Mikha
1 Dina jaman Yotam, Ahaz, jeung Hizkia, nyaéta raja-raja Yéhuda, Yéhuwa nepikeun firman-Na ka Mikha* urang Morésyét. Manéhna meunang titingalian ngeunaan Samaria jeung Yérusalém. Ceuk manéhna,
2 ”Hé bangsa-bangsa, déngékeun!
Hé bumi jeung sagala eusina, perhatikeun!
Yéhuwa aya di bait-Na nu suci.
Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, bakal jadi saksi ngalawan maranéh.
3 Tempo! Yéhuwa kaluar ti tempat-Na.
Anjeunna bakal turun sarta nincakan gunung-gunung di bumi.
4 Gunung-gunung bakal lalééh handapeun Anjeunna,
Kawas lilin keuna ku seuneu.
Lebak-lebak bakal bareulah
Kawas cai ngagurujug ti lamping.*
5 Éta kabéh téh lantaran Yakub barontak,
Lantaran dosana turunan Israél.
Ku naon Yakub barontak?
Gara-gara urang Samaria, pan?
Ku naon aya tempat-tempat pamujaan di Yéhuda?
Gara-gara urang Yérusalém, pan?
6 Samaria ku Kuring rék dijadikeun tumpukan barangkal di tegalan,
Rék dijadikeun kebon jang melak anggur.
Barangkalna rék dialung-alungkeun ka lebak.
Pondasina rék dibongkar.
7 Sakabéh patung ukiranana rék diremuk-remukkeun.
Buruh* beunang manéhna ngalacur kabéhanana rék diduruk.
Sakabéh berhalana rék diancurkeun,
Sabab éta kabéh dikumpulkeun tina buruh hasil manéhna ngalacur.
Éta gé bakal jadi buruh keur palacur-palacur séjén.”
8 Ku hal éta, kuring rék ceurik aluk-alukan.
Kuring rék leumpang bari bulucun jeung moal disendal-sendal acan,
Rék gagaukan cara ajag babaung,
Rék aluk-alukan kawas manuk onta.
9 Panyakitna Samaria geus teu bisa dicageurkeun,
Malah geus népa ka Yéhuda.
Éta wabah geus nyebar ka gerbang bangsa kuring, ka Yérusalém.
10 ”Ulah diumumkeun di Gat.
Ulah ceurik saeutik-eutik acan.
Geura gugulingan dina kekebul di Bét-afra.*
11 Hé penduduk Syafir, geura meuntas bari bulucun jeung nandang kaéra.
Penduduk Zaanan can kaluar.
Baheula Bét-ézél jadi panyalindungan maranéh, tapi engké mah ngan sora aluk-alukan nu kadéngé di dinya.
12 Penduduk Marot ngarep-ngarep nu hadé,
Tapi Yéhuwa nurunkeun nu goréng ka gerbang Yérusalém.
13 Hé penduduk Lakhis, pasangkeun kuda kana karéta perang.
Gara-gara maranéh, penduduk Zion marigawé dosa.
Hé penduduk Zion, maranéh gé saruana, barontak kawas urang Israél.
14 Éta sababna maranéh bakal méré hadiah ka Morésyét-gat, sabab rék papisah.
Imah-imah Akhzib teu bisa diandelkeun ku raja-raja Israél.
15 Hé penduduk Marésyah, Kuring bakal ngadatangkeun hiji musuh nu bakal ngajarah.
Kamulyaan Israél bakal nepi ka Adulam.
16 Gundulan sirah maranéh, cukur buuk nepi ka béak,
Demi anak-anak nu dipikanyaah ku maranéh.
Botakan sirah maranéh kawas sirah manuk heulang,
Sabab maranéhna bakal dibawa ka pangbuangan.”