Amos
9 Abdi nempo Yéhuwa ngadeg luhureun mézbah. Anjeunna nitah kieu, ”Gebug hulu éta pilar sataker kebek ngarah dasarna oyag. Potong hulu-hulu éta pilar. Jalma nu nyésa ku Kuring rék dipaéhan ku pedang. Jalma nu kabur moal luput, jalma nu rék nyalametkeun diri moal lolos.
2 Lamun maranéhna ngagali taneuh pikeun nyumput di Kuburan*,
Ku Kuring rék dibedol.
Lamun maranéhna ngabecir ka langit,
Ku Kuring rék dibetot.
3 Lamun maranéhna nyumput di puncak Gunung Karmél,
Ku Kuring rék ditéang, rék ditéwak.
Lamun maranéhna nyumput ti hareupeun panon Kuring ka dasar laut,
Kuring rék nitah oray sina macokan.
4 Lamun maranéhna ditawan ku musuh-musuh,
Kuring rék maréntahkeun pedang sina maéhan maranéhna.
Maranéhna rék diawaskeun ku Kuring sina meunang cilaka, lain meunang berkah.
5 Samangsa Gusti Nu Maha Agung, nyaéta Yéhuwa, Allah pangawasa pasukan sorga, noél ieu nagri,*
Ieu nagri bakal eundeur, kawas Walungan Nil nu mudal,
Kawas cai Walungan Nil di Mesir nu motah.
Sakabéh pendudukna bakal sungkawa.
6 ’Anjeunna anu ngadamel tangga ka langit.
Anjeunna anu ngawangun kubah* luhureun bumi.
Anjeunna anu nyaur cai laut,
Tuluy dikucurkeun ka bumi.
Nami Anjeunna téh Yéhuwa.’
7 ’Éh urang Israél, keur Kuring mah maranéh téh teu béda ti urang Kus.
Kuring nu ngabudalkeun Israél ti Mesir,
Sakumaha urang Filistin ti Kréta, jeung Siria ti Kir,’ saur Yéhuwa.
8 ’Panon Kuring, Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, merhatikeun ieu karajaan nu pinuh ku dosa.
Ku Kuring rék dibasmi ti bumi.
Tapi turunan Yakub moal dibasmi kabéhanana,’ saur Yéhuwa.
9 ’Kuring méré paréntah,
Sarta Kuring bakal ngayak Israél di antara sakabéh bangsa.
Kuring bakal ngayak maranéhna kawas jalma nu keur ngayak,
Moal aya hiji-hiji acan karikil anu ragrag kana taneuh.
10 Kabéh umat Kuring anu dosa bakal dipaéhan ku pedang,
Nyaéta maranéhna nu ngaromong, ”Urang mah moal keuna ku musibat.”’
11 ’Dina poé éta, Kuring rék ngawangun deui saung* Daud anu geus rugrug.
Kuring rék ngoméan nu jarebol,
Rék menerkeun deui ruruntuhanana.
Éta rék diwangun deui kawas saacanna,
12 Supaya umat Kuring bisa ngarebut nu nyésa ti Édom
Sarta nalukkeun sakabéh bangsa nu nyandang ngaran Kuring,’ saur Yéhuwa, nu midamel hal éta.
13 ’Bakal datang mangsana,’ saur Yéhuwa,
’Can gé bérés panén, geus kudu ngawuluku.*
Can gé bérés meres anggur, geus kudu nebar binih.
Cianggur amis bakal nyurucud ti gunung-gunung,
Ngalocor ti pasir-pasir.*
14 Kuring rék ngumpulkeun deui Israél umat Kuring nu ditawan.
Maranéhna bakal ngawangun deui kota-kotana nu kalantar tuluy maratuh di dinya.
Maranéhna bakal ngararebon anggur sarta ngarinum cianggurna.
Maranéhna gé bakal nyarieun kebon sarta ngadahar buahna.’
15 ’Maranéhna ku Kuring bakal dipelak di tanah maranéhna,
Tanah paméré Kuring, jeung moal bakal dirabut deui,’
saur Yéhuwa Allah maranéh.”