Imamat
23 Terus Yéhuwa ngomong deui ka Musa, 2 ”Béjaan urang Israél, ’Perayaan-perayaan keur Yéhuwa nu kudu diumumkeun ku maranéh téh nyaéta waktu pikeun maranéh kumpul jeung ibadah. Ieu perayaan-perayaan Kuring téh:
3 ”’Salila genep poé maranéh meunang digawé, tapi dina poé katujuh mah maranéh teu meunang digawé sama sakali. Éta téh sabat, maranéh kudu istirahat jeung kumpul pikeun ibadah. Di mana waé maranéh matuh, éta téh sabat keur Yéhuwa.
4 ”’Ieu perayaan-perayaan keur Yéhuwa, nyaéta waktu pikeun maranéh kumpul jeung ibadah, nu kudu diumumkeun dina poé nu geus ditangtukeun. Ieu perayaan-perayaanana téh: 5 Dina poé ka-14 bulan nu kahiji pas pasosoré,* maranéh kudu ngarayakeun Paskah keur Yéhuwa.
6 ”’Dina poé ka-15 bulan éta, maranéh kudu ngarayakeun Perayaan Roti nu Teu Diragian keur Yéhuwa. Salila tujuh poé, maranéh kudu ngadahar roti nu teu diragian. 7 Dina poé kahiji, maranéh kudu kumpul pikeun ibadah, teu meunang digawé beurat. 8 Tapi salila tujuh poé, maranéh kudu méré kurban nu dibeuleum ka Yéhuwa. Dina poé nu katujuh, maranéh kudu kumpul pikeun ibadah, teu meunang digawé beurat.’”
9 Yéhuwa neruskeun deui omongana-Na, 10 ”Béjakeun ka urang Israél, ’Waktu maranéh ahirna asup ka tanah nu rék dibikeun ku Kuring tuluy ngala hasil panén, sabeungkeut hasil panén nu mimiti kudu dibawa ka imam. 11 Éta ku imam bakal diayun-ayunkeun di hareupeun Yéhuwa, supaya maranéh dipikaresep ku Anjeunna. Diayun-ayunkeunana kudu sapoé sanggeus Sabat. 12 Dina poé hasil panén diayun-ayunkeun, maranéh kudu ngabaktikeun hiji domba jalu ngora pikeun jadi kurban beuleuman keur Yéhuwa. Dombana kudu nu séhat jeung umurna sataun atawa kurang. 13 Salian ti éta, baktikeun ogé 4,4 liter* tipung lemes nu dicampur ku minyak. Éta kudu jadi kurban nu dibeuleum keur Yéhuwa, nu seungitna nyukakeun Anjeunna. Baktikeun ogé cianggur kira-kira saliter* pikeun jadi kurban inuman. 14 Ulah ngadahar roti, sisikian nu dipanggang, atawa sisikian nu anyar, nepi ka poé maranéh mawa kurban keur Allah maranéh. Di mana waé maranéh matuh, éta aturan nu kudu terus dijalankeun ku maranéh jeung turunan maranéh sapapanjangna.
15 ”’Itung tujuh sabat dimimitian ti sapoé sanggeus Sabat, nyaéta poéna maranéh mawa sabeungkeut hasil panén pikeun jadi kurban nu diayun-ayunkeun. Jumlahna kudu pas tujuh minggu. 16 Itung nepi ka poé ka-50, nyaéta sapoé sanggeus Sabat katujuh, tuluy baktikeun kurban kadaharan nu anyar ka Yéhuwa. 17 Bawa dua roti ti imah maranéh pikeun jadi kurban nu diayun-ayunkeun. Rotina kudu dijieun tina 4,4 liter* tipung lemes nu diragian tuluy dipanggang. Éta kudu dibaktikeun ka Yéhuwa tina hasil panén nu mimiti. 18 Salian ti roti-roti éta, baktikeun ogé tujuh anak domba jalu nu séhat nu umurna sataun, hiji sapi jalu ngora, jeung dua domba jalu. Éta kabéh kudu jadi kurban beuleuman keur Yéhuwa bareng jeung kurban kadaharan sarta kurban inuman. Kabéhanana kudu dibeuleum supaya seungitna nyukakeun Yéhuwa. 19 Baktikeun ogé hiji embé ngora pikeun jadi kurban pangampura dosa sarta dua domba jalu nu umurna sataun pikeun jadi kurban karukunan. 20 Imam bakal ngayun-ngayunkeun dua domba jalu bareng jeung roti-roti tina hasil panén nu mimiti di hareupeun Yéhuwa pikeun jadi kurban nu diayun-ayunkeun. Éta kabéh téh suci keur Yéhuwa sarta bakal jadi milik imam. 21 Dina poé éta, maranéh kudu ngumumkeun yén jalma-jalma kudu karumpul pikeun ibadah. Maranéh teu meunang digawé beurat. Di mana waé maranéh matuh, éta aturan nu kudu terus dijalankeun ku maranéh jeung turunan maranéh sapapanjangna.
22 ”’Lamun maranéh ngala hasil panén di lahan sorangan, nu aya di sisi-sisi lahan ulah diala nepi ka béak, naon nu tinggaleun gé ulah diala. Keun wéh antepkeun keur nu mariskin jeung urang asing nu cicing di antara maranéh. Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh.’”
23 Terus Yéhuwa ngomong kieu, 24 ”Béjakeun ka urang Israél, ’Dina poé kahiji bulan katujuh, maranéh kudu istirahat. Dina poé éta, tarompét bakal ditiup pikeun ngingetan maranéh yén maranéh kudu kumpul pikeun ibadah. 25 Maranéh teu meunang digawé beurat. Maranéh kudu ngabaktikeun kurban nu dibeuleum ka Yéhuwa. ’”
26 Tuluy Yéhuwa ngomong deui, 27 ”Poé kasapuluh bulan katujuh téh Poé Pangampura Dosa. Maranéh kudu kumpul pikeun ibadah, ngarendahkeun diri,* jeung ngabaktikeun kurban nu dibeuleum ka Yéhuwa. 28 Dina poé éta, maranéh teu meunang digawé sama sakali, lantaran dina poé éta imam bakal mangméntakeun pangampura keur dosa maranéh di hareupeun Yéhuwa Allah maranéh. 29 Jalma nu teu ngarendahkeun diri* dina poé éta kudu dipaéhan. 30 Kuring bakal ngamusnakeun saha waé nu digawé dina poé éta. 31 Maranéh teu meunang digawé sama sakali. Di mana waé maranéh matuh, éta aturan nu kudu terus dijalankeun ku maranéh jeung turunan maranéh sapapanjangna. 32 Éta téh sabat, maranéh kudu istirahat. Dina poé kasalapan bulan éta pas panonpoé surup, maranéh kudu ngarendahkeun diri. Maranéh kudu ngajalankeun sabat ti panonpoé surup nepi ka panonpoé surup deui.”
33 Terus ceuk Yéhuwa ka Musa, 34 ”Béjaan urang Israél, ’Poé ka-15 bulan katujuh téh Perayaan Saung Daun nu diayakeun salila tujuh poé keur Yéhuwa. 35 Dina poé kahiji, maranéh kudu kumpul pikeun ibadah, teu meunang digawé beurat. 36 Baktikeun kurban nu dibeuleum ka Yéhuwa salila tujuh poé. Dina poé kadalapan, maranéh kudu kumpul pikeun ibadah sarta ngabaktikeun kurban nu dibeuleum ka Yéhuwa. Éta téh acara nu istiméwa. Maranéh teu meunang digawé beurat.
37 ”’Éta perayaan-perayaan keur Yéhuwa nu kudu diumumkeun. Éta téh waktuna maranéh kumpul pikeun ibadah sarta ngabaktikeun kurban nu dibeuleum ka Yéhuwa, nyaéta kurban beuleuman, kurban kadaharan, sarta kurban inuman, sakumaha nu geus ditangtukeun keur unggal poéna. 38 Éta kabéh kudu dibaktikeun ka Yéhuwa salian ti kurban keur Yéhuwa dina poé-poé Sabat, pangbakti-pangbakti, kurban keur nedunan ikrar, sarta kurban sukaréla. 39 Dina poé ka-15 bulan katujuh, sanggeus maranéh ngumpulkeun hasil panén tina lahan maranéh, ayakeun perayaan keur Yéhuwa salila tujuh poé. Poé nu kahiji téh poéna maranéh istirahat, kitu ogé jeung poé nu kadalapan. 40 Dina poé kahiji, maranéh kudu ngala buah-buah nu pangalusna, daun-daun palem, cabang-cabang nu daunna gomplok, jeung cabang-cabang tangkal poplar di lebak.* Sing gumbira di hareupeun Yéhuwa Allah maranéh salila tujuh poé. 41 Unggal taun, maranéh kudu ngarayakeun perayaan keur Yéhuwa dina bulan katujuh salila tujuh poé. Éta aturan nu kudu terus dijalankeun ku maranéh jeung turunan maranéh sapapanjangna. 42 Maranéh kudu cicing di saung-saung salila tujuh poé. Kabéh urang Israél asli kudu cicing di saung-saung, 43 supaya turunan maranéh nyaho basa Kuring mawa urang Israél budal ti Mesir, Kuring nitah maranéhna cicing di saung-saung. Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh.’”
44 Jadi Musa ngabéjaan urang Israél ngeunaan perayaan-perayaan keur Yéhuwa.