Imamat
25 Yéhuwa neruskeun omongana-Na ka Musa di Gunung Sinai, 2 ”Béjaan urang Israél, ’Waktu maranéh ahirna asup ka tanah nu bakal dibikeun ku Kuring, maranéh kudu ngajalankeun hukum Yéhuwa ngeunaan Sabat, éta tanah teu meunang dipelakan. 3 Salila genep taun, maranéh meunang melak binih di lahan maranéh, mangkas kebon anggur maranéh, jeung ngumpulkeun hasil panén. 4 Tapi dina taun katujuh, éta tanah teu meunang dipelakan, lantaran taun éta téh sabat keur Yéhuwa. Maranéh teu meunang melak binih di lahan maranéh atawa mangkas kebon anggur. 5 Lamun aya binih tina sésa panén nu jaradi sorangan, éta teu meunang dipanén. Anggur nu jaradi dina tangkal nu can dipangkas gé teu meunang dipanén. Salila sataun, éta tanah kudu istirahat. 6 Tapi pepelakan nu jaradi sorangan dina éta tanah salila taun sabat meunang didahar ku maranéh, palayan maranéh nu awéwé jeung lalaki, jalma nu buburuh ka maranéh, jeung urang asing nu cicing di antara maranéh. 7 Éta gé meunang didahar ku ingon-ingon jeung sato liar. Sakabéh hasil tanah meunang didahar.
8 ”’Sok itung tujuh taun sabat, nyaéta tujuh kali tujuh taun, jadi jumlahna 49 taun. 9 Geus kitu dina poé kasapuluh bulan katujuh, nyaéta dina Poé Pangampura Dosa, maranéh kudu niup tarompét tanduk sing tarik nepi ka kadéngé ka sakuliah nagri. 10 Taun ka-50 téh suci. Dina taun éta maranéh kudu ngumumkeun kabébasan ka sakabéh penduduk nagri. Éta téh taun Yobél keur maranéh. Maranéh masing-masing kudu balik ka tanah milik maranéh jeung ka kulawarga maranéh. 11 Taun ka-50 téh taun Yobél keur maranéh. Maranéh teu meunang melak binih. Lamun aya binih tina sésa panén nu jaradi sorangan, éta teu meunang dipanén. Anggur nu jaradi dina tangkal nu can dipangkas gé teu meunang dipanén. 12 Éta téh taun Yobél, taun nu suci keur maranéh. Maranéh ngan meunang ngadahar pepelakan nu jaradi sorangan.
13 ”’Dina taun Yobél, maranéh masing-masing kudu balik ka tanah milik maranéh. 14 Lamun maranéh ngajual atawa meuli naon waé, ulah ngalicikan batur. 15 Lamun maranéh meuli tanah ti sasama maranéh, sok itung geus liwat sabaraha taun ti semet taun Yobél. Harga tanahna kudu sabanding jeung jumlah taun nu nyésa nepi ka taun Yobél nu bakal datang. 16 Lamun lila kénéh, hargana meunang ditaékkeun. Tapi lamun sésana ngan sababaraha taun deui, hargana kudu diturunkeun, lantaran nu dijual ku maranéh téh jumlah panén nu bakal dihasilkeun. 17 Ulah ngalicikan sasama maranéh. Maranéh kudu hormat* ka Allah maranéh, sabab Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh. 18 Lamun maranéh nurut kana aturan jeung putusan hukum Kuring, maranéh bakal aman matuh di éta tanah. 19 Tanahna tangtu loba hasilna. Maranéh bakal dahar nepi ka seubeuh jeung bakal aman matuh di éta tanah.
20 ”’Tapi maranéh meureun nanya, ”Lamun urang teu meunang melak atawa manén dina taun katujuh, urang rék dahar naon atuh?” 21 Tong hariwang, Kuring bakal ngaberkahan maranéh dina taun kagenep. Hasil panén dina taun éta bakal cukup keur tilu tauneun. 22 Dina taun kadalapan, kakara maranéh bakal melak binih. Hasil panén taun kagenep bakal cukup keur dahareun maranéh nepi ka taun kasalapan. Maranéh bakal ngadahar hasil panén éta nepi ka engké maranéh panén deui.
23 ”’Tanah teu meunang dijual keur salilana, sabab éta téh milik Kuring. Dina pandangan Kuring mah maranéh téh ngan ukur urang asing nu matuh di éta tanah sarta urang asing nu cicingna ngan saheulaanan. 24 Di sakuliah nagri maranéh, unggal jalma boga hak pikeun nebus tanah milikna nu geus dijual.
25 ”’Lamun dulur maranéh jadi miskin jeung kapaksa kudu ngajual tanah milikna sawaréh, éta tanah kudu ditebus ku baraya deukeutna. 26 Tapi lamun euweuh baraya deukeut nu bisa nebus, tuluy manéhna sorangan jadi beunghar jeung boga duit pikeun nebus, 27 manéhna kudu ngitung sabaraha harga hasil panén ti semet éta tanah dijual. Terus harga jual éta tanah baheula dikurangan ku harga hasil panén. Tah éta nu kudu dibayar ku manéhna pikeun nebus tanahna. Mun geus kitu, kakara manéhna meunang balik deui ka tanahna.
28 ”’Tapi lamun manéhna teu boga duit keur nebus, éta tanah bakal tetep jadi milik nu meulina nepi ka taun Yobél. Dina taun Yobél, kakara tanahna dipulangkeun. Manéhna gé bisa balik deui ka tanah milikna.
29 ”’Lamun aya nu ngajual imah di kota nu dikurilingan ku témbok, manéhna boga hak pikeun nebus imahna dina waktu sataun ti semet éta imah dijual. Hak nebusna téh ngan ukur keur satauneun. 30 Tapi lamun geus sataun teu ditebus, éta imah bakal terus jadi milik nu meulina jeung turunanana. Éta imah gé moal dipulangkeun dina taun Yobél. 31 Tapi lamun imahna aya di kota nu teu dikurilingan ku témbok, éta dianggap bagian tina tegalan. Jadi, nu boga imahna boga hak pikeun nebus iraha waé. Éta imah kudu dipulangkeun dina taun Yobél.
32 ”’Lamun urang Léwi ngajual imah di salah sahiji kota milik maranéhna, maranéhna boga hak pikeun nebus éta imah iraha waé. 33 Lamun di kota-kota éta aya urang Léwi nu ngajual imah tapi teu ditebus, imahna kudu dipulangkeun dina taun Yobél, lantaran sakabéh imah éta téh milik urang Léwi di antara urang Israél. 34 Tapi tegal jukut nu aya di sakuriling kota-kota maranéhna teu meunang dijual, lantaran éta téh milik maranéhna salilana.
35 ”’Lamun di deukeut maranéh aya dulur nu jadi miskin jeung teu bisa nganapkahan diri, tulungan manéhna sakumaha maranéh nulungan urang asing, boh nu matuh boh nu cicingna ngan saheulaanan. Ku kituna, manéhna bisa terus hirup bareng jeung maranéh. 36 Ulah ngaréntenkeun atawa ngarah bati ti manéhna. Ku kituna, dulur maranéh bisa terus hirup bareng jeung maranéh. Maranéh kudu hormat* ka Allah maranéh. 37 Lamun nginjeumkeun duit ka manéhna, ulah maké rénten. Lamun méré dahareun ka manéhna, ulah néang kauntungan. 38 Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh, nu mawa maranéh budal ti Mesir sarta méré tanah Kanaan ka maranéh. Éta bukti Kuring téh Allah maranéh.
39 ”’Lamun dulur nu hirup padeukeut jeung maranéh jadi miskin tuluy kapaksa ngajual dirina, ku maranéh teu meunang digawékeun kawas ka budak beulian séjén. 40 Manéhna kudu dianggap kawas jalma nu buburuh, kawas urang asing nu cicingna ngan saheulaanan. Manéhna kudu digawé keur maranéh nepi ka taun Yobél. 41 Geus kitu, manéhna jeung anak-anakna bakal ninggalkeun maranéh tuluy balik deui ka kulawargana, ka tanah milik karuhunna. 42 Maranéhna teu meunang ngajual diri jadi budak beulian, sabab maranéhna téh palayan Kuring, nu dibawa budal ku Kuring ti Mesir. 43 Ulah kejem ka dulur maranéh. Maranéh kudu hormat* ka Allah maranéh. 44 Lamun maranéh butuh budak beulian, boh lalaki boh awéwé, budak beulianana kudu ti bangsa-bangsa di sakuriling maranéh. Maranéh meunang meuli budak beulian ti maranéhna. 45 Maranéh gé meunang meuli budak beulian ti urang asing nu cicing di antara maranéh. Turunan maranéhna nu dijurukeun di tanah maranéh gé meunang dibeuli. Maranéhna bakal jadi milik maranéh. 46 Budak beulian éta milik maranéh keur saterusna sarta meunang diwariskeun ka anak-anak maranéh. Tapi ka sasama urang Israél mah maranéh teu meunang kejem.
47 ”’Tapi lamun urang asing, boh nu matuh boh nu cicingna ngan saheulaanan, jadi beunghar, ari dulur maranéh jadi miskin jeung kapaksa kudu ngajual dirina ka éta urang asing atawa ka kulawargana urang asing, 48 manéhna boga hak pikeun ditebus iraha waé sanggeus ngajual dirina. Nu meunang nebus téh salah sahiji dulur lalakina, 49 emang atawa uana, atawa anak-anak lalaki maranéhna. Dulur deukeutna, nyaéta salah sahiji kulawargana, meunang nebus manéhna ogé.
”’Atawa lamun manéhna jadi beunghar, manéhna meunang nebus dirina sorangan. 50 Manéhna jeung nu meulina kudu ngitung sabaraha taun ti semet manéhna dijual nepi ka taun Yobél. Harga jual dirina kudu sabanding jeung jumlah taun éta sarta nuturkeun upah keur nu buburuh. 51 Lamun sésa taunna loba kénéh, manéhna kudu mayar leuwih loba keur nebus dirina, sabanding jeung sésa taunna. 52 Tapi lamun sésa taun ka taun Yobél téh kari saeutik, harga nebus dirina leuwih saeutik, sabanding jeung sésa taunna. 53 Salila manéhna gawé keur dununganana, dununganana teu meunang nindes. Manéhna kudu dianggap kawas jalma nu buburuh. 54 Tapi lamun manéhna teu bisa ditebus ku cara-cara éta, manéhna jeung anak-anakna bakal bébas dina taun Yobél.
55 ”’Urang Israél téh palayan Kuring. Maranéhna palayan Kuring, nu dibawa budal ku Kuring ti Mesir. Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh.