Imamat
1 Tuluy Yéhuwa nyauran Musa ti jero kémah tepangan* sarta ngomong, 2 ”Béjakeun kieu ka urang Israél, ’Lamun aya nu rék ngurbankeun ingon-ingonna ka Yéhuwa, satona meunang sapi, domba, atawa embé.
3 ”’Lamun aya nu méré sapi pikeun dijadikeun kurban beuleuman, sapina kudu nu jalu jeung séhat. Sing iklas méréna, sarta bawa sapina ka hareupeun Yéhuwa, ka lawang asup kémah tepangan. 4 Manéhna kudu numpangkeun leungeun kana hulu éta sapi nu jadi kurban beuleuman. Mun geus kitu, éta kurban bakal ditarima pikeun ngahampura dosana.
5 ”’Tuluy sapi ngora éta kudu dipeuncit di hareupeun Yéhuwa. Para imam, nyaéta anak-anak lalakina Harun, bakal ngabaktikeun getih éta sato sarta ngéprét-ngéprétkeun getihna kana sakabéh sisi mézbah, nu aya di lawang asup kémah tepangan. 6 Kulit kurban beuleuman kudu disisitan, dagingna kudu dipotongan. 7 Para imam kudu ngahurungkeun seuneu dina mézbah sarta nyusun kai-kai di luhureunana. 8 Sapi beunang motongan téh ku para imam kudu diteundeun luhureun kai nu diduruk dina mézbah, kitu ogé jeung hulu sarta gajihna.* 9 Peujit jeung bitisna kudu dikumbah ku cai. Éta kabéh ku imam kudu dibeuleum dina mézbah supaya haseupna ngebul. Éta téh kurban beuleuman, kurban nu seungitna nyukakeun Yéhuwa.
10 ”’Lamun aya nu méré domba atawa embé pikeun dijadikeun kurban beuleuman, satona kudu nu ngora, jalu, jeung séhat. 11 Éta kudu dipeuncit di kaléreun mézbah, di hareupeun Yéhuwa. Para imam, nyaéta anak-anak lalakina Harun, kudu ngéprét-ngéprétkeun getih éta sato kana sakabéh sisi mézbah. 12 Satona kudu dipotongan, tuluy ku imam kudu diteundeun luhureun kai nu diduruk dina mézbah, kitu ogé jeung hulu sarta gajihna.* 13 Peujit jeung bitisna kudu dikumbah ku cai. Éta kabéh ku imam kudu dibaktikeun tuluy dibeuleum dina mézbah supaya haseupna ngebul. Éta téh kurban beuleuman, kurban nu seungitna nyukakeun Yéhuwa.
14 ”’Tapi lamun aya nu méré manuk pikeun dijadikeun kurban beuleuman keur Yéhuwa, manukna kudu tikukur atawa japati ngora. 15 Éta manuk ku imam kudu dibaktikeun dina mézbah. Raheutan beuheungna, tuluy beuleum dina mézbah supaya haseupna ngebul. Tapi, getihna kudu dikucurkeun kana sisi mézbah. 16 Telih* jeung buluna cabutan tuluy alungkeun ka tempat lebu* di wétaneun mézbah. 17 Beulah manukna di antara dua jangjangna, tapi ulah nepi ka sapat. Éta kudu dibeuleum ku imam luhureun kai nu diduruk dina mézbah supaya haseupna ngebul. Éta téh kurban beuleuman, kurban nu seungitna nyukakeun Yéhuwa.