna,+ tapi moal bakal didéngé. Manéh bakal ngageroan maranéhna, tapi moal bakal ditémbalan. 28 Manéh bakal ngomong kieu ka maranéhna, ’Ieu téh bangsa nu teu nurut kana ucapan Yéhuwa Allah maranéhna jeung embung narima pépéling. Kasatiaan geus musna, disebut-sebut gé henteu.’+

29 ”Cukur buuk maranéh nu panjang* tuluy piceun, sarta kawihkeun lagu sungkawa di puncak-puncak pasir.* Kudu kitu téh sabab Yéhuwa geus nolak jeung bakal ninggalkeun ieu bangsa nu geus ngahudang amarah Anjeunna. 30 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Urang Yéhuda geus ngalampahkeun nu jahat dina pandangan Kuring. Maranéhna nempatkeun berhala-berhala nu pikageuleuheun di imah nu nyandang ngaran Kuring, pikeun nganajisan éta imah.+ 31 Maranéhna ngadegkeun tempat-tempat pamujaan di Tofét, nyaéta di Lebak Putra Hinom.*+ Di dinya, maranéhna ngaduruk anak-anakna nu lalaki jeung awéwé,+ padahal boro-boro maréntah kitu, kapikir gé henteu ku Kuring mah.’+

32 ”Ieu ucapan Yéhuwa, ’Nu matak, bakal datang mangsana éta tempat moal disebut deui Tofét atawa Lebak Putra Hinom,* tapi disebut Lebak Pameuncitan. Di Tofét, jalma-jalma bakal ngubur nu maot nepi ka teu mahi deui.+ 33 Mayit-mayit téh bakal jadi parab manuk di langit jeung sato galak di bumi, euweuh nu ngagebah-gebah acan.+ 34 Kota-kota Yéhuda jeung jalan-jalan di Yérusalém rék disina jempling ku Kuring. Moal kadéngé deui surak gumbira jeung sora nu suka-suka, kitu ogé sora pangantén lalaki jeung sora pangantén awéwé,+ lantaran ieu tanah bakal jadi ruruntuhan.’”+

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun