Mikha
7 Cilaka kuring téh!
Kuring kawas jalma nu néangan buah anggur jang didahar,
Kawas jalma nu ngarep-ngarep buah ara nu ngeunah, tapi teu manggih nanaon
Sabab bubuahan usum* panas geus dikumpulkeun
Sarta sésa panén anggur geus diala.
2 Jalma nu satia geus musna ti bumi,
Geus teu aya jalma bener di antara manusa.+
Kabéh jalma ngadago-dago kasempetan pikeun maéhan.+
Saban jalma silih arah jeung dulurna maké pangjiret.*
3 Leungeun maranéhna ahli ngalampahkeun kajahatan.+
Maranéhna kabéh sakongkol.
4 Jalma nu panghadéna ti antara maranéhna kawas cucuk,
Jalma nu pangbenerna leuwih rendah tibatan rungkun cucuk.
Poé nu diomongkeun ku tukang-tukang jaga maranéhna* sarta poéna ngaadilan éta jalma-jalma* bakal datang.+
Ayeuna maranéhna bakal baringungeun.+
5 Tong ngandelkeun babaturan
Atawa percaya ka sobat.+
Ngomong ka batur hirup nu dipikacinta téh kudu ati-ati.
6 Sabab anak lalaki bakal ngahina ka bapana,
Anak awéwé bakal ngalawan ka indungna,+
Minantu awéwé bakal ngalawan ka mitoha awéwéna.+
Nu jadi musuh téh nya kulawarga sorangan.+
7 Tapi, kuring mah bakal terus waspada bari ngadagoan Yéhuwa.+
Kuring bakal sabar ngadagoan Allah nu nyalametkeun kuring.+
Allah kuring bakal ngadangu kuring.+
8 Éh musuh, ulah gumbira nempo kaayaan kuring.
Sanajan kuring tigubrag, kuring bakal hudang deui.
Sanajan kuring aya di nu poék, Yéhuwa bakal jadi caang keur kuring.
9 Kuring geus dosa ka Yéhuwa,
Ku sabab kitu kuring bakal nandangan amarah-Na,+
Nepi ka Anjeunna ngabéla perkara kuring jeung méré kaadilan ka kuring.
Kuring bakal dibawa ku Anjeunna ka tempat nu caang.
Kuring bakal ningali kaadilana-Na.
10 Éta bakal katempo ku musuh, manéhna bakal éra sorangan,
Da manéhna pernah ngomong kieu,
”Mana Yéhuwa Allah manéh téh?”+
Kuring bakal nyaksian sorangan
Manéhna ditincakan kawas leutak di jalan.
11 Hé kota,* bakal datang poéna témbok-témbok batu manéh diwangun deui.
Dina poé éta, wates wilayah manéh bakal ngalegaan.
12 Dina poé éta, jalma-jalma bakal daratang ka manéh.
Maranéhna téh ti Asiria jeung ti kota-kota di Mesir,
Ti Mesir nepi ka Walungan Éfrat,
Ti laut-laut, jeung ti gunung-gunung.+
13 Bumi bakal kalantar ku sabab pendudukna.
Éta téh balukar tina lalampahan maranéhna.
14 Nun Allah, mugia Gusti ngangon umat Gusti, nyaéta ingon-ingon* Gusti, nganggo tongkat Gusti.+
Maranéhna téh cicing sorangan di leuweung, di tengah-tengah kebon buah.
Mugia maranéhna dipasihan tuang di Basyan sareng Giléad+ sapertos kapungkur.
15 ”Kuring bakal némbongkeun hal-hal nu hébat ka maranéh,
Sakumaha nu geus dilampahkeun ku Kuring basa maranéh budal ti Mesir.+
16 Bangsa-bangsa bakal naringali éta sarta aréraeun, sanajan maranéhna téh kuat.+
Maranéhna bakal nutupan biwirna ku leungeun.
Ceuli maranéhna bakal jadi torék.
17 Kawas oray, maranéhna bakal ngalétakan kekebul.+
Kawas sasatoan nu ngarayap di bumi, maranéhna bakal kalaluar ti tempat panyalindunganana bari ngadégdég.
Maranéhna bakal datang ka Allah Yéhuwa bari gumeter.
Maranéhna bakal sarieuneun ku Anjeunna.”+
18 Saha Allah nu sapertos Gusti,
Nu ngahampura kasalahan sareng palanggaran+ ti umat-Na nu harirup kénéh?+
19 Anjeunna bakal mikawelas deui ka urang.+ Anjeunna bakal nalukkeun* dosa-dosa urang.
Gusti bakal ngalungkeun sadaya dosa maranéhna ka laut nu jero.+