Hoséa
3 Tuluy Yéhuwa nyarios ka kuring, ”Pikanyaah deui pamajikan manéh, nu geus jinah+ jeung dipikanyaah ku lalaki séjén, sakumaha Yéhuwa nyaah ka urang Israél+ nu nyembah ka allah-allah séjén+ sarta resep ngabaktikeun kuéh kismis.”*
2 Jadi éta awéwé téh ku kuring dibeuli deui, hargana 15 duit pérak, ditambah barli 330 liter.* 3 Ceuk kuring ka manéhna, ”Manéh bakal jadi milik kuring pikeun waktu nu lila. Manéh teu meunang ngalacur* sarta teu meunang ngalakukeun hubungan séks jeung lalaki séjén. Kuring gé moal ngalakukeun hubungan séks jeung manéh.”
4 Nya kawas kitu kaayaan urang Israél téh. Maranéhna bakal lila pisan teu boga raja,+ pamingpin, kurban, pilar berhala,* éfod,*+ jeung patung-patung berhala.*+ 5 Sanggeus kitu, dina panungtungan mangsa éta, urang Israél bakal baralik deui. Maranéhna bakal néangan Yéhuwa Allah maranéhna+ sarta néangan Daud raja maranéhna.+ Maranéhna bakal baralik deui ka Yéhuwa supaya bisa nampa berkah-berkah ti Anjeunna.+